Kolom Mahasiswa

Jempol Ngajalajah, Pikiran Kajajah

0

Ku: Siti Maryam

NAHA  urang kungsi ngitung sabaraha lila waktu anu dipaké pikeun ngageser layar telepon sélulér unggal poé? Kakara hudang saré, langsung muka média sosial. Keur dahar, panon tetep neuteup layar.

Saméméh saré gé, leungeun masih kénéh sibuk néangan informasi panganyarna. Jempol terus barobah, pindah ti hiji unggahan ka unggahan séjénna. Teu karasa, kabiasaan anu tadina ukur pikeun ngeusian waktu luang lalaunan jadi kagiatan anu hésé dieureunkeun.

Dina jaman digital, meunangkeun informasi nyatana beuki gampang. Béja pulitik, kamekaran ékonomi, tren budaya, nepi ka kahirupan pribadi batur bisa dipikanyaho dina hitungan detik.

Saolah-olah urang boga jandéla pikeun ningali sakuliah dunya, ngan ukur ngaliwatan layar leutik dina leungeun. Tetapiana dibalik éta kamudahan, timbul patalékan: naha urang beuki nyaan ngarti kana dunya, atawa ngan saukur sibuk ningali tanpa kungsi mikir leuwih jero?

Média sosial nawarkeun rupa-rupa hal pikeun ditingali, tapi teu kabéh pantes dipercaya.*

 *Siti Maryam, mahasiswa Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, mikaresep media digital utamana media sosial, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.