Kolom Sosial Politik

Piala Dunya Haratis Ti Presiden

0

 

Ku: Ridhazia

PRESIDEN Prabowo Subianto geus ngagratiskan siaran sakabéh pertandingan Piala Dunya FIFA 2026 pikeun sakumna rahayat Indonésia.

Kawijakan ieu disambut ku sumanget jeung antusiasme masarakat. Komo deui ngaliwatan panunjukan TVRI anu bakal nyiarkeun 104 pertandingan sacara free-to-air (FTA), sahingga teu merlukeun waragad langganan.

Obat  Bius

Léngkah Présidén ieu bisa waé ngareureuhkeun katégangan dina dunya pulitik. Kitu deui bisa nurunkeun eskalasi pulitik anu sawatara waktu ka tukang lumangsung di Tanah Air.

Hal ieu ngingetkeun kana sajarah yén maén bal sok disebut minangka candu rahayat (opium of the people), atawa alat pangalih perhatian anu remen dimangpaatkeun ku rézim pikeun jadi “obat bius” dina ngalihkeun perhatian tina isu-isu pulitik.

Ngeureunkeun Perang

Malah sacara sajarah, momen olahraga maén bal dunya kungsi mampuh ngeureunkeun konflik pakarang dina Perang Dunya I.

Dua nagara anu harita keur pasalia paham, nyaéta Inggris  jeung Jerman, sarua nunda pakarang tuluy maén bal babarengan di wewengkon lumpur No Man’s Land dina mangsa Natal.

Kitu deui nalika Perang Sipil Nigeria.  Peperangan sempet dieureunkeun salila 48 jam ku Omar Bongo sangkan rahayatna bisa nyaksian pertandingan éksibisi béntang legendaris Pelé babarengan jeung klub Santos FC. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.