Budaya

Naon Sababna Dialek Sunda Karawang Kaasup Heuras?

0
Tradisi ruwatan walungan Ciolamaya di Bendungan Barugbug, Karawang, Jawa Barat (Foto: SundaNews/Antara News)

 

Ku: Yudi Rahmat Budiman

 Dua aki-aki urang Karawang keur ngobrol di saung sawah. Urang sebut waé Mpa Saju jeung Mpa Ahom.

Mpa Ahom : ” Ramé pisan hajatna sia ngawinkeun incu téh !”

Mpa Saju : “Heueuh! Da bapana hayang nanggap kliningan jeung nanggap kiai nu sohor téa.”

Mpa Ahom : ” Yéh atuh béak gedé meureun panajemna?”

Mpa Saju : “Nya heueuh, bicara mani mindahkeun galengan.”

Mpa Ahom : “Sawah nu mana?”

Mpa Saju : “Éta baladoan tilu sisi apur.”

Mpa Ahom : “Yéh pan dédéngéan aing mah geus digadékeun ka Ulis”.

Mpa Saju : “Sakalian ablunglah!”

Mpa Ahom : “Cenah bésan nu ngamodalan, buntel kadut jeung babawaan.”

Mpa Saju : ” Lah soang!”

Mpa Ahom : “Kumaha atuh awéwé sia?”

Mpa Saju : “Nya kumaha deui, tibatan wirang. Ngan  ukur bisa rimbasak!”

Mpa Ahom : “Nya kituna mah, mending képlok batan tamplok.”

Mpa Saju : ” Heueuh kitu!”

Lamun urang hadir langsung dina wangkongan éta. Hal anu pangheulana karasa nyaéta intonasi jeung logatna. Kadéngéna tarik jeung heuras. Moal karasa intonasi anu leuleus, turun naék siga dialék Sunda Priangan. Sanajan dialék Sunda Banten ogé kaasup dialék nu tarik jeung heuras, tapi dialék Karawang leuwih heuras. Intonasi Sunda Karawangan tatag henteu diula-ileu.

Naon sababna dialék Sunda Karawang kaasup heuras jeung kasar? Aya sababaha alesan nu jadi musababna.

Alesan kahiji, sacara géografis wilayah Karawang aya di perbatasan. Lain waé di perbatasan sacara topografi, tapi di perbatasan secara kultural. Sacara géografis di kidul wilayahna dihapit ku Purwakarta, Cianjur, jeung Bogor anu bisa disebutkeun Sunda Priangan. Di beulah kulon ngawates jeung Bekasi. Anu kawentar ku sélér Batawina. Atuh di beulah wétan ngawates ka Subang pantura anu padumukna euyeub ku sub sélér Jawa Pantura. Tacan deui sacara historis pakaleran basisir Karawang mirupa laut terbuka, Laut Jawa.

Syeh Quro anu mashur nyebarkeun Islam di Karawang asalna ti Champa, Kamboja. Sajarah pulitik ogé ngécéskeun, Karawang jadi wilayah rebutan kakawasaaan antara Banten, Mataram, Sumedang Larang, jeung Walanda. Topomini lembur-lembur di Karawang ngabuktikeun éta kajadian pulitik. Aya lembur nu ngaranna Babakan Banten, Sumedangan, Tapak Jaka Tingkir, Parisdo, Pedes, jeung Taneuh Beureum (Lemah Abang, Wadas). Dua ngaran panungtung aya hubunganana jeung gésrékan pulitik Kasultanan Banten. Adonan sababaraha sub-budaya ieu ngajadikeun basa Sunda Karawangan mibanda ciri dialék anu mandiri. Béda jeung Sunda lulugu ti Priangan.

Alesan kadua, topografi Karawang anu wangunna sacara umum dataran handap. Sanajan sabagian leutik di pakidulan aya pagunungan Sanggabuana anu ngawates ka Bogor, Cianjur, jeung Purwakarta. Sanajan Kacamatan Pangkalan ayana di suku Gunung Sangga Buana, hawa sapopoéna teu bisa disaruakeun jeung hawa pagunungan di wewengkon séjén. Hawana ukur ised tiisan saeutik ti hawa wewengkon Karawang lianna. Hawa rata-rata sapopoé aya dina angka 35 darajat Celcius. Manakomo dina usum halodo El Nino kiwari, suhu sapopoé rata-rata 38 darajat Celcius. Panas ngabetrak.

Hawa panas anu tumerap ka urang Karawang sapopoé tangtu ngawangun karakter jeung sipat sapopoé, utamana dina cara nyarita. Tegas, tarik, jeung togmol. Amun aya urang Karawang anu nyarita leuleus liat jeung ancad laér, tinangtu aya faktor séjén anu mangaruhan. Contona kawin jeung sélér Sunda Priangan, atawa kungsi bubuara di wewengkon Sunda Priangan. Alatan pagawéan atawa nyuprih élmu.

Lamun urang niténan paguneman di luhur, bakal kapanggih sababaraha kecap, ungkara, atawa babasan anu has Karawang. Urang tataan geura!

Kecap mpa, nuduhkeun hiji lalaki nu geus déwasa. Bisa jadi tina kecap bapa, tapi kecap mpa mibanda “rasa” anu leuwih teleb. Lalaki nu disebut mpa saheunteuna kudu geus kolot, liwat ti tengah tuwuh, atawa ngabogaan incu. Bisa ogé ditujulkeun ka lalaki anu miboga komara. Bisa lantaran boga kapunjul tina bab paélmuan, sugih banda, atawa miboga wibawa nu onjoy.

Kecap nanggap, nuduhkeun kecap pagawéan. Ngahiras jalma sinah ngaramékeun acara hajatan. Saha waé anu ngaramékeun disebutna ditanggap. Bisa hiburan, tarling, golék, atawa jaipongan. Samalah tablég agama disebutna nanggap. Umpamana nanggap Ustad Somad. Nanggap maca, ieu hartina pangajian ngeunaan “Maca taréh Syéh Abdul Qodir Jaélani.”

Ungkara bicara mani ngarupakeun kongjungsi korélatif antar kalimah. Atawa bisa ogé diasupkeun kana golongan idiom. Harti harfiahna nepi ka kudu, pokona mah, antukna, jsb. Dina idiom ieu (urang sebut waé idiom), katangén basa sunda Karawang ngarupakeun wates budaya antara basa Sunda jeung basa Batawi. Kecap “bicara” pasti diundeur tina basa luar, nyaéta Betawi Melayu. Atuh kecap “mani” hakul yakin tina basa Sunda.

Panajem harti sabenerna mah buruhan keur mayar dukun supaya jampéna mujarab (tajam/seukeut). Ngan kecap ieu geus ngagésér fungsina kana hal séjén anu analogina sarua buruhan.

Baladoan nyaéta kotakan sawah anu ukuranna leuwih heureut kira 100 m2. Ari apur nyaéta walungan leutik alami pamiceunan cai sawah.

Ablung, harti sabenerna nyaéta luncat terjun bébas ka cai. Bisa ka walungan, émpang, apur, kubang, atawa laut. Kecap ablung katangén basa has sunda Karawang, moal kapanggih di dialék Sunda wewengkon séjén.

Buntel kadut hartina biaya anu dihijikeun dibayar sakalian. Misilna upama dina prosési seserahan kawinan. Kabéh biaya ti mimiti biaya masak, mayar juru rias, tatanggapan, babawaan, séwa ténda, jeung sajabana, dibayar disakalikeun mirupa duit kontan (cash).

Kecap soang dina paguneman di luhur lain nuduhkeun sato soang dulurna meri. Harti utamana mah nyaéta wadul lah, nipu, gedé omong, jeung sajabana. Kalawan maké eksprési kakeuheul, asa kabelejog, atawa katipu. Pikeun urang luar Karawang mémang hésé matalikeun antara soang jeung wadul.

Rimbasak hartina sarua jeung rambisak. Ungkara ieu biasana dipaké urang Karawang pasisian. Sélérna mah masih Sunda, lain Jawa pantura atawa Batawi.

Mending képlok batan tamplok, ngarupakeun paribasa. Harti harfiahna mah, kajeun teuing rugi saeutik, tibatan nandangan rugi anu leuwih badag. Dina paguneman di luhur bisa dihartikeun, kajeun teuing ngajual sawah batan nandangan wiwirang salilana. Dina pakumbuhan biasa ieu paribasa dilarapkeun upama tatanén sawah keuna ku hama. Ku banget-bangetna hama pestisida nu hargana murah geus teu bisa ngungkulan. Kapaksa meuli pestisida anu hargana mahal, anu penting hama tumpur kaungkulan. Tah paribasa ieu biasa dipaké.

Kliningan, maksudna pentas hiburan jaipongan di luar ruangan (outdoor). Nu ngaribing sabari nyawér disebut bajidor. Ceunah mah dina teori tatabeuhan waditra aya definisi heuseus antara definisi kliningan jeung bajidoran. Tapi urang Karawang mah pokona lamun aya pentas jaipongan di luar disebutna kliningan.

Pamungkas, pedaran ieu husus ngeunaan basa Sunda ti sélér Sunda Karawang. Di antara 30 kacamatan di Karawang. Aya sababaraha kacamatan anu ngagunakeun basa séjén, nyaéta Jawa Pantura, digunakeun di wewengkon basisir anu ngawates jeung Subang. Ogé aya sababaraha kacamatan anu ngagunakeun basa Batawi. Ayana di wewengkon basisir beulah kulon anu ngawates ka Békasi. Sakabéh basa mibanda ciri mandiri séwang-séwangan, ngawangun jejeg inajegna kabhinékaan. Ngawangun kaéndahan budaya Karawang. Cag.* (Karawang, November 2023).

         *Yudi Rahmat Budiman matuhna di Karawang, Jawa Barat. Éta pangna gedé katineungna kana budaya Sunda pakaéran, utamana dina urusan basa. Yudi sok nulis carita pondok jeung artikel, sarta aktif dina média sosial

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Budaya