Budaya

Karna: Di Antara Dua Pilihan Beurat

0
Mana nu baris dipilih ku Karna? Foto: SundaNews/Lazada

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

LAWAS  temenan Karna marojéngja. Manéhna katalimbeng dina dua pilihan anu sarua beuratna: antara bebeneran jeung kahutangan budi. Lain teu apal yén pihak Kurawa remen nyieun pucuk ti girang. Lain teu apal yén Sangkuni anu purah ngadu-ngadu rajawisuna geus nyosok jero mangaruhan Prabu Anom Duryudana. Jeung deuih, lain teu engeuh yén pihak Pandawa salawasna dilicikan ku rupa-rupa réka perdaya, tur nasibna teu meunang menyat sabab bisa dianggap ngaganggu stabilitas pulitik Astina.

Enya, lain teu nyaho tepi ka lebah dinya. Tapi, apan pihak Kurawa pisan anu geus haat ngangkat darajat hirup manéhna. Cacak mun teu ditulungan ku Duryudana sadudulur, nasib Karna ukur semet jadi cacah kuricakan. Ku pitulungna Kurawa, Karna dijungjung lungguh jadi dipati di Awangga. Beu, lain kalungguhan joré-joré, étah!

Karna, anak kusir anu kungsi meunang panghina ti Pandawa, lantaran manéhna humayua hayang milu makalangan dina latihan perang tanding anu diajangkeun pikeun anak raja. Padahal, manéhna ngarasa untupan pikeun naker katapis Arjuna, satria panengah Pandawa, dina urusan ulin jamparing.

Karna dicacampah duméh hayang aub jeung bangsa ménak. Dianggap teu ngukur ka kujur, mikahayang nu lain-lain. Karna ukur bisa ambek nyedek tanaga midek.

Ngan untung, Prabu Duryudana henteu ngantep. Karna buru-buru diranéh jeung dihiap-hiap, malah terus dijenengkeun jadi gegedén. Puguh waé, saha pijalmaeunana anu teu atoh, bari banget tumarima. Karna lir kaurugan menyan putih; cacah rucah atah warah ujug-ujug jeneng kusumah. Nya ti harita Karna sumpah: rék buméla ka Kurawa, najan nyawa anu jadi tandonna. Sumpah satria lalanang jagat.

Saha anu saenyana untung? Tangtuna gé Duryudana sadudulur, anu mikirna taktis jeung strategis. Lantaran geus kungsi dinyenyeri ku Pandawa, Karna bisa dijieun andelan dina mangsa cundukna Baratayuda—perang sadulur di antara turunan Barata anu bakal ngagénjlongkeun jagat pawayangan.

Karna bakal toh pati iklas jiwa raga enggoning bébéla ka Astina. Kadar éta kudu “dibeuli” heula ku kalungguhan dipati, bet naon rugina, apan Astina téh geus kaceluk nagara beurat beunghar sarta lega kakawasaanana. Anu puguh mah pihak Kurawa bakal leuwih weweg jeung reugreug, lantaran boga bébénténg tohaga; satria pamuk anu diyugakeun ku Batara Surya.

Tapi, beuki dieu beuki katangen yén sikep Duryudana sadudulur jajauheun tina pinuji. Geus puguhing ngabandungan kekecapan jeung ketak Sangkuni, anu, najan diréka dialus-alus ogé babari pisan karampa yén di jerona mah ukur burang jeung baruang. Jalma-jalma anu aya di sabudeureun Duryudana karesepna ukur lélétak, bari resep ngeupeul ngahuapan manéh, jajauheun boga jiwa satria. Komo deui ditambah ku ayana bibit buit pacéngkadan di antara incu-putu Abiasa téh geus diipuk ti jaman béh ditu kénéh. Anu matak, cicingna Sangkuni di Astina téh teu béda ti bilatung ninggang dagé.

Kamarudah Karna beuki minuhan dada. Kitu cék ki dalang, dina mangsa pisawatara-poéeun deui kana prungna Baratayuda. Ari sababna, Karna lir dibéntar gelap salésér sadua-dua dina tengah poé éréng-éréngan, sanggeus ngadéngé katerangan inya ti Babu Kunti.

Bet tara-tara ti sasari, éta prameswari Pradu Pandudéwanata téh ka dirina nyebut “anaking”. Kahémengna beuki tambah, sanggeus Kunti tutug medar riwayat mangsa lawasna. Singhoréng dimanahoréng, geuning nya Babu Kunti pisan anu baheula, sakitu puluh taun ka tukang, ngakandung manéhna jero salapan bulan téh. Horéng ari Adirata katut pamajikanana mah teu kurang teu leuwih: ukur indung-bapa kukut.

“Hidep téh anak Ibu, anaking …,” cék Déwi Kunti rintih.

(Déwi Kunti dina mangsa keur rumaja putrina kungsi dibéré ajian Basukséna ku Resi Druwasa. Pantanganana, éta ajian teu meunang diwatek dina mangsa panonpoé manceran. Ngan ku sabab panasaran, Kunti ngarempak pantangan guruna. Ahirna Kunti kudu nandangan wiwirang, sabab beuteungna jadi aya eusian, sanggeus dibibitan ku Batara Surya. Baheula, kajadianana lumangsung waktu Kunti eukeur mandi. Barang geus gumelar ka dunya, orok beureum anu dingaranan Karna téh dipalidkeun ka Walungan Gangga. Dina keur angkleung-angkleungan, karna kapanggih ku Bagawan Radaya. Éta orok ahirna dipasrahkeun ka Adirata, kusir karéta anu ngadunungan ka Raja Astina. Demi Babu Kunti, sawatara lila ti sanggeusna miceun orok téh ditikah ku Prabu Pandu. Nya lahir tilu anak: Yudistira, Bima, jeung Arjuna.)

“Tah, kitu dongéngna téh, anaking ….”

Karna ngahuleng salila-lila. Manéhna ngarasa dikakaya jeung diteungteuinganan, antukna katideresa ku pamolah deungeun. Mun kitu mah aing téh ukur jadi korban kateu-adilan déwa anu caréraman duméh nénjo putri geulis eukeur mandi, jeung kateu-adilan putri anu teu tuhu kana pikukuh guru, cék Karna dina haténa.

Enya, aing téh geus jadi korban gawé anu lian. Tapi, kudu ka saha meupeus keuyangna?

Babu Kunti ngomat-ngomatan, sangkan Karna ulah tulus maju ka danalaga. Ari sababna, anu bakal disanghareupan ku manéhna téh taya lian dulur patuturun hulu, sanajan misah bapa. Enya, apan Yudistira, Bima, jeung Arjuna téh dipéréjélkeunana tina garba Babu Kunti kénéh—sarua jeung manéhna!

Karna lila nimbang-nimbang pameredih ti Babu Kunti. Deui-deui pikiranana marojéngja, nyanghareupan dua pilihan anu sarua beuratna. Naha mending ngabéla Kurawa anu geus ngangkat darajat tepi ka aing boga rasa percaya diri, najan saenyana mah maranéhna ogé ukur ngagunakeun lolongkrang anu bakal nguntungkeun pihakna wungkul? Atawa, mending ménta bolay mesat pakarang, lantaran aing bakal rebutan pati jeung dulur, bari jeung maranéhanana ogé teu kungsi midulur, malah jajauheun aya niat ngahiap-hiap sangkan aing jadi satata?

Tapi, ahirna mah Karna nyokot pilihan kahiji. Sabab, cék pamikirna, naon kasebutna mun satria ngalétak ciduh? Satria mah kudu ludeung nebus sumpahna. Aing kudu ngalaksanakeun sumpah yén rék bébéla ka Astina. Sual bener jeung salah, éta mah hancengan sajarah pikeun nuliskeunana.

Dina Baratayuda, Karna maju nangtang Pandawa. Di Tegal Kurusétra, Karna ngalempagkeun pakarang Konta, laju ngagabres kana dada Gatotgaca, anu saenyana mah suanna kénéh. Jeung di Tegal Kurusétra deuih Karna ngemasi pati, sanggeus ditiruk ku pakarang Arjuna.

Lalakon Karna, untung ukur lalayon wayang. Nyerep jeung nyeuseupna éta carita, bakal gumantung kana kasurti dalang dina neuleuman enas-enasna. Sabab, ngan dalang wungkul anu boga hak jeung wewenang pikeun ngawayangkeun: itu rék sina kumaha, ieu rék sina jadi naon, saha perang jeung saha, ieu nagara kudu jadi hancengan pihak mana, jeung iraha wancina pikeun nutup lawang sigotaka.

Ngan masalahna, naha kiwari aya kénéh dalang (bisa ditulis ku D, jadi Dalang) anu miboga kasurti, minimal bisa ngeunteung kana lalakon Karna?*

* H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Budaya