Ku: Ridhazia
KANAEKAN harga BBM non-subsidi ibarat petasan. Sanajan sora ledakanana henteu ngageleger, tapi pangaruhna tetep ngaguluyur ka mana-mana. Tungtungna mah nyurung kanaékan rupa-rupa harga anu ngabebankeun rahayat.
Sacara téoritis, saban aya kanaékan harga BBM non-subsidi, sabaraha waé gedéna, dina ahirna bakal micu cost-push inflation, nyaéta inflasi anu didorong ku naékna waragad operasional logistik jeung transportasi.
Naékna waragad logistik jeung transportasi éta sacara otomatis bakal ngadorong kanaékan harga barang-barang konsumsi jeung kabutuhan sapopoé. Antukna, daya beuli rahayat, utamana golongan menengah ka handap, beuki morosot.
Bandingkeun!
Tapi bandingkeun jeung harga BBM anu miboga angka oktan sarua jeung Pertamax, nyaéta RON 92, di sababaraha nagara séjén anu kaasup pangmahalna di dunya ayeuna.
Di Hong Kong, harga BBM RON 92 kiwari geus nembus leuwih ti USD 2,5 atawa sakitar Rp40.000 nepi ka Rp45.000 leuwih per liter.
Di Singapura, harga BBM RON 92 aya dina kisaran Rp46.113 nepi ka Rp46.679 per liter. Sedengkeun di Myanmar dijual dina harga sakitar Rp39.064 per liter.
Nagara Laos ngajual BBM RON 92 sarua Pertamax dina harga Rp26.985 per liter. Di Filipina Rp25.060 per liter, Thailand Rp21.926 nepi ka Rp23.608 per liter, sarta Kamboja Rp21.500 per liter.
Di antara nagara-nagara éta, ngan Vietnam anu ngajual BBM RON 92 leuwih murah batan Indonesia, nyaéta dina kisaran Rp15.135 nepi ka Rp15.453 per liter.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments