Ku: Nisa Nuraeni
KIWARI, kacerdasan jieunan (artificial intelligence atawa Al) geus nyampak dina leungeun ampir sakumna mahasiswa. Ngan ku ngetik sababaraha kalimah, Al bisa ngaringkes jurnal, medar tiori anu hésé kaharti, malah bisa nyusun éséy dina waktu sakeudeung. Ieu téh mangrupa hiji kamonésan anu luar biasa. Tapi, di balik éta sagala kalancaran, aya hiji patalékan anu penting pikeun dipikiran: saha sabenerna anu nyekel kakawasaan, manusa atawa mesin?
Teu bisa dipungkir, Al téh mawa mangpaat anu kacida gedéna. Al bisa mantuan mahasiswa dina ngarti kana pangajaran, ngabebenah tata basa, néangan ilham pikeun panalungtikan, nepi ka diajar basa deungeun. Pikeun mahasiswa anu asalna ti pilemburan, anu jauh tina perpustakaan sarta kawatesanan ku aksés kana rupa-rupa sumber pangaweruh, Al bisa jadi sasak pikeun ngahontal élmu anu saméméhna hésé kahontal. Ku kituna, nolak teknologi ieu sagemblengna mah sarua jeung nutup panon tina robahna jaman.
Najan kitu, balai bakal datang nalika Al lain deui saukur pakakas pikeun mantuan, tapi kalakah ngaganti prosés mikir manusa. Mahasiswa anu ngan saukur nyalin jawaban tanpa maca jeung nalungtik eusina, ngasupkeun rujukan tanpa mariksa bebeneranana, sarta ngumpulkeun pancén bari teu ngarti kana naon anu ditulisna, saenyana keur ngantep dirina dikendalikeun ku Al.
Lila-lila, daya nalar jadi tumpul, kamampuan nulis beuki ngurangan, jeung kayakinan kana kamampuan diri sorangan beuki luntur. Padahal, paguron luhur téh tempat pikeun ngasah akal jeung ngalatih cara mikir, lain ngan saukur tempat ngumpulkeun pancén sangkan meunang. peunteun.
Salian ti éta, aya deui pasualan ngeunaan bebeneran jeung katepatan informasi. Al bisa ngahasilkeun jawaban anu kadéngéna ngayakinkeun, padahal eusina salah. Malah, Al sakapeung bisa nyieun-nyieun cutatan jeung sumber rujukan anu saenyana mah teu kungsi aya. Mahasiswa anu mampu ngadalikeun Al tangtu moal langsung percaya kana unggal jawaban
anu dipintonkeun ku mesin. Manéhna bakal mariksa deui, ngabandingkeun jeung sumber aslina, sarta wani ngabenerkeun lamun katingali aya kasalahan. Sikep kritis saperti kieu anu ngabédakeun jalma anu bener-bener mampu ngagunakeun téknologi jeung jalma anu ngan saukur nurut kana naon anu aya dina layar
Tah, kumaha carana sangkan urang bisa ngadalikeun Al, lain kalakah dikendalikeun ku AI? Kahiji, saméméh nanya ka mesin, tangtukeun heula naon anu rék ditanyakeun sarta pikiran atawa pamadegan sorangan. Kadua, anggap jawaban Al téh saukur bahan pikeun diolah deui, lain hasil ahir anu bisa langsung ditarima.
Katilu, kudu jujur ka dosén jeung ka diri sorangan ngeunaan bagian mana anu dibantuan ku AI. Kaopat, ulah poho pikeun ngabiasakeun maca buku, silih tukeur pikiran dina sawala, jeung nulis ku hasil pamikiran sorangan, sangkan kamampuan mikir tetep seukeut sarta teu pareum ku kabiasaan ngandelkeun mesin.
Pikeun mahasiswa Sunda, ieu tantangan téh miboga harti anu leuwih jero. Urang Sunda miboga papagon hirup anu kacida luhung ajénna, nyaéta silih asah, silih asih, silih asuh. Silih asah hartina silih nambahan élmu jeung pangaweruh, silih asih hartina silih nyaah jeung silih mikanyaah, ari silih asuh hartina silih miara, ngabingbing, sarta ngaping sangkan hirup aya dina jalan anu bener.
Ieu papagon ngingetan yén élmu téh lain saukur hasil tina maca jeung diajar sorangan, tapi ogé tumuwuh tina patemon, paguneman, jeung silih rojong antara sasama manusa. Al moal bisa ngaganti piwuruk ti dosén, haneuteunana sawala di sekretariat organisasi, atawa kawijaksanaan kolot di lembur. Teknologi meunang wać beuki maju, tapi ajén-inajén kahirupan, rasa kamanusaan, jeung tanggung jawab tetep kudu dicekel pageuh ku manusa.
Tungtungna, Al téh ukur pakakas, ari pakakas mah gumantung kana saha anu ngagunakeunana. Mahasiswa anu wijaksana bakal ngamangpaatkeun Al pikeun ngalegaan pangaweruh jeung ngalengkah leuwih jauh, lain pikeun eureun mikir sarta ngandelkeun sagalana kana mesin.
Ku kituna, jadikeun diri urang juragan teknologi, ulah nepi ka jadi budakna. Sabab mangsa hareup téh lain milik jalma anu panglobana ngagunakeun Al, tapi milik jalma anu pangmampuhna ngagunakeunana kalawan wijaksana, pinuh ku kasadaran, sarta tanggung jawab.*
*Nisa Nuraeni, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments