Ku: Ridhazia
KATINGALNA kawilang kaleuleuwihi. Sabab anu ditepikeun téh lain sakumaha kajadian sabenerna. Sarua jeung kritik tapi ngandung olok-olokan. Ironis jeung satir.
Éta téh ciri hasna parodi. Ceuk batur mah pikeun ngadidik pikiran. Malah disebut ogé parodi téh ngan ukur pikeun saha waé anu maké akal jeung jalma nu geus diajar.
Numutkeun watesan Oxford English Dictionary, parodi téh henteu leuwih ti tiruan anu “dirobah” ku cara husus pikeun ngahasilkeun pangaruh lucu jeung nentang. Tanpa loba gaya atawa pamaksaan.
Sakur cukupna waé. Nu penting nu maca atawa nu ningalna bisa seuri leutik atawa nepi ka seuri ngageber. Sapertos carita ngeunaan nu ngarokok di sakola anu dimanja ku gubernurna.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis dan kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments