Kolom Mahasiswa

Lamun Urang Ngajaga Alam

0

Ku: Nasywa Rizqy Naisandami

ANJEUN  bébas ngamangpaatkeun sumber daya alam di nagara ieu. Pek tuar tangkalna, anggo keusikna, sareng mangpaatkeun sagala rupi sumber daya alam Indonésia kanggo nyumponan kaperyogian salira sadayana. Ical sareng wanohkeun ka dunya, wartoskeun yén ieu sadayana kawitna ti Indonésia, lemah cai salira. Salira sadayana henteu dipahing kanggo nyandak kabeungharan ieu nagara. Namung, saparantos kagungan kasempetan kanggo ngaraoskeun naon rupi anu parantos dipaparin, naha henteu tiasa sadar diri?

Saleresna kakayaan alam diciptakeun téh kanggo dimangpaatkeun. Sumber daya alam Indonésia nyiptakeun peluang kangge damel, ngahasilkeun padamel sareng pangrajin anu parigel, ngahasilkeun produk-produk anu kualitasna saé, sareng ngabantos ngagerakkeun roda perékonomian. Henteu tiasa dipungkir yén urang sadayana meryogikeun sumber daya alam sareng kalintang gumantungna kana hal éta, utamina salaku nagara anu nuju mekar.

Sanajan kitu, naha sadaya éta kedah dipungkas ku karusakan lingkungan?

Salira sadayana, dipaparin kasempetan téh sanés hartosna tiasa nyandak sakahoyongna. Naon lepatna nuar tangkal lajeng ngalaksanakeun réboisasi? Naon lepatna nyandak sacekapna? Naon lepatna nyingkahan karusakan? Henteu sadaya rupi hal kedah dipatalikeun sareng kauntungan wungkul. Upami sadaya jalmi mung mikirkeun kauntunganana nyalira, kumaha kinten-kintenna nasib urang sadayana dina danget ieu?

Sadayana kagungan ékosistemna nyalira. Leuweung anu katingal sanés mung saukur daun sareng tangkal anu héjo. Di lebetna pinuh ku rupi-rupi kahirupan. Leuweung téh minangka paru-paru dunya, tempat lingkungan nyaimbangkeun dirina. Leuweung ogé tiasa nyegah musibah alam. Upami leuweung sirna, badé dimana ieu mahluk hirup ngalajengkeun hirupna? Saha anu badé ngajagi umat manusa tina bencana alam?

Henteu kedah ngeureunkeun pamanfaatan sumber daya alam. Mangga mangpaatkeun sadayana. Namung, anu kedah dirobah téh nyaéta cara urang sadayana dina ngamangpaatkeunana. Upami palay ngamangpaatkeun leuweung, mangga laksanakeun saluyu sareng katangtosan anu lumaku, laksanakeun réboisasi saparantosna, sarta piara lingkunganana. Panginten, tangkal anu nembé dipelak téh moal sami fungsina sareng tangkal lami anu nembé dituar. Tapi, sahenteuna manusa gaduh tarékah kanggo nyingkahan karusakan.

Alam bakal ngajagi urang sadayana, upami urang ngajagina. Kaperyogian sareng kawajiban sakedahna tiasa lumangsung sajalan tanpa kedah aya anu dikorbankeun. Prak midamel kasaéan ka ieu bumi tempat salira napak, pikadeudeuh ieu alam. Sakedik kumaha ogé kasaéan anu dipidamel ku salira, sanaos éta hal mung saukur henteu miceun runtah cangkang permén di jalan, bumi tangtos bakal tetep ngahaturkeun nuhun.*

* Nasywa Rizqy Naisandami, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar nyanghareupan panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.