Ku: Ridhazia
DUTA Besar Iran pikeun Indonesia, Mohammad Boroujdi, ngaku yén nagarana kiwari keur nyanghareupan dua rupa perang sakaligus, nyaéta perang militér jeung perang narasi ngalawan musuh bubuyatanana, Amerika Serikat jeung Israel.
Perang Hibrida
Dina literatur studi militér, gabungan antara perang narasi jeung perang militér disebut minangka rupa anyar konflik global dina jaman digital anu populér disebut hybrid warfare (perang hibrida).
Sacara basajan, perang hibrida téh perang campuran. Ieu mangrupa pergeseran pola konflik global dina era digital, nalika nagara-nagara anu papaséa ngagunakeun instrumén pakarang kontemporer bari sakaligus ngalaksanakeun serangan narasi (cognitive warfare).
Nguntungkeun Nagara Modéren
Sacara téoritis, perang hibrida ngan bisa dimeunangkeun ku nagara anu miboga pakarang téknologi luhur.
Pesawat canggih anu teu kadéteksi radar, drone tempur, robot otonom, rudal pinter, jeung rupa-rupa alat tempur séjén anu miboga presisi luhur. Ditambah deui kapal induk anu sanggup ngangkut rébuan prajurit terlatih, sarimbag kakuatan hiji nagara.
Filter Bubbles
Sedengkeun serangan narasi dipaké pikeun ngamanipulasi opini publik ku nempatkeun tarung gagasan, persepsi, jeung informasi pikeun nyiptakeun instabilitas sosial.
Intina, nyieun “filter bubbles” anu ngarahkeun paningal publik kana narasi tangtu sangkan timbul bias konfirmasi, bari sakaligus ngawatesan sudut pandang kana pamadegan anu béda.
Perang narasi ogé dipaké pikeun ngalégitimasi hiji tindakan, ngajoragkeun reputasi lawan, ku mangaruhan pikiran, émosi, jeung kalakuan publik, ngaleuwihan data atawa fakta mentah.
Diasumsikeun yén narasi anu kuat dina hiji konflik miboga daya pangaruh anu gedé pikeun ngabentuk persepsi publik jeung ngawangun kapercayaan.
Ulah Gampang Percaya
Pondokna, perang modéren kiwari beuki hésé dipercaya bebeneranana. Utamana lamun informasi ngan mucunghul sakedapan tanpa konfirmasi, klarifikasi, jeung validasi data.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments