Ku: Ismi Nurazizah
NAHA urang kungsi dahar babarengan bari diuk dina samak, nyanghareupan sangu liwet, sambel, lalab, tahu, jeung témpé? Kadaharanana teu kudu méwah, tapi suasanana karasa haneut.
Jalma-jalma silih tawarkeun kadaharan, heureuy, jeung seuri babarengan. Kitu gambaran
basajan tina tradisi botram dina kahirupan masarakat Sunda.
Botram téh kabiasaan dahar babarengan jeung kulawarga, babaturan, tatangga, atawa
warga sakampung. Unggal jalma bisa mawa kadaharan pikeun didahar babarengan. Aya anu mawa sangu, deungeun sangu, atawa sambel. Kadaharan anu basajan jadi leuwih karasa nikmat lamun didahar babarengan.
Botram teu merlukeun persiapan anu hésé. Urang teu kudu indit ka réstoran atawa nyadiakeun kadaharan anu mahal. Cukup néangan tempat anu merenah, ngagelar samak, tuluy silih bagi kadaharan. Tina kagiatan basajan éta, obrolan bisa ngalir, silih béjaan, jeung hubungan anu tadina kurang raket bisa jadi leuwih deukeut.
Hanjakalna, ngariung dina kahirupan kiwari téh can tangtu hartina bener-bener babarengan. Urang bisa diuk padeukeut, tapi masing-masing sibuk jeung teleponna. Urang ogé bisa papanggih jeung babaturan, tapi kalah ka leuwih sibuk moto tibatan ngarasakeun éta pasamoan. Padahal, kabersamaan téh lain ngan saukur aya di tempat anu sarua, tapi ogé méré perhatian ka jalma-jalma di sabudeureun urang.
Di dieu botram miboga harti anu leuwih jero tibatan saukur dahar babarengan. Tradisi ieu ngajarkeun urang pikeun silih bagi, silih hargaan, jeung ngaraketkeun duduluran ngaliwatan hal-hal basajan. Teu kudu ku obrolan serius atawa acara gedé. Sakapeung, nawarkeun
deungeun sangu ka batur ogé geus jadi tanda perhatian.
Ajén budaya botram ogé dibahas dina panalungtikan Zurviana, Permadi, jeung Yulianeta taun 2025 anu nétélakeun ajén kasaderhanaan jeung solidaritas dina tradisi éta. Pamaréntah Provinsi Jawa Barat ogé ngasupkeun botram kana daptar Warisan Budaya Takbenda tingkat provinsi taun 2026. Ieu nuduhkeun yén botram téh lain saukur kabiasaan dahar, tapi ogé bagian tina kabeungharan budaya anu pantes dipikawanoh jeung dirumat.
Ngamumulé botram lain hartina urang kudu ngalaksanakeunana ku cara anu sarua jeung baheula. Tempat jeung kadaharanana meunang robah luyu jeung jaman. Tapi, sumanget silih bagi jeung kabersamaanana ulah nepi ka leungit. Urang bisa ngamimitian ku ngajak kulawarga atawa babaturan dahar babarengan tanpa kudu nungguan acara husus.
Tungtungna, anu ngajadikeun botram matak pikaresepeun téh lain mahalna kadaharan, tapi kahaneutan jalma-jalma anu ngarasakeunana babarengan. Di tengah kahirupan anu beuki sibuk, botram ngingetkeun urang yén kabagjaan teu salawasna merlukeun hal anu istiméwa.
Sakapeung, cukup ku kadaharan basajan, obrolan hampang, jeung jalma-jalma anu ngajadikeun urang ngarasa deukeut.*
*Ismi Nurazizah, lahir di Garut, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati. Kiwari keur tatahar nyanghareupan panalungtikan skripsi, mikaresep kabudayaan Sunda, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments