Ku: Gita Trisnawati
Isuk-isuk caang ngahiang,
Cahaya panonpoé nembus ka cai,
Nyawang alam nu pinuh ku kaasih,
Ngagugah ati nu hayang anteng.
Di sawah, dapuran pare mayeng ngagupayan ,
Ngahiap angin seger nu datang,
Ngalayang pikiran ka jauh nu lirih,
Ka bumi nu sarerea hayang.
Naga dua ngising di gunung luhur,
Sawala carita ti alam nu pangasih,
Nuturkeun lakon hirup tur luluhur,
Ngajaga alam, ngarawat baranang
Panineungan nu bersih.
Hirup hurip kumalayang kumelendang
Kuring, anjeun, tur alam nyumponan,
Leumpang mapay-mapay galengan
Nyucruk kahirupan nu taya tungtungna.
*Gita Trisnawati, mikaresep seni budaya Sunda, mahasiswa Prodi Bimbingan Konseling Islam (BKI) Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Ku: Gita Trisnawat
*Gita Trisnawati, mikaresep seni budaya Sunda, mahasiswa Prodi Bimbingan Konseling Islam (BKI) Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments