Ku: Yudi Rahmat Budiman
SundaNews (20/4/2025). Ilaharna manusa tangtu miharep huripna séhat walagri, mulus rahayu salawasna. Carana, ngajaga kaséhatan dirina lahir batin, nyumponan sagala bubutuhna jiwa jeung raga. Mangsa nandangan kasakit, satékah polah néangan tamba. Boh ku cara usaha sorangan boh ku ménta diubaran ku batur.
Kasakit lahir diubaran ku ubar anu sifatna kongkrit. Tambana (ubarna) kadeuleu jeung karampa. Upamana murus atawa méncrét bubuang, diubaran ku geutah cau batu atawa ku papagan turi. Cacingeun dibasmi ku geutah gedang. Hapur ditambaan ku laja. Jeung sajabana.
Kasakit batin diubaran ku ubar anu sifatna sugestif. Ku rajah, jampé, pupujian jeung sajabana. Unggulna karuhun Sunda, tamba anu sifatna kongkrit sok dikombinasikeun jeung anu sugestif. Satiap kasakit, diubaran ku tamba sakalian jeung jampéna. Minangka usaha manusa anu kasat mata adu manis jeung dunga ka Hyang Murbeng Alam.
Jampé nu dipapatkeun diruka-réka ungkarana. Malah mandar genah kadéngéna, nyerep kana ati. Tumerapna ngahudang sugésti sangkan kasakit atawa kasangsaraan gancang sirna. Basa anu diréka merenah matak natrat dina ingetan. Ku sabab dipapatkeun ti hiji generasi ka generasi saterusna, temahna ngawujud jadi hiji kaéndahan seni sastra. Kilang kitu anasir sakral jeung magisna mah teu jadi ilang. Geura urang pintonkeun sababaraha di antarana.
Sacara umum, biasa disebut jampé. Padahal upama diwincik gemet aya ciri heuseus unggal-unggal sastra tamba ieu.
- Parancah
Maksud utamana mageuhkeun paniatan hiji perbuatan sangkan ngahontal hasil utama. Leuwihna ti kitu, bisa nyegah paniatan goréng pihak lian keur diri urang.
Sakeur conto di handap ieu aya parancah mangsa arék mandi.
“Bismillahi rohmani rohim,
Cur mancur cahya nurbuat
Hurip ratu lénggang putih
Burung cahya burung puri
Puri pangilang-ngilang
Kadia emas tanpa huna
La illaha ilallah, Muhadar rosululloh.”
- Pamecatan
Maksud pokona mah, ngaleupaskeun atawa nyieuhkeun kasakit atawa balai anu geus narajang atawa nerap dina awak urang.
Contona pamecatan keur anu kabuhulan atawa kapelag tikoro, “Tunggul nangtung catang malang, kateunggar ku cai caah. Cag léos, cag léos.”
Anu matak rada anéh, ieu jampé kudu sabari diihtiaran. Tikoro anu kapelag kudu dirojok ku palapah lompong atawa diinuman cai nu rada loba.
Hiji deui conto pamecatan amun dicoco kalajengking atawa bayongbong.
“Kala kaliki,
Kala lumpat ka sisi cai.
Aing nyaho ngaran sia
Ngaran sia kulit kai
Ditawa ditawé
Ditawé ku Sang iduh putih
Cep tiis, cep tiis, cep tiis.”
Pamecatan modél kieu loba rupana, upama musababna béda. Upamana dicoco tawon, dipacok oray, dipatil lélé atawa sumbilang. Biasana tatu diusap ku cai meunang ngajampé atawa diolésan ciduh anu ngajampéna.
- Tulak bala
Maksud utamana nyegah sangkan balai atawa kasakit ulah narajang ka awak urang jeung kulawarga. Anu mashur tulak bala di handap ieu upama urang ngadéngé sora manuk koréak wanci peuting.
“Jurig nyingkir, sétan nyingkah, gandaruwo tong néwo-néwo. Nyingkah sing jauuuh, ka sabrang ka palémbang.”
- Jangjawokan.
Dina enas-enasna mah mangrupa dunga jeung pangharepan. Sangkan nu keur dijampé mulus rahayu berkah salamet. Ampir sarua jeung tulak bala, ngan ungkarana leuwih panjang. Sabab mangrupakeun naséhat. Contona,
.”Néléng néngkung, néléng néngkung.
Geura gedé géura jangkung.
Geura bisa nalang indung.
Kudu bisa ngaji diri.
Kudu bisa maca rasa.
Tungkul kana paculeun
Tanggah kana sadapan.
Ulah siga Nyai Ronggéng.
Ana tungkul bari imut.
Ana tanggah tatandakan.”
- Asihan atawa kinasihan
Nyaéta jampé anu tujuanna sangkan batur sabudeureun urang mikanyaah. Henteu ditujulkeun ka hiji individu husus. Contona:
“Asihan aing Si Kasemaran.
Semar teka diguguyu
Semar mulih ditangisan.
Aji banyu lulut
Manusa asih.
Sih asih, mangka welas mangka asih.
Malik asih ka badan awaking.”
- Pélét
Tujuanna sarua jeung asihan, nu ngabédakeun pélét mah ditujukeun ka salah saurang anu dipikahayang ku urang. Upama lalaki mikahayang ka hiji wanoja, atawa sabalikna. Pélét bisa dipaké ku sagala umur nu geus manjing déwasa. Sarat utamana individu anu dituju kudu dipapatkeun ngaranna sacara jelas. Conto pélét:
“Pélét aing si taruk kucubung
Sataruk nu matak lanjung
Salembar nu matak édan
Sasoéh nu matak léwéh
Lebur putus jadi tujuh
Rempag bayah ralo belah
Pangnarukkeun rantunan Si …..
Sih asih ka awaking
Mangka welas mangka asih
Malik asih ka badan awaking.”
- Pangabaran
Jampé modél kieu ditujukeun keur ngahudang komara diri. Ngaruntagkeun sima lawan. Ngamotivasi diri sorangan sangkan wani jeung percaya diri. Dipapatkeun dina haté kalawan yakin saméméh makalangan. Boh tarung boh négosiasi, atawa biantara. Contona:
“Nurnik ratuning napsu
Narnik pangéraning amarah
Nurbat perbawaning baka
Sima aing, sima maung.
Maung ngamuk datang tungkul
Gajah meta datang depa
Andéprok ménta dikérong
Tungkul takut tanggah sérab
Sérab ku pangawasa aing
Ditangtu ku waktu
Diajab ku mutlak
Sang ratu jin dité bangsa keteng
Ya isun, ajian si bangsa ketengna téh.”
Sakabéh jampé di luhur diturunkeun ti generasi ka generasi, sacara turun-tumurun kulawarga atawa anu ngahaja digurukeun. Katangtuanana calon murid kudu siap jeung saregep nampa éta élmu. Disebut siap jeung saregep téh hartina kudu soson-soson. Murid kudu siap dédéngéanana. Diturunkeun dina bulan Mulud, diucapkeun sakali kudu langsung apal. Teu meunang ditulis atawa sumawonna dirékam. Amun teu kacangkem ku sakali diucapkeun, wayahna ukur bisa diulang bulan Mulud deui taun hareup.
Kaduana kudu sanggup pameulina, nyaéta puasa tilu poé noron. Mun hayang leuwih anteb ditambahan ku mati geni, nyaéta teu meunang saré sapeuting jeput, dina poé panungtung puasa. Sapeupeuting mindoan ngucapkeun éta jampé nepi ka apal pisan. Cacap nepi ka isuk.
Lamun urang hayang ditulung dijampé ku jelema pinter anu ngawasa jampé, aya istilah panajem. Nyaéta buruhan ngajampé sanajan nu ngajampé teu ménta. Biasana jalma pinter anu teu aya kaitan tali kulawarga. Dipercaya jampéna leuwih mustazab jeung mujarab lamun maké panajem.
Sanajan jampé rada pakojot upama dibabandingkeun jeung saréat agama, malah ceuk sakaol aya nu nyebutkeun sihir, urang anggap waé ieu sastra tamba, kabeungharan budaya batin urang Sunda. Sawangan urang tujul kana kaéndahan basana. Kurang leuwihna neda nawakupna. Cag.*
*Yudi Rahmat Budiman, paniten pasualan budaya, bahasa, jeung sastra Sunda, nganjrek di Kabupaten Karawang, Jawa Barat.






































Comments