SundaNews (29/12/2024). Wewengkon sabudeureun Situ Buleud Kabupaten Purwakarta, Jawa Barat kiwari jadi tempat pavorit warga pikeun piknik jeung anggota kulawarga. Sabab pamarentah daerah satempat geus nyadiakeun rupa-rupa fasilitas nu rapih, bersih, tur dipikahayang ku warga. Kagiatan ieu jadi wujud rekreasi pikeun warga nu sipatna murah tur tumaniah sarta pinuh mangpaat. Dina poe bebas kendaraan (CFD) saperti nu katembong dina poe Saptu 14 Desember 2024, Situ Buleud pada ngajugjug. Lokasiana matak pikabetaheun komo pikeun kaum rumaja mah. (Foto: SundaNews/Frisca Fauziah Lestari).
Comments