Ku: Ridhazia
LAMUN tacan kungsi ulin ka Bali, hayu waé sakahayangna wisata ka Garut. Jarakna ogé teu pati jauh. Ti Bandung sakitar 60 kilométer atawa kira-kira 90 menit lalampahan ku mobil.
Gapura Ala Bali
Kaéndahan alam di Garut saperti gunung, situ, jeung basisir. Kabéhna ampir sarua jeung nu aya di Pulo Dewata.
Loba pisan pojok anu instagramable, utamana gapura tradisional—wangunna siga wangunan candi anu beulah dua sacara simétris—kalayan latar pagunungan héjo katutup halimun anu jadi ikon di Bedugul, Bali. Sarupaanna ogé bisa kapanggih di Garut.
Salian ti éta, aya sababaraha kafe anu didésain éstétis jeung unik, mirip kafe-kafe di Bali. Tempat hiburan nu méré rasa santai ieu jadi spot wajib pikeun nu mikaresep kopi arabika asli anu dipelak ku patani lokal di perkebunan Garut Kidul.
Tanah Lot Garut
Gunung Papandayan jeung Cikuray mindeng disaruakeun jeung pintonan vulkanik sarta jalur trekking anu sarua kénéh rasana jeung sababaraha gunung di Bali.
Garut ogé sok disebut mirip Bali lantaran boga keusik bodas, karang-karang anu unik, jeung suasana éksotis. Salah sahijina nyaéta pantai anu dijulukan “Tanah Lot” vérsi Garut, nyaéta Pantai Karang Paranje.
Pantai ieu miboga tebing karang gedé di sisi basisir, sanajan teu aya pura saperti aslina. Nampilkeun pintonan dramatis kalayan keusik ngagurilap jeung ombak anu gedé.
Zamrud
Pantai Taman Manalusu di Cikelet, Garut, dijulukan “Zamrud ti Kidul” lantaran kaéndahan alami cai lautna anu hérang jeung bentangan batu karang héjo.
Pantai ieu matak pikabitaeun sabab nyiptakeun kontras anu éndah jeung keusik bodasna, sarta jadi pasanggrahan alami anu tengtrem kalayan kabeungharan biota laut.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments