Budaya

Krisis Identitas Sunda

0
KIsah Tatar Sunda dina pameran foto Sasakala: Imaji Budaya Pikeun Edukasi Pariwisata (Foto: SundaNews/Merahputih.com/GFJA)

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (16/2/2026). Idéntitas téh nyaéta ciri atawa kaayaan husus nu dipiboga ku hiji jalma, boh nu sipatna fisik (lahir) boh psikis (jiwa/batin). Idéntitas anu tumerapna kana hal-hal batiniah ilaharna sok disebut jatidiri.

Idéntitas anu patali jeung budaya bisa waé tumerapna lain ka saurang, tapi ka sakumpulan jalma. Mun nyaritakeun idéntitas budaya Sunda, tangtu maksudna lain ka hiji jalma, tapi ka kum urang Sunda. Idéntitas budaya nu sipatna batin nyampakna dina moral, karakter, jeung spiritualitas. Ari anu sipatna lahir katémbong dina perilaku, katut sakur hasilna. Idéntitas lahir jeung idéntitas batin téh teu bisa dipisahkeun.

Nyaritakeun idéntitas budaya, tangtu bakal nyaritakeun manusa anu miboga éta budaya dina kontéks sosial. Idéntitas budaya nu dipiboga ku kelompok sosial ditangtukeunana bisa ku wewengkon géografis, asal-usul atawa turunan, profési, jeung sajabana.

Idéntitas Sunda, éta téh ciri husus nu dipiboga ku urang Sunda. Naha enya éta idéntitas téh ayeuna keur dina kaayaan krisis? Lamun enya keur dina kondisi krisis, naha naon nu jadi ukuranana? Henteu babari ngajawabna téh, sabab réa variabelna. Ngan nu jelas, kecap “krisis” téh ngandung harti négatif. Dina krisis téh nuduhkeun ayana prosés anu jugjuganana atawa pihasileunana pikasalempangeun tur teu dipiharep atawa teu luyu jeung cita-cita.

Mun enya ayeuna budaya Sunda keur dina kaayaan krisis, naha naon nu jadi ukuranana? Naha Sunda dina jaman Pajajaran, atawa waktu Sunda dipangaruhan ku Mataram, atawa Sunda “jaman normal”—jaman Roesdi jeung Misnem? Tétéla ngajawabna téh teu gampang.

Ngan waé, lamun urang ngabandungan anu ngébréhkeun kasalempang, mindeng pisan kapireng yén urang Sunda keur ngarandapan krisis idéntitas jeung krisis budaya. Éta ungkara téh jol-jol pada ngaheueuhan wé, tepi ka jadi kacindekan: urang Sunda keur ngarandapan krisis multi diménsional.

Idéntitas budaya Sunda kacida raketna jeung idéntitas manusa Sundana sorangan, anu antukna urang remen dirumuskeun jadi tipeu manusa Sunda. Mémang kaharti, sabab apan budaya téh jadi bagian tina “unsur jero” manusa (karsa), anu saterusna diébréhkeun dina perilaku, sarta ahirna ngalahirkeun produk budaya. Nya ku sabab éta, mun aya nu maluruh idéntitas budaya Sunda, bakal langsung ngarujuk kana idéntitas (tipeu) manusana.

Naon jeung kumaha atawa anu kumaha manusa Sunda téh? Ieu gé teu babari ngarumuskeunana, sabab bakal ngawengku panjangna sajarah anu karandapan ku manusa Sunda dina welasan abad. Sulitna maluruh hal éta téh lantaran kurangna bukti tinulis anu bisa dijieun dadasar atawa tatapakanana. Pikeun nyebutkeun sumber heubeul anu ngadadarkeun informasi ngeunaan hal éta paling-paling urang ukur bisa nyebutkeun naskah Carita Parahiyangan jeung Siksa Kandang Karesian, upamana.

Enggoning ngaidéntifikasi manusa Sunda, utamana anu jumenengna dina mangsa baheula, paling-paling urang ngan ukur bisa nataan sajumlahing tokoh, anu mimindengna mah deuih ukur dumasar kana legénda anu terus dimitoskeun atawa dianggap mitos (sebut waé upamana: Prabu Siliwangi anu geus sakitu napelna dina batin urang Sunda). Tapi sajarah ngabuktikeun deuih munculna rupa-rupa tokoh anu teu idéntik jeung tipeu Siliwangi. Éta hiji hal anu wajar, sabab apan sakur tokoh téh dilahirkeun dina jaman anu béda-béda.

Nya ku sabab éta pisan, lamun tipeu manusa Sunda sina ngarujuk  ka sajumlahing tokoh ti jaman baheula tepi ka ayeuna, tangtu bakal réa rupana—tur masing-masing boga kapunjul jeung kakuranganana. Upamana waé aya Dipati Ukur, Haji Hasan Mustapa, Oto Iskandar di Nata, Dewi Sartika, Iwa Koesoemasoemantri, Syafrudin Prawiranegara, Ema Bratakusuma, Juanda, Amirmachmud, Ali Sadikin, Ajip Rosidi, Tjetje Padmadinata, Ginanjar Kartasasmita, Popong Kurniasih, Teten Masduki, atawa Eep Saefulah Fatah.

Tokoh mana waé anu réprésentatif dianggap ngawakilan manusa Sunda? Pastina ogé sulit mastikeunana, sok sanajan teu kaasup hal nu mustahil. Ari sababna mah, antara tipeu hiji tokoh jeung tokoh lianna henteu sarua, malah mungkin waé dina sawatara hal mah aya anu patukang tonggong.

Sacara umum, ciri-cirina urang Sunda anu mindeng dicaritakeun téh nyaéta : soméah, amis budi, lemes paningkah, boga jiwa satria, surti, bruk-brak, humoris, jeung ciri-ciri séjénna anu ngandung harti positif. Ngan lamun urang mikir kalawan kritis, anu bieu ditataan mah asupna kana ciri-ciri ideal manusa Sunda, da ari dina kanyataanana mah teu (sagemblengna) kitu. Sok sanajan bisa waé henteu loba, nya aya apan urang Sunda anu kasebutna tokoh ogé anu boga pasipatan borangan, sok hianat, teu boga pamadegan atawa luak-léok, resep ngunek-ngunek, murukusunu, delitan, mentingkeun dirina sorangan, jeung henteu bruk-brak ogé (boh anu hirup dina jaman baheula, boh anu ayeuna masih kénéh jumeneng).

Aya deuih anu ngarumuskeun tipeu urang Sunda téh ku cara ngabandingkeun antara dua tokoh anu dianggap legendaris, nyaéta Sangkuriang jeung Si Kabayan. Sangkuriang téh pribadi anu “nanaon ku nanaon”, ari Si Kabayan mah sabalikna, jenggléngan tina pribadi anu “teu nanaon ku nanaon”. Tah, tipeu urang Sunda téh cenah aya di antara éta dua kutub ékstrim. Tapi, éta babandingan téh asa abstrak teuing, tur bakal sulit mun diidéntifikasikeun dina réalitas sapopoé.

Mun téa mah urang ayeuna rék nyoba-nyoba ngadéskripsikeun krisis idéntitas/budaya anu keur lumangsung, paling-paling urang bisa ngukurna téh  ku kondisi idéal anu cikénéh ditaan. Dumasar panitén sabéngbatan, bawirasa ku urang gé karasa yén dina kahirupan manusa Sunda kiwari téh mémang aya sawatara hal anu barobah, anu saterusna sok dicindekkeun jadi krisis téa. Ngan waé mun hasil ngukurna hayang akurat mah, urang perlu ngabuktikeun sacara analitis tur komprehénsif. Teu ngan saukur sawangan sabéngbatan. Panalungtikan ngeunaan hal éta, anu karasa téh kesanna masih kénéh parsial, tacan jadi hiji kegemblengan.

Éta parobahan téh datangna henteu ngadadak jeung sakaligus, tapi nungtutan ku asupna rupa-rupa pangaruh ti luar kana kahirupan urang Sunda. Mémang kitu lumrahna, da nu ngarandapan kitu téh henteu ngan sélér Sunda waé. Ceuk pamanggih kuring mah, parobahan anu kumaha waé ogé dina dina idéntitas manusa jeung budaya Sunda, ulah disawang sacara regional waé, tapi kudu dipatalikeun jeung kontéks nasional. Ari sababna, apan urang Sunda kiwari mah teu bisa dipisahkeun tina ka-Indonésiaan. Malah kudu disawang tina kontéks global deuih.

Masih ceuk panitén sabéngbatan, inténsitas atawa gedé-leutikna krisis dina saban aspék kahirupan urang Sunda téh teu bisa digitik rata. Dina hiji aspék, upamana waé étika, bangunna mah éta krisis téh teu matak pikasalempangeun teuing. Maksudna, idéntitas urang Sunda dina perilakuna katémbongna mah masih tacan ngagésér jauh tina konsép tipeu idéal. Urang Sunda téh dina umumna mah masih kénéh ramah, amis budi, tur humoris, upamana. Kitu deui dina ngagunakeun basa Sunda, ceuk pangrasa aya kénéh pikareueuseunana—basa Sunda masih kénéh dipiara, najan teu ku sakabéh urang Sunda. Mémang ari nu robah mah aya waé, tapi teu matak pikasalempangeun teuing jeung teu matak ngarugikeun teuing pikeun urang dina percaturan kahirupan nasional.

Jadi krisis dina hal naon atuh anu ngalantarankeun urang Sunda nyirorot téh? Ceuk kuring mah dina aspék kapamingpinan, atawa dina aspék pulitik. Ari sababna, nya dina aspék kapamingpinan pisan loba tinggaleunana urang Sunda téh. Urang Sunda henteu (atawa teu pati) asup itungan. Peranan urang Sunda di nasional teu sabanding jeung jumlah cacah jiwana anu aya dina posisi kadua panglobana di Indonésia.

Bisa jadi aya anu tumanya, naon ukuranana mun aspék kapamingpinan urang Sunda ayeuna keur ngarandapan krisis? Naha kungsi kitu urang Sunda cumarita? Pikeun ngajawabna, urang bisa ngungkab data sajarah. Jaman ngadegna Karajaan Sunda (ilaharna urang sok nyebut Pajajaran), urang Sunda téh boga kadaolatan, sajajar jeung bangsa séjénna. Ti dinya terus pareum, mana komo sanggeus Sunda dikawasa ku Mataram mah, terus disambung ku jaman kolonial. Dina jaman Sunda dikawasa Mataram, kungsi muncul Dipati Ukur, tapi ngan sagebragan pisan, da kaburu ditumpes ku Mataram, bari lebah numpesna téh sawatara gegedén Sunda lianna milu mantuan.

Karék kacaritakeun deui dina awal abad ka-20, nyaéta ku munculna Oto Iskandar di Nata anu ludeung nyoara dina sidang Volksraad atawa Déwan Rayat, kalawan tujuan pikeun ngangkat harkat darajat bangsa Indonésia. Pa Oto ludeung nyoarakeun cita-cita kamerdékaan, waktu tokoh séjénna masih kénéh jarempé. Ngan nya kitu, ahirna Pa Oto ngarandapan nasib tragis, jadi tumbal révolusi, alatan dipateni ku bangsana sorangan anu teu tanggung jawab.

Sabada Pa Oto, ceuk pamanggih kuring mah, tacan aya deui urang Sunda anu muncul dina widang kapamingpinan, dumasar kana karepna pribadi sarta dikuatan ku karakter. Mémang ari urang Sunda nu boga préstasi mah aya, mun teu rék disebut loba ogé, tapi lain dina widang kapamingpinan kawas Pa Oto.

Ceuk sawangan kuring, ayana krisis kapamingpinan di Sunda téh gegedéna dimimitian ti sanggeusna Sunda dijajah Mataram. Aya parobahan méntalitas anu gedé, tina bébas merdéka jadi kumawula. Disambung deui dina jaman kolonial, anu beuki heureut waé lahan pikeun ngabréhkeun kapamingpinan anu mandiri téh.*

Minimna urang Sunda nu tampil dina panggung pulitik kalawan mampuh nyodorkeun konsép anu nyongcolang, dina kanyataanana mah terus waé tatalépa. Sanggeus Indonésia merdéka, terus jaman Ordeu Baru, disambung ku Ordeu Réformasi; urang Sunda tetep tacan cumarita. Nu sidik mah wewengkonna ogé kalah beuki dijejewét ku kakuatan modal asing, sumber alamna dikeduk, tepi ka kondisina beuki ruksak. Kitu deui kadaolatan rayatna, dina émprona mah karék ukur tepi ka dimangpaatkeun.

Naha hal éta téh kudu disebut krisis pikeun urang Sunda? Ceuk kuring mah: enya.

Tapi, di sisi séjén aya hal-hal nu matak ngahudang kareueus, nyaéta mimiti daraékna nonoman Sunda anu baralik deui, atawa terus ngulik kana tradisi warisan karuhunna, sok sanajan masih kénéh kudu dilelempeng. Kareueus kana Sunda mimiti ditémbongkeun deui, sok sanajan umumna mah karék sawates dina asésoris. Tapi keun waé, da bakal terus berprosés. Hiji waktu mah jengglénganana bakal jinek. Sugan waé atuh ti dinya jolna tarékah pikeun ngungkulan krisis téh.*

  *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadoah Sastra Rancagge, ngnajrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Budaya