Ku : Malky Ristian Fauzi
DINA jaman kiwari, pola pergaulan masarakat, utamana nu cicing di kota-kota gedé, geus loba ngalaman parobahan anu signifikan. Ngageburna modernisasi jeung kamajuan téknologi nyababkeun jalma-jalma beuki asup kana jaman individualis.
Ti isuk-isuk nepi ka peuting, loba urang leuwih asyik nyanghareupan layar ponsel batan kudu ngobrol jeung tatangga kaler-kidul. Fenomena teu wawuh jeung tatangga kiwari geus jadi hal anu biasa di komplek perumahan atawa apartemen.
Dina kaayaan anu serba gancang jeung individualis kieu, muncul hiji patalekan anu penting: kumaha kalumangsunganana filosofi hirup urang Sunda nu kasohor, nyaéta “silih asih, silih asah, silih asuh”?
Tilu ajén ieu lain saukur kecap-kecap atawa slogan anu sering disuarakeun dina acara-acara seremonial. “Silih asih” ngandung harti silih pikanyaah jeung ngabogaan rasa empati ka sasama manusa.
“Silih asah” nyaéta silih asah pikiran jeung élmu pangaweruh sangkan silih pinter. Sedengkeun “silih asuh” hartina silih jaga, silih piara, jeung silih bimbing supaya teu aya nu karandapan. Dina raraga nyiptakeun kahirupan masarakat anu rukun jeung silih rojong, tilu pilar ieu mangrupa pondasi sosial anu pohara kuatna.
Ngan hanjakalna, dina kanyataanana sapopoé, utamana di lingkungan masarakat pakotaan ajén-ajén luhur ieu mimiti ngarasa luntur. Budaya gotong royong atawa “sabilulungan” geus lila kaganggu ku rupa-rupa kagiatan ékonomi nu matak sibuk.
Loba jalma nu leuwih milih ngabéréskeun masalahna sorangan batan ménta tulung, atawa malah ngajauhan diri tina urusan tatangga lantaran sieun dianggap “sok campur”. Kaayaan anu kieu ngajadikeun jarak sosial beuki renggang, nu ahirna ngaruksak tali silaturahmi jeung solidaritas di tengah masarakat.
Sanajan kitu, kamajuan jaman jeung téknologi teu kudu salawasna dianggep minangka musuh pikeun filosofi ieu. Sabalikna, dunya maya bisa jadi wadah anyar pikeun nerapkeun “silih asih, silih asah, ailih Asuh” dina wangun nu leuwih modérn
Contona waé, gerakan donasi online (crowdfunding) pikeun korban bencana atawa nu butuh bantuan biaya kaséhatan. Éta téh mangrupa wujud nyata “silih asih” di jaman digital, di mana urang bisa nulungan sasama sanajan teu tepang sacara langsung.
Dina hal “silih asah”, média sosial jeung platform digital geus muka lawang anu lega pikeun silih bagikeun pangaweruh. Aya loba komunitas atawa individu nu nyieun grup diskusi, webinar, atawa kontén édukasi haratis ngeunaan rupa-rupa widang, ti mimiti tatanén, bisnis, nepi ka kaséhatan mental. Ngaliwatan cara kieu, masarakat bisa silih asah pikiran tanpa diwatesan ku ruang jeung waktu, ngawangun generasi nu leuwih pinter jeung berwawasan lega.
Dina widang atikan jeung jurnalistik warga (citizen journalism), prinsip “ailih asuh” bisa ditepikeun ngaliwatan cara urang nyieun jeung nyebarkeun informasi. Nalika urang nulis warta atawa nyieun kontén ngeunaan masalah lingkungan, pendidikan, atawa sosial di sabudeureun urang, éta téh wujud “silih asuh” ka masarakat.
Urang silih élingkeun jeung silih jaga sangkan lingkungan jeung masarakat urang tetep aman jeung nyaman. Kontén nu ngangkat masalah karaharjaan umum tangtu leuwih miboga ajén batan ngan ukur nyieun vidio nu ngudag viral.
Tangtu waé, nerapkeun filosofi ieu di dunya maya miboga tangtangan anu teu saeutik. Di média sosial, urang mindeng manggihan fenomena cyberbullying, silih cecekelan, atawa nyebarkeun béja bohong (hoax). Paripolah kieu jelas-jelas ngalanggar prinsip “silih asih” jeung “silih asuh”.
Salian ti éta, aya ogé tantangan “echo chamber” atawa ruang gema, di mana jalma ngan saukur hayang ngadéngé pamikiran anu sarua jeung dirina, nu ahirna ngahalangan prosés “silih asah”. Ku kituna, urang kudu pinter-pinter nyaring informasi jeung ngajaga lisan (atawa jari) di dunya maya.
Pikeun para pamuda jeung mahasiswa, kaayaan ieu sakuduna jadi pacuan pikeun ngahurungkeun deui sumanget “silih asih, silih asah, silih asuh”. Mahasiswa henteu ngan ukur kudu pinter dina urusan akademis, tapi ogé kudu miboga sensitivitas sosial. Ngaliwatan kagiatan kampus, KKN, atawa organisasi kapamudaan, maranéhna bisa jadi jembatan pikeun ngawanohkeun deui budaya silih rojong ieu ka masarakat, bari ngagunakeun pendekatan anu cocog jeung jaman ayeuna.
Tangtu waé, tanggung jawab ngamumulé filosofi ieu henteu ngan ukur aya dina leungeun para pamuda. Kulawarga miboga peran anu paling dasar. Kolot kudu méré contona langsung ka barudak kumaha cara ngahargaan jeung nulungan batur.
Sakola jeung paguron luhur ogé kudu nyieun kurikulum atawa kagiatan anu ngadorong siswa pikeun leuwih paduli kana lingkungan sosialna. Sedengkeun di tingkat masarakat, RT/RW bisa ngahirupkeun deui kagiatan kumpul warga, posyandu, atawa kerja bakti anu diluyukeun jeung kabutuhan jaman ayeuna.
Ku kituna, “ailih asih,sSilih asah, silih asuh” lain ngan ukur warisan jaman baheula anu kudu disimpen di musium. Éta téh mangrupa panduan hirup anu pohara relevan pikeun ngungkulan masalah jaman ayeuna, saperti individualisme jeung krisis empati. Salila urang masih daék ngabuka haté pikeun silih asih, daék pikeun silih asah élmu, jeung daék pikeun silih asuh sasama, masarakat Sunda hususna jeung Indonésia umumna bakal bisa ngahontal kahirupan anu leuwih adil, makmur, jeung harmonis di tengah parobahan jaman.*
*Malky Ruistian Fauzi, mahasuswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyanghareupan panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments