Ku: H. Tatang Sumarsono
KECAP kemasan anu jolna tina basa Indonésia, jigana mah tacan nyampak naon ari basa Sundana. Mun disebut bungkus, cék pamanggih didieu mah asa teu keuna. Ari sababna, harti anu dikandung dina kemasan leuwih lega batan bungkus. Kecap mengemas, béda hartina jeung mungkus. Geura urang béré contona; “dodol anu dibungkus”, béda hartina jeung “dodol anu dikemas”.
Dina kecap dikemas mah ngandung ma’na rapih, tepi ka nimbulkeun rasa matak kataji. Cindekna, dipigawéna téh bari dialus-alus, dumasar kana éstétika disain. Béda jeung dibungkus anu cukup asal kabulen wungkul.
Kitu deui anu disebut dikemas teu salawasna kudu dibungkus, sabab bisa waé cukup ku ditata, dibentuk, atawa disalang-surupkeun sangkan alus katénjona, tepi ka bisa nimbulkeun cita-rasa.
Dina tradisi Sunda, aya sawatara jenis kadaharan anu puguh cara ngemasna. Lontong jeung leupeut, upamana, ku urang bakal bisa dibédakeun. Padahal, bahanna sarua béas, atuh bungkusna sarua sarua deuih ku daun cau. Béda cara ngemasna, tangtu bakal béda ngaranna, malah dina rasa ogé bisa jadi dianggap moal persis sarua.
Leupeut jeung kupat; béda kemasan, béda deuih ngaranna ogé, kaasup jeung béda rasana. Ari leupeut dibungkus ku daun cau, sedeng kupat mah ku daun kalapa. Kitu deui kupat jeung tangtang angin; sanajan bahan sarua tina béas, tapi ku sabab béda anu dipaké mungkusna, jeung béda kemasanana, pikeun urang Sunda mah moal matak pahili (tangtang angin dibungkusna ku daun awi, biasana mah daun tamiang, bentukna juru tilu). Atawa, tangtang angin jeung bacang (sarua dibungkus ku daun awi); ieu ogé sami mawon deuih, béda. Mana komo ari lebah rasana mah, pajauh.
Fungsi kemasan téh lain waé sangkan kadaharan teu kotor (upamana kakebulan), tapi deuih sangkan teu gancang haseum, tur sangkan babari jeung praktis dina mawana. Lian ti éta, ogé sangkan nambahan daya tarik atawa daya pikat; komo lamun éta kadaharan rék didagangkeun. Kemasan anu has dina kadaharan bisa dianggap minangka “iklan”.
Bieu gé geus disebutkeun, kemasan téh mangaruhan kana rasa. Peuyeum ketan anu dibungkus ku daun cau, rasana bakal béda jeung peuyeum ketan anu dibungkus ku daun jambu aér, leuwih seungit malah. Sangu anu dibungkus ku daun cau, disebutna timbel, bakal béda aromana jeung sangu anu dibungkus ku daun jati (di wewengkon Cirebon anu ilahar kitu téh).
Lamun dipatalikeun jeung tradisi, kemasan kadaharan téh aya anu bisa dianggap bagian tina perlambang kahirupan, atawa leuwih jauhna tina ajén-inajén spiritual. Bisa jadi ayeuna mah geus loba anu nganggap ukur pabid’ahan kana anu kararitu téh, tapi hal éta téh mémang bagian tina tradisi Sunda. Contona, bakakak!
Lamun ngadéngé kecap bakakak, jigana pikeun umumna urang Sunda mah bakal langsung bréh kasawang kumaha bungkeuleukan atawa rupana. Moal salah harti jeung ayam bakar, najan prosés ngasakanana mah sarua dibeuleum. Kemasan bakakak béda jeung kemasan hayam anu digoréng atawa dipais.
Hayam meunang meuncit (umumna mah anu jajangkar kénéh, ngarah teu liat), sanggeus diberesihan buluna téh terus dibeulah lebah dadana, dijérébébéngkeun maké gapit (awi meunang meulah), atawa aya ogé anu dicolokkeun; anu penting asal ulah ngalingkup deui, ngarah garing jeung asak waktu dibeuleumna. Tangtu waé kudu dibaluran heula ku sambara, ngarah aya rasaan.
Bakakak téh ilaharna sok dipaké panyombo keur budak sunat anu kakara brél dikeureut. Atawa sok dipaké pangjangkep dina acara huap lingkung. Pangantén awéwé jeung pangantén lalaki pabenyéng-benyéng bakakak; saha anu gedé beubeunanganana, cenah, éta anu bakal gedé meunang milik. Lian ti éta, bakakak téh sok jadi sarat lamun patani anu ngagarap sawah nganteuran kadaharan sapuratina ka dununganana (anu boga sawah), dina rék mimiti panén.
Najan daging hayam téh bisa dijieun rupa-rupa kaolahan, anu rasana ogé tangtu béda-béda, angger waé ari keur kaperluan anu patali jeung upacara tradisi mah kudu bakakak, lain anu diolah ku cara séjén; komo anu maké resép Barat mah, kawas fried chiken. Bakakak mah geus dianggap kadaharan trade mark upacara.
Kitu deui dina rék mimiti usum panén, dina sasajén anu disadiakeun ku patani, maksudna keur nyuguh Dewi Sri, pasti aya tangtang angin. Da mémang kitu cék ti dituna, éta kabiasaan téh henteu bisa diganti ku jenis séjén, Padahal matak naon mun diganti ku kupat, ngarah anu disuguhna waregeun, atawa mun hayang rasana pelem mah ku lapis legit. Tapi da teu kitu ari cék kapercayaan dina tradisi Sunda mah. Angger waé kudu ku tangtang angin.
Pikeun urang Sunda (maksud téh anu masih kénéh weruh jeung nyekel kana tradisi) tangtu waé dina urusan kemasan jeung jenis kadaharan téh moal tepi ka patukeur fungsi. Dina upacara sabot ngadagoan ngalahirkeun (mangsa kakakandungan geus nincak salapan bulan), anu sok dipaké susuguh téh bubur lolos. Maksudna mah ngarah engké dina waktuna jabang bayi lahir, prosésna babari; kumaha ilaharna bubur lolos anu ngageleser kana tikoro. Dina upacara kawas kitu, tara tepi ka kajadian bubur lolos diganti ku céndol atawa cingcaw, komo és krim mah, upamana, sanajan sarua ari lebah ngaleserna jeung teu kudu dicapékna mah.
Aya deui jenis kadaharan anu sok biasa jadi pangjangkep upacara tradisi téh, nyaéta tumpeng. Muludan sok maké tumpeng. Kitu deui lamun budak geus hatam maca Quran, biasana sok sukuran ku cara nyieun tumpeng bagikeunan di masjid. Atawa anu nadar (pakaulan), pasti jenis kadaharanana téh tumpeng.
Bakal dianggap teu ilahar mun dina acara kawas anu bieu ditataan, hég kadaharan anu dipaké susuguhna nasi rames, atawa soto, atawa naon waé anu lain tumpeng. Padahal lamun dipikir deui mah, naon hubunganana miéling dibabarkeunana Kangjeng Nabi Muhammad SAW jeung tumpeng anu has Sunda. Pasti di nagara Arab (jaman baheula) mah tong waka tumpeng, sangu gé tacan puguh aya.
Jenis deungeun sangu ogé sok aya patalina jeung peristiwa anu lumangsung. Dina kagiatan ngaruag imah, anu dipigawéna téh ku cara gotong royong di antara tatangga, anu sok dipaké susuguh téh angeun cabé. Éta minangka luluguna. Ari deungeunna pikeun pangjangkep mah biasana goréng asin selar anu dibaluran tipung.
Kitu kabiasaan anu kapanggih di wewengkon Bandung Wétan, di antarana di Cibiru. Tacan kungsi kaalaman, dina waktu didieu mantuan ngarakrak imah, ku anu ngahirasna disuguhan gulé atawa angeun kacang. Pasti wé angeun cabé; teuing naon maksudna.
Kitu deui dina hajat tebus weteng (atawa di séjén tempat mah disebutna babarit, nyaéta hajat tujuh bulan anu keur kakandungan), kadaharan anu sok dibagikeun (utamana ka barudak) téh nyaéta rujak kanitrén (gabungan antara rasa haseum jeung lada), sarta “dibeulina” kudu ku talawéngkar meunang ngabuleud-buleud. Terus mun peutingna aya riungan, anu dipaké susuguhna téh sabangsaning kulub beubeutian (hui, ganyol, suweg, sagu, sampeu, taleus).
Dianggap teu lumrah upama anu dibagikeun ka tatangga téh lain rujak kanitrén, tapi loték atawa gado-gado, upamana. Kitu deui lamun keur susuguh riungan peutingna ku roti bakar atawa bandros. Éta mah geus kitu cék karuhunna, najan ari dina maksud anu saenyana mah jigana kudu loba anu disurahan deui.
Kabiasaan-kabiasaan sakumaha anu bieu ditataan téh, ayeuna mah geus mimiti lus-les laleungitan, utamana anu dipatalikeun jeung perlambang, anu saenyana éta téh ngandung siloka tur jadi bagian tina budaya Sunda. Ayeuna mah anu dicokot téh lolobana ngan lebah kapraktisanana waé.
Kadaharan Sunda geus loba anu teu dipikawanoh ku barudak Sunda kiwari mah, sabab geus kasilih ku jenis kadaharan anu jolna ti batur. Ari urang, umumna téh sok resep tuturut munding. Kéna-kéna jolna ti nagara anu dianggap modéren, terus wé dianggap alus jeung turutaneun.
Padahal, mun urang Sunda hayang balik deui atawa hayang mageuhan ajén-inajén budayana, jigana dina urusan kadaharan ogé kudu tetep sina nyunda. Hanas urang Sunda téh kudu lega gaulna, kudu nyaho kana budaya deungeun, nya pék waé éta mah. Tapi, warisan karuhun ulah tepi ka diluli-luli.*
* H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments