Ku: Sarah Azka Tsakila
KAMEKARAN téknologi digital geus ngarobah cara masarakat meunangkeun informasi. Ayeuna, rupa-rupa warta ngeunaan pulitik, pendidikan, ékonomi, lingkungan, jeung kahirupan sosial bisa diaksés ngaliwatan telepon genggam.
Média sosial jeung portal warta daring ngajadikeun informasi sumebar leuwih gancang sarta gampang kahontal ku masarakat. Dina kaayaan ieu, jurnalis dituntut pikeun nepikeun warta sacara gancang, akurat, jeung gampang kaharti.
Sanajan kitu, di tengah kamajuan média digital, aya hal anu perlu diperhatikeun, nyaéta kumaha basa Sunda tetep miboga rohangan dina dunya jurnalistik. Jurnalisme Sunda perlu terus dimekarkeun sangkan basa daérah henteu ngan ukur dipaké dina paguneman sapopoé, tapi ogé jadi sarana nepikeun fakta jeung informasi anu penting pikeun masarakat.
Jurnalisme Sunda mangrupa kagiatan jurnalistik anu ngagunakeun basa Sunda pikeun nepikeun informasi ka masarakat, boh ngaliwatan média citak, radio, televisi, boh média digital. Jurnalisme Sunda henteu ngan saukur ngeunaan ngagunakeun basa daérah dina warta, tapi ogé ngeunaan kumaha informasi ditepikeun sacara bener jeung tanggung jawab.
Warta anu ngagunakeun basa Sunda bisa ngabahas rupa-rupa pasualan, saperti kawijakan pamaréntah, pendidikan, lingkungan, kasenian tradisional, jeung kahirupan masarakat. Ku kituna, jurnalisme Sunda miboga kasempetan pikeun ngahubungkeun informasi jeung kahirupan masarakat lokal, bari tetep merhatikeun prinsip jurnalistik anu ngutamakeun fakta, kajelasan sumber, jeung kapentingan umum.
Salah sahiji conto jurnalisme Sunda dina média televisi nyaéta program warta Tangara Pasundan anu disiarkeun ku Bandung TV. Panalungtikan Yuda Cahya Alfian jeung Rusmulyadi anu dimuat dina Annaba: Jurnal Ilmu Jurnalistik taun 2025 ngabahas penerapan basa jurnalistik dina program warta éta.
Panalungtikanana ngajelaskeun prosés gawé jurnalistik anu ngawengku néangan jeung ngumpulkeun warta, milih warta, narjamahkeun naskah, nepi ka midangkeun warta. Ieu panalungtikan méré gambaran yén pamakéan basa Sunda dina média tetep merlukeun prosés jurnalistik anu tartib.
Jurnalis henteu cukup ngan saukur narjamahkeun warta tina basa Indonésia kana basa Sunda, tapi kudu bisa milih kecap anu merenah sangkan informasi anu ditepikeun tetep jelas jeung henteu ngarobah harti fakta.
Sanajan kitu, jurnalisme Sunda masih nyanghareupan tangtangan dina kamekaranana, utamana dina nyaluyukeun diri jeung parobahan kabiasaan masarakat dina ngaksés informasi. Di tengah lobana kontén digital, média anu ngagunakeun basa Sunda kudu bisa nepikeun warta anu pikaresepeun tanpa ngurangan kualitas eusi.
Salian ti éta, kamampuh ngagunakeun basa Sunda anu merenah ogé perlu diperhatikeun. Basa jurnalistik kudu jelas, lugas, jeung gampang kaharti ku nu maca atawa nu ngadéngékeun. Jurnalis ogé kudu taliti dina milih kecap, utamana nalika ngabahas pasualan anu sénsitip. Ku sabab éta, kamampuh basa perlu dibarengan ku pangaweruh ngeunaan téhnik panulisan warta jeung étika jurnalistik.
Di sisi séjén, kamekaran média digital muka kasempetan pikeun jurnalisme Sunda sangkan leuwih dipikawanoh ku masarakat. Warta basa Sunda bisa ditepikeun ngaliwatan artikel digital, vidéo pondok, podcast, jeung rupa-rupa platform média sosial.
Contona, liputan ngeunaan kasenian lokal, kaayaan pasar tradisional, pasualan lingkungan, atawa kagiatan masarakat bisa dijieun dina wangun kontén jurnalistik basa Sunda. Ku cara ieu, informasi henteu ngan saukur nepikeun kajadian, tapi ogé mantuan masarakat pikeun leuwih wanoh kana kaayaan di sabudeureunana.
Sanajan wangunna ringkes jeung dipedalkeun ngaliwatan média sosial, eusi warta tetep kudu dumasar kana fakta anu bisa dipariksa. Ku kituna, kamajuan téknologi bisa dimangpaatkeun pikeun ngalegaan rohangan jurnalisme Sunda.
Dina ieu hal, mahasiswa Jurnalistik miboga kasempetan pikeun milu ngamekarkeun jurnalisme Sunda ngaliwatan karya nyata. Mahasiswa henteu ngan saukur diajar téhnik wawancara, panulisan warta, fotografi, jeung produksi vidéo, tapi ogé bisa ngagunakeun kamampuh éta pikeun ngangkat pasualan lokal.
Contona, mahasiswa bisa nyieun liputan ngeunaan kahirupan masarakat Sunda, ngadokumentasikeun kasenian tradisional, atawa ngahasilkeun vidéo warta kampus ngagunakeun basa Sunda. Kagiatan ieu bisa jadi latihan pikeun ningkatkeun kamampuh jurnalistik sakaligus ngawanohkeun basa daérah ka generasi ngora.
Sanajan kitu, unggal karya kudu tetep merhatikeun bebeneran fakta, kajelasan sumber, jeung tanggung jawab dina nepikeun informasi sangkan henteu nimbulkeun salah paham di masarakat.
Pamustunganana, jurnalisme Sunda miboga kasempetan pikeun terus mekar babarengan jeung kamajuan téknologi digital. Basa Sunda henteu kudu diwatesanan ku paguneman sapopoé atawa kagiatan budaya tradisional, tapi ogé bisa dipaké pikeun nepikeun informasi ngeunaan rupa-rupa pasualan anu aya di masarakat.
Pikeun ngawujudkeun éta hal, diperlukeun peran jurnalis, mahasiswa, jeung média anu daék ngahasilkeun karya jurnalistik basa Sunda anu informatif jeung bisa dipercaya.
Ngamumulé basa Sunda lain ngan saukur ngajaga warisan budaya ti karuhun, tapi ogé ngajadikeun basa éta tetep hirup sarta miboga mangpaat dina kahirupan kiwari. Sabab, jurnalisme lain ngan ukur ngeunaan gancangna nepikeun warta, tapi ogé ngeunaan kumaha fakta bisa kaharti ku masarakat ngaliwatan basa anu deukeut jeung kahirupanana.
*Sarah Azka Tsakila, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyanghareupan panaalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments