Ku: Yudi Rahmat
SundaNews (30/3/2025). Tilu bubutuh dasar manusa anu kudu dicumponan, sipatna wajib teu bisa ditunda-tunda. Kahiji, pangan atawa kadaharan (jeung nginumna tangtu). Kadua, sandang atawa papakéan. Katilu, papan atawa panganjrekan. Disebutna kabutuh primér (utama). Kudu dicumponan sacara urutan, teu bisa ditutukeur.
Kadaharan teu bisa ditawar-tawar pikeun dicumponan. Kasarna sanajan teu maké pakéan jeung teu boga panganjrekan, manusa bisa kénéh hirup. Carana diusahakeun néangan bahan kadaharan anu aya di sabudeureun panganjrekanana. Bisa di leuweung, walungan, laut, sawah, atawa di buruan jeung kebon tukangeun imah. Akibatna wanda bahan asakanna jadi rupa-rupa, béda-béda cara ngolahna.
Aya sabaraha bahan kulinér ékstrim anu katitén. Diundeur di sabudeureun panganjrekan, rada béda tina bahan kuliner anu ilahar. Istuning lain bahan kulinér anu dibudi-dayakeun, langsung meunang ngumpulkeun ti alam.
Sipatna nu ékstrim ngajadikeun teu sakabéh jalma beuki jeung wani ngadaharna. Ukur nu meunang “warisan” selera baheula anu mertahankeun nepi ka ayeuna. Urang tataan sababaraha di antarana.
Golongan ordo (bangsa)
Arthropoda, sato awakna ngabuku-buku. Di antarana keuyeup sawah, émpéd (keuyeup cai payau), anggay-anggay, angkeb-angkeb, atawa kumang. Seungseureudan (insékta) nu sok didahar téh contona sakabéh jenis simeut. Ti mimiti simeut kalapa, doglo, jati, kuncung, jeung simeut taneuh. Golongan rinyuh (rhodentisida) nu popilér nyaéta anai-anai atawa siraru, nu saényana mah rinyuh jalu. Terus deui ratu rinyuh atawa gateum (gateuw). Larva tawon atawa kamanting ogé ngeunah dipais.
Dina bangsa bangbung aya kini-kini, kungkuangan, jeung himi-himi. Tiluanna bangbung anu hirupna di cai. Biasana dipaké minangka gaganti tarasi. Carana dibeuleum nepi ka ampir tutung, terus diludek dicampurkeun jeung pisambeleun.
Golongan Myriaphoda, insékta nu hirup di taneuh, gaang jeung jangkrik bisa jadi kadaharan. Jangkrik anu dimaksud nyaéta jangkrik sawah jeung kaliong, anu gedéna sedeng. Jangkrik entit (leutik) jeung kasir mah (nu hirupna ngaliang jero taneuh) diiwalkeun.Jangkrik sawah jeung gaang ngalana dina handapeun taneuh singkalan wuluku. Ana dibalikkeun kantun ngarawuan diasupkeun kana wadah botol atawa kempis.
Sasatoan sukuna opat
Nu dimaksud sato suku opat anu jarah (liar) kénéh. Biasana didahar dagingna atawa haténa lantaran keur tamba atawa ubar. Sanajan kadieunakeun aya nu ngajadikeun kadaharan kabeuki. Di antarana bajing, careuh, ganggarangan, lalay, kalong, buaya, jeung bayawak. Bajing, careuh, ganggarangan, lalay, jeung kalong salian “ngeunah” dagingna dipercaya ampuh keur ngubaran mengi (asma). Atuh buaya jeung bayawak dipercaya bisa nyageurkeun panyakit kulit, budug (scabies) jeung éksim. Nu kawilang pangékstrimna nyaéta daging ucing didahar keur ngubaran kasakit lilinieun (parkinson).
Kerang-kerangan
Aya tilu rupa kerang-kerangan anu sok dijadikeun bahan kulinér. Kerang cai asin jeung payau. Contona kerang getih, kerang héjo, jeung taritip. Terus deui kerang cai tiis (tawar) nyaéta kijing jeung remis. Dua jenis ieu kaasup kana marga bivalvia. Sagolongan deui kaasup kana golongan kerang-kerangan molusca ghastrophoda. Nyaéta kéong sawah hideung, tutut, kéong emas, jeung bakicot (ténggék). Digolongkeun kana ghastrophoda darat.
Tutuwuhan
Disebut ékstrim ku sabab diala langsung ti alam. Lain karana ngahana dibudidayakeun, dimangfaatkeun minangka hasil sampingan tina tujuan utamana. Di antarana, humut, iwung, papagan, ares, bodogol, jeung rupaning sisikian. Humut téh bagéan tangkal kalapa pangluhurna, minangka titik tumuwuhna daun, jeung manggar kalapa. Rasana hipu jeung amis gareunyi. Iwung nyaéta tangkal awi anu karak modonghol kaluar ti taneuh. Ari ares jeung bodogol cau mah biasana dipaké nyampuran sangu oyék jaman baheula. Papagan nyaéta kulit kayu keur nambahan gegetik. Papagan nu diundeur nyaéta papagan jambu batu jeung kadongdong.
Sisikian nu dimaksud nyaéta siki asem, jambu médé, randu, jeung albasiah. Siki asem disanggray nepi ka kulitna tutung. Rasana seungit jeung gurih, ngan teuas alahbatan batu. Sangkan bisa didahar kudu dikeueum dina cai uyah sakira dua jam, bakal empuk jeung ngeunah. Siki albasiah diundeur tina buahna nu geus murag, laju digeprékan dipupul sikina. Langsung disanggray nepi ka pating peleték. Rasana ngepros siga kacang héjo. Anu kudu rada ati-ati siki randu jeung siki jambu médé. Siki randu meunang nyangray salian ti rasana pelem, kulit sikina ngandung minyak. Keur anu teu biasa upama ngadahar bakal karasa seueul nepi ka ongkékna. Kitu deui siki jambu médé, kulit sikina ngandung minyak anu sifatna iritatif (matak lédéh kulit). Pikeun amanna, siki jambu médé dibeuleum nepi ka tutung pisan sangkan minyak tina kulitna béak ku seuneu. Kakara sikina dibeulah ku péso, bagéan tengahna nu bodas rasana pelem jeung seungit.
Nu teu ilahar deui nyaéta siki katapang. Teu kudu diasakan atawa dibeuleum, cukup digeprék terus siki bagéan tengahna didahar. Pelem asa kacang suuk.
Susupaan
Tina kulawarga fungidae, susupaan. Nu dimaksud nyaéta nu tumuwuh liar. Hirupna tina sarasah pasésaan tutuwuhan séjén. Di antarana supa sapu atawa supa jarami, supa ceuli, supa ibun, supa tangkil, supa kalapa jeung supa suung. Supa sapu jadi dina jarami buruk. Supa ceuli jadi dina catang kayu. Supa ibun jadi dina galengan sawah. Supa tangkil jadi di sabudeureun tangkal tangkil. Supa kalapa nu dimaksud lain supa lumar sanajan sarua jadi dina tangkal kalapa. Supa lumar biasana jadi dina tunggul kalapa nu masih nangtung, lain dina catang anu ngagolér. Katempo hurung dina kaayaan poék, sabab ngandung posfor. Jeung matak weureu amun didahar.
Nu rada istiméwa supa suung. Jadi mucunghul ti jero taneuh dina usum hujan. Rupana siga payung, pelem jeung gurih. Suung ukur jadi dina taneuh baseuh anu sahandapeunana aya sayang rinyuhan. Jaman kiwari, supa-supa arahéng jul-jol ti nagri deungeun. Meunang budidaya sarta hargana mahal. Diimplik-implikan ku promosi rupa-rupa kahébatan. Bisa nambahan gairah lah, ngubaran panyakit lah, jeung rupa-rupa promosi séjénna. Asana supa lokal urang ogé moal éléh atuh. Asal ulah éléh dina budidayana jeung promosina.
Golongan vermes
Nyatana golongan cacing. Nu kawentar cacing sondari. Hirupna di sarasah baseuh walungan atawa rawa-rawa. Kaasup cacing gedé. Diameter awakna ampir sagedé cinggir jalma déwasa panjangna bisa 60 cm. Ciri lianna bisa kasada siga piriwit. Ku sabab kitu ngaran ilmiahna metaphire musica.
Dipercaya bisa nambaan rupa-rupa kasakit. Kayaning muriang nirisan balukar tipes. Khasiat séjénna bisa ngaleuleuskeun pita sora, mantak halimpu dédéngéeun. Ku sabab éta jadi menu wajib keur para praktisi olah swara. Kayaning dalang, juru pantun, juru kawih, alok, atau master of ceremony (MC).
Jaman kiwari mah, sigana bahan kulinér ékstrim kieu geus nyaeutikan konsuménna. Bahan olahan beuki modérn jeung dihasilkeun tina budidaya téhnolohi pertanian. Pedaran ieu saukur mugia jadi pangaweruh keur urang. Leuwih hadé deui lamun dijadikeun panginditan urang dina mekarkeun kabeungharan kulinér bangsa urang. Cag. (Karawang, congo Oktober 2024)*
* Yudi Rahmat, panien pasualan seni budaya, sastra jeung tradisi kasundaan, dumuk di Kabupaten Karawang, Jawa Barat.






































Comments