SundaNews (12/12/2024). Summarecon Mall Bandung nu perenahna di wewengkon Gedebage nu kakara diresmikeun dibuka sabaraha bulan katukang, kiwari jadi pada ngajugjug jadi obyek wisata anyar utamana pikeun warga Bandung Wetan jeung sabudeureunana. Sabab di mall ieu disadiakeun sagala kabutuhan warga kota, di antarana ornamen camparenik, puluhan korsi pikeun nyantai, balong lauk hias warna-warni, sarta taman nu hejo ngempoh asri estuning matak pikabetaheun singsaha wae nu ngalanto kadieu saperti nu kasakseni ku SundaNews Rebo (5/12/2024). (SundaNews/Muhammad Parhan Fadilla)
Comments