Budaya

Babarit, Tradisi Nangkis Werejit

0
Salah sahiji tradisi nangkis werejit nu aya di wewengkon tatar Sunda Jawa Barat (Foto:SundaNews/koleksi Nenden Hernika)

Ku: Néndén Hérnika

SundaNews (14/4/2025). Muharam, bulan kahiji dina itungan hijriah, miboga kautamaan salian ti bulan awal taun, ogé aya kautamaan lianna di antarana mangrupa bulan nu suci, bulan para nabi, ogé bulan nu dilipet-gandakeunana pahala.

Umat Islam, loba nu mapag Muharam ku rupaning cara. Sanajan ayeuna geus jaman modéren, masih loba nu miéling Muharam ku pawéy obor, ceramah kaagamaan, lomba-lomba sapertos tahfidz Qur’an, tilawah, murotal wal’imla, kaligrafi, kosidah jeung sajabana. Salian ti éta, loba ogé nu ngalaksanakeun ibadah puasa jeung babagi ka barudak yatim dina bulan Muharam, miharep pahala jeung barokah nu manglipet.

Numutkeun Muhamad Ridha dina telkomuniversity.ac.id tanggal 7 Juli 2024, disebutkeun yén Muharam miboga kaistiméwaan nu teu bisa diapi-lainkeun. Bulan Muharam kalintang penting jeung mulya sabab dina bulan Muharam loba kajadian jeung amalan nu diparéntahkeun ku Rosulullah SAW pikeun  ngaronjatkeun ibadah jeung kaimanan ka Allah SWT.

Anapon sabaraha amalan nu diparéntahkeun di antarana: puasa sunah, maca surat Al-Ikhlas, nyingkahan maksiat, jeung ngalobakeun sodakoh.

Puasa Sunah. Salah sahiji amalan nu kalintang alus dilakonan dina bulan Muharam nyaéta amalan puasa sunah utamana puasa Assyura dina tanggal 10 Muharam. Salian ti éta, oge disarankeun sangkan ngalaksanakeun puasa Tasu’a dina tanggal 9 Muharam.

Maca Surat Al-Ikhlas. Ngalobakeun maca Al-ikhlas dina bulan Muharam, kalintang alus pikeun ngaronjatkeun kaimanan jeung katakwaan.

Nyingkahan Maksiat. Salila bulan Muharam, urang ogé dipiharep sangkan nyingkahan sagala kalakuan nu goréng tur maksiat. Sabalikna, urang kudu ngalobakeun amal hadé, sabab amal sanajan leutik amal hadé nu dilakonan, bakal meunang pahala nu manglipet.

Ngalobakeun Sodakoh. Amalan lian nu kalintang alus dilakonan dina bulan Muharam nyaéta sangkan urang ngalobakeun sodakoh ka jalma nu ngabutuhkeun, utamana barudak yatim. Salian ti éta, milampah pagawéan hadé kalayan ikhlas ogé mangrupa amalan nu bisa ngadatangkeun pahala nu kalintang gedé.

Keur urang Bojongmangu, Kabupaten Bekasi, Jawa Barat,  nu masyarakat umumna urang Sunda, masih keneh kentel kana kapercayaan yén bulan Muharam kudu dipapag kalayan kagumbiraan, dipapag ku dunga sangkan sataun ka hareupna aya dina kasalametan, pinuh ka kasuburan rejeki tur jauh tina balai ku cara ngalaksanakeun hiji kagiatan nyaéta babarit.

Babarit asalna tina kecap “babar” nu hartina lahir. Numutkeun Bapa Nasim, sesepuh lembur di Bojongmangu, babarit nyaéta mapag taun anyar, dipiharep sangkan urang sadaya aya dina kasalametan enggoning nyanghareupan kahirupan. Bapa Nasim nyalira teu apal, ti iraha mimiti diayakeunana babarit di lembur Bojongmangu, da numutkeun pangakuanana, anjeunna nyalira ti aalit gé tos nyaksian sepuhna sok ngariung babarit, sanajan harita mah kadaharan nu disadiakeun kalintang basajan. Basajan di dieu kadaharan nu penting aya kupat leupeut jeung tantang angin, teu sagala kuah-kuéh siga jaman kiwari. Sanajan kitu, tilu dahareun eta dugi ka kiwari masih “wajib” aya unggal ngalaksanakeun babarit.

Babarit di Bojongmangu dilaksanakeun ku cara ngariung di parapatan jalan bari masarakat mawa kadaharan séwang-séwangan. Babarit dilaksanakeunan sataun sakali dina bulan Muharam, poéan piisukeunana ganti taun, tur biasana dilaksanakeun saenggeus asar. Aya ogé nu ngalaksanakeun satutas solat lohor.

Babarit ieu biasana dilaksanakeun sakali nepi ka tujuh kali kumaha ketua kampung nu makékeunana. Milih poéna biasana poé Kemis atawa Senén, iwal ti ngamimitian babarit nyaéta poé piisukaneun ganti taun. Aya ogé nu ngalaksanakeun babarit dina poé Rebo, tanggal belasan atawa puluhan, nu penting masih dina bulan Muharam. Contona nu dilaksanakeun ku masarakat Kampung Kertasaba dina bulan Muharam ayeuna, ngalaksanakeun babarit poé Rebo tanggal 17 Juli 2024, atawa tanggal 10 Muharam  1446 hijriah.

Tujuan diayakeun babarit, salian ti pikeun mapag taun baru Islam, ogé sangkan lembur salamet jauh tina mamala atawa tina werejit liana. Salian ti éta, ogé pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi antara warga lembur. Anapon tujuan milih tempat di parapatan jalan supaya unggal nu liwat kana éta jalan bisa milu ngariung, tur sangkan sakur nu ngaliwat ka éta jalan aya dina kasalametan.

Kokolot lembur, sok méré iber sapoé sateuacan babarit. Ayeuna mah jaman HP, aya grup lembur, kokolot sok ngiberan dina WAG. Ema-ema mun dibéjaan sok giak nyarieun kadaharan sakamampuhna séwang-séwang. Aya nu nyieun tumpeng, wuduk, papais, kupat, leupeut, tantang angin, atawa mun teu kaboro barangjieun sok marawa kadaharan meunang meuli ti warung. Teu poho, sok mawa menyan pikeun disimpen dina riungan, sangkan menyan éta milu didungaan tur engkéna dibawa balik deui pikeun parantieun nyeungeut menyan di imah.

Barang-barang nu dibawa ku kokolot dina acara babarit di antarana samak atawa laburan nu engkéna diamparkeun pikeun diuk ngariung di parapatan jalan, parukuyan tempat meuleum menyan, roko jinggo, lisong, daun kawung jeung bako, roko Gudang Garam beureum, Jarum Super nu engkéna dibeuleum dina luhureun parukuyan nu geus dieusian menyan, simbolna nyaéta méré nyaho ka karuhun tur nepikeun maksud atawa méré carita ka nu dituju supaya seungitna nepi.

Rupa-rupa roko nu tadi disebutkeun simbolna roko téh banget, nyimbolkeun supaya dedemit nu aya di éta tempat sarieuneun. Dawegan atawa kalapa ngora simbolna mangrupa sumber kahirupan pikeun manusa, sabab cai salawasna dipikabutuh ku manusa.

Ancak nyaéta wadah nu eusina rujakeun cau batu, cau emas, cau raja, gula batu, kopi pait, kopi amis, cientéh pait, cientéh amis, susu, limun, cihérang, bubur beureum bubur bodas nu simbolna nandakeun bandera merah putih jeung nandakeun bersihna haté jeung beureumna getih manusa. Tujuh rupa kembang, daun pandan, daun seureuh, gambir, apu paranti nyeupah, simbolna susuguh pikeun nu ngageugeuh éta lembur, supaya masyarakat di lembur teu weléh sauyunan, sapapait-samamanis dina hirup sapopoé jeung tatangga.

Sedengkeun cau batu simbolna supaya kuat jiwa ragana, jadi pamingpin jiga raja nu disimbolkeun tina cau raja, supaya langgeng hirupna siga cau emas. Kopi pait, kopi amis,  jeung inuman nu lainna simbolna supaya masarakat meunang kabagjaan jeung pait tulangna teu babari katerap panyakit.

Peuteuy jeung langkio kadaharan jenis babawangan anu rasana peuheur ogé, mangrupa kadaharan babauan simbolna mangrupa kadaharan karesep karuhun, lian ti éta nyimbolkeun supaya nu rék ngaganggu ka urang lembur baueun. Bakakak, tumpeng, jeroan hayam, simbolna pikeun ningkatkeun darajat manusa dina kahirupanana. Salian ti éta aya tantang angin, kupat leupeut bawa ti warga, nu engkéna tantang angin téh digantungkeun dina luhureun panto imah, nyimbolkeun pikeun ngusir nu rék niat jahat.

Salian ti kadaharan éta masarakat ogé mawa kadaharan lianna kayaning roti, biskuit, buah-buahan jeung kadaharan barudak. Dina Babarit ogé sok aya nu mawa congcot bodas nyimbolkeun supaya masarakatna meunang milik nu teu disangka-sangka keuna kana paribasa asa ditonjok congcot.

Prak-prakan babarit nya éta masarakat marawa kadaharan ti imahna séwang-séwangan sakumaha nu disebutkeun di luhur, ngumpul di parapatan jalan, dariuk ngampar samak bari kadaharan nu dibawa diriungkeun di tengah-tengah.

Acara dibuka ku kokolot lembur bari ngahurungkeun parukuyan nu geus disiapkeun, diteruskeun ku maca solawat, Al–Falaq, An–Nas, Al-Ikhlas, disambung ku dunga-dunga ménta kasalametan ka Gusti Allah. Sanggeus rengsé ngadunga, masarakat nu ngumpul tadi langsung balakécrakan babarengan ngadahar kadaharan nu geus dibawa tadi.

Saenggeus dahar babarengan, sésa kadaharan dibagikeun deui ka anu hadir tur dibawa balik ka imah séwang-séwangan, nu penting ulah aya nu nyésa iwal ancak, dewegan jeung parukuyan. Ancak jeung parukuyan diteundeun di juru jalan dina waktu sapoé sapeuting. Terus masarakat bubaran balik ka imah séwang-séwangan bari ngagantungkeun tantang angin dina luhureun panto imahna. Teu poho, menyan ogé dibeuleum di luareun panto, méméh asup ka jero imah, dipiharep sangkan imah urang ulah nepikeun ka aya anu ngagunasika boh gunasika lahir boh gunasika batin.

Tradisi babarit éta nepi ka kiwari masih kénéh dijaga jeung dilaksanakeun di unggal kampung nu aya di Bojongmangu. Hal éta téh ngabuktikeun yén budaya Sunda masih dijaga, dimumulé ku masarakat sangkan henteu leungit tur budak ngora ogé bisa tétép ngalaksanakeun warisan budaya nu geus turun tumurun ti karuhun.

Malah ka dieunakeun loba nu ngalaksanakeun babarit kalayan rongkah, da resep itung-itung balakécrakan sataun sakali, ngariung jeung batur salembur, di antarana aya nu iuran mésér domba, dipeuncit bareng, tur didahar bareng. Hal ieu téh tangtu mawa rasa guyub jeung batur salembur, aya rasa silih asah silih asih, rasa babagi rejeki jeung batur.  (Bekasi, 20 Juli 2024)*

      * Néndén Hernika, guru di Bojongmanggu, Bekasi, Jawa Barati.  Leukeun tulas-tulis, mimitina dina media sosial, terus ningkat kana media citak.

 

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Budaya