Budaya

Panineungan Puasa: Sawidak Taun Ka Tukang

0
Salah sahiji pamandangan di padesaan Jawa Barat (Foto: SundaNews/Youtube/Garut Turunan Kidul)

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (20/2/2026). Poho deui alesan persisna, naon sabab dina jaman keur budak sok ngarep-ngarep datangna bulan puasa. Padahal saenyana mah apan jadi ripuh, da teu meunang capék rahém ti beurang. Awak lungsé bari beuteung kukurubukan, mangkaning ceuk aturan mangsana buka téh bareng cundukna magrib.

Naha ngarep-ngarep cundukna saum téh sabab nuturkeun kabiasaan batur, atawa pédah dina nutupkeunana terus disambung ku lebaran, atawa ari bulan puasa téh bulan nu pinuh ku barokah, jeung rupa-rupa pertanyaan lianna. Ngan nu sidik, bulan puasa téh didagoan cundukna, teu kawas rék datangna bulan-bulan nu lian.

Jigana mémang kitu umumna budak dina jaman harita mah, sawidak taun ka tukang, teu anu mangkuk di kampung teu nu matuh di dayeuh—sarua waé. Bulan puasa téh dianggap bulan anu pinuh ku kabungah, atuh dina piisukaneun datangna gé sok dipapag ku anu disebut munggah.

Nu ka pasar tambah ramé, warung gé jadi leuwih payu. Di masjid jeung di masigit, ilaharna ramé ku anu ngadulag: dulag munggah. Teu awéwé teu lalaki, dina poé harita mah bangun saréréa ngudukeun kana kuramas, diangir-beberesih—da apan rék mapag bulan suci. Sok rajeun aya nu kikiriman ogé, bangsaning sangu jeung deungeunna sapuratina, ngan teu saramé ari rék lebaran.

Ari barudak, ngabagéakeun puasa téh, ah resep waé nurutan batur, bari tacan ngarti kana nu disebut enas-enasna ibadah saum mah. Nu jelas: urang ulah dahar-inum ti beurang, sabab matak ngabatalkeun kana puasa. Tapi, naha sok aya barudak nu maling-maling, nginum saregot, dua regot? Nya aya waé, malah loba kétang. Teu dahar-inum sotéh hareupeun indung-bapa atawa anggota kulawarga lianna, da ari geus teu kuat ku halabhab atawa lapar mah, biasana sok ngadon nyumput ka goah, atawa ka tempat lianna anu nyingkur.

Jaman keur budak mah, asa loba da nu dianggap matak batal kana puasa téh. Teu ngan ukur dahar jeung nginum wungkul. Ngorong ogé apan cenah matak batal, padahal itung-itung ngabuburit. Matak resep apan mun korong geus beunang téh. Ngagéré ceuli ge teu meunang, upamana ku bulu hayam. Kitu deui hitut dina cai, sarua deuih dianggap ngabatalkeun puasa. Pokona, mun embung batal, urang téh kudu ati-ati.

Baréto, dina geus nincak bulan puasa téh sakola diperékeun sabulan campleng. Anu matak, asa seubeuh ulin, da teu kudu ka sakola. Keun ari teu kudu ngapalkeun mah, da biasana gé tara.

Ulin dina bulan puasa aya anu disebut ngabuburit, anu maksudna mah ulin pasosoré sabot ngadagoan datangna buka. Nya henteu dijamin yén sakur nu ngabuburit téh keur puasa, da sok aya waé anu ukur milu ramé gé. Ngan nu sidik, mun pasosoré hadé poéna, di tempat pangulinan téh pinuh ku barudak.

Saalah sahiji tempat di Kota Tasik jaman harita anu remen jadi pangjujugan barudak nyaéta Taman Resik. Tah, dina keur usum ngabuburit mah barudak anu daratang ka dinya téh kaasup ti nu rada jauh deuih, nalikreuh. Kitu waé ari arulinna mah ukur gogoléran dina jukut, ngadon ngadu karét, atawa bari meuli lotré endog asin nu boga duit mah.

Setasion gé kaasup tempat anu sok didongdon ku barudak. Resep ngabuburit di dinya mah, apan bisa milu numpak karéta nu keur langsir. Anggap wé urang téh keur nyaba jauh, najan karéta majuna ukur raratusan méter gé. Mun teu milu langsir, biasana mah sok ngagéléngkeun paku. Paku diteundeun luhureun erél, terus engkéna kagiles ku gilinding karéta, nya jadi deplé. Minangkana mah éta téh pikeun nyieun pépésoan. Ngan ngagéléngkeun paku mah dianggap matak cilaka. Anu matak mun kapanggih ku patugas setasion sok terus dibuburak.

Mun barudak sok ngarasa bungah dina rék datang bulan puasa, tapi séjén deui ari kolot mah. Nu sok mindeng kapireng téh, “Abong rék bulan puasa, hahargaan geus naraék.” Maksudna mah harga sembako, utamana béas jeung deungeun sangu katut bahan keur nyieun amis-amisna. Padahal nu disebut deungeun sangu téh umumna mah ukur lauk asin, tahu-témpé, atawa lalab rumbah. Da asa jajauheun ari bangsaning dugang-daging mah, sabab anu kabedag meulina ukur sawatara urang waé. Ari balaréa mah, apan umumna sangu gé sok direumbeuy. Maksudna anu disangu téh lain béas wungkul, tapi dicampuran jagong atawa sampeu, ngarah rekah.

Minyak tanah gé hésé deuih. Meulina kudu ngantay bari mawa kupon nu dibagikeun ku RT (sok disebut kumico, istilah pamaréntahan jaman pendudukan Jepang). Saban umpi dijatah, asana dina saminggu téh teu leuwih ti dua liter.

nget kénéh, tempat ngantri minyak tanah téh disebutna PNI. Teuing éta jatah minyak tanah téh dibagikeun atawa asalna ti partéy, teuing pédah tempat ngabagikeunana di sekretariat partéy, atawa boa di imah pangurus partéy. Apan ari PNI téh Partai Nasional Indonesia.

Enya, jaman harita téa kahirupan rahayat keur sarwa susah. Padahal ari ceuk dina lagu anu harita keur ngetop mah, “Siapa bilang rakyat kita lapar, Indonesia banyak makanan, jréng-jréng …. Mari kita bergembira ….”

Lagu jaman Ordeu Lama, jaman dipresidénan kénéh ku Bung Karno, jaman ramé ngaganyang Malaysia jeung nékolim. Tapina, najan hirup keur sarwa susah, ari pawéy mah asa mindeng da. Nya ari keur barudak mah dianggap hiburan waé, bari ngabébénjokeun beuteung nu tingkurubuk.

**

Asup ka bulan puasa dina taun 1965, karasa aya suasana anu béda. Ari sababna, dina tanggal 30 Séptémberna aya riweuh-riweuh di Jakarta, anu cenah aya sawatara jénderal dipaténi. Ari ka barudak papantaran kuring umur sapuluh taunan mah éta kajadian téh ukur hawar-hawar waé. Pokona mah kaayaan jadi genting. Anu pangheulana napel dina ingetan téh kecap “lobang buaya”. Cenah di dinya para jénderal dipergasana téh. Kacipta, liang gurawah anu loba buhayaan, garalak deuih.

Pokona mah kaayaan sapopoé jadi harénghéng. Najan ku pantar budak gé karasa suasana kawas kitu téh. Éta waé, jadi aya jam malem. Kaluar atawa udar-ider ti peuting diwatesanan waktuna. Loba tentara ngayakeun patroli bari pakarangna samakta.

Lumangsungna ririweuhan 30 Séptember téh kurang leuwih pidua-bulaneun deui ka Romadon. Anu matak, mapag bulan puasa dina taun harita mah ceuk kuring gé asa jadi béda. Keun ari lebah ngajaulna hahargaan leuwih ti misti mah, da apan keur usum harénghéng téa. Tapi éta deuih nu matak hareneg mah, dipahing nyeungeut bedil lodong, kaasup merecon jeung kembang api. Ari alesan anu tepi ka barudak mah, pangna teu meunang nyadakeun bedil lodong téh, cenah bisi saru jeung sora bedil. Da enya atuh, harita mah urang téh asa rék nyanghareupan perang, adu hareupan antara pihak kuminis jeung nonkuminis. Balaréa, hususna para pamuda ti pihak nonkuminis katémbongna téh geus loba nu saged.

Padahal ari bedil lodong téh apan kostimna bulan puasa. Asa kacida simpéna, mun bulan puasa teu kadéngé sora tingbeledug téh. Anu disebut bedil lodong, apan éta téh lain kaulinan barudak wungkul, da kolot ogé teu kurang-kurang anu resep, malah bari jeung ngagugulukeun.

Salian ti disebut bedil lodong, sok disebut bedil karbit deuih, duméh anu dipaké “amunisina” téh apan karbit meunang mékprékan ukuran sabuku ramo. Mimiti bedil lodong anu dijieunna tina awi atawa tangkal paku téh dieusian cai kira-kira satengah panyiuk. Geus kitu karbitna asupkeun, liang lodongna cocokan. Keun antep sina ngajerejes. Mun kira-kira geus hawa dina jero lodong nu ngandung gas karbit, lodong téh laju diseungeut. Jelegur waé bitu, murakeun seuneu, teu béda ti mariem atawa kanon.

Sok aya kagiatan nu disebut ngadu bedil lodong gé. Maksudna mah lain diadukeun dibabuk-babuk, tapi paharus-harus sorana. Tempatna ogé kudu dina lahan lega, upamana waé di pasawahan nu geus réngsé dipibuatan. Ngadu bedil lodong téh biasana mah antar lembur. Maksudna, rombongan ti lembur ieu ngalawan rombongan ti lembur itu.

Bedil lodongna ogé lain hiji, tapi ngajajar, sina nanggeuh dina galengan. Ngan nu jelas, posisina kudu pahareup-hareup. Anggangna gé sok aya kana saratus méterna, malah sok leuwih, atawa kahalangan ku walungan anu rubak. Biasana mah ngadu bedil lodong téh pasosoré, itung-itung ngabuburit. Atawa mun teu kitu sok sabubarna tarawéhan di masigit.

Sakanyaho, ulin bedil lodong mah leuwih murah batan ngamodal nyeungeut merecon. Enya, ari merecon mah apan mahal, ngan pédah praktis dina rék ngabeledugkeunana, da éta mah ngan kari diseungeut sumbuna wungkul, teu kudu kokotoran heula bari baju sok barau karbit.

Rék nyeungeut bedil lodong, rék nyeungeut merecon, ari lebah picilakaeunana mah nya tangtu aya. Jeung sok rajeun aya nu jadi korban. Tapi da heueuh, abong kana karesep, jeung abong budak deuih, angger wé tara pati nginget-nginget kana pibahayaeunana. Nu penting mah ramé dina bulan puasa téh, anu saenyana mah ukur ngagandéngan batur.

Tah, ti sanggeusna kajadian G30S/PKI mah euweuh wé kabiasaan nyeungeut bedil lodong téh, da teu meunang téa ku pihak anu berwajib. Anu matak bulan puasa harita mah asa tiiseun. Ari béja bakal aya perang mah, alhamdulillah teu kajadian.*

     *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Budaya