Kolom Mahasiswa

Aksara Sunda: Saukur Hiasan?

0

 

Ku: Bilqis Shofia Rahma
LAMUN urang leumpang di sababaraha jalan di Bandung, boh di kota boh di wewengkon sabudeureunana, ilaharna bakal kapanggih papan ngaran jalan anu dihias ku aksara Sunda. Lain ukur éta, aksara Sunda ogé mindeng némbongan dina spanduk acara budaya, logo lembaga, nepi ka kaos jeung bungkus produk. Pamandangan éta matak reueus, tapi ogé ngundang hiji patalekan: naha aksara Sunda téh geus dipaké sabenerna, atawa ngan saukur jadi hiasan?

Aksara Sunda miboga sajarah anu panjang jeung ngandung jati diri budaya masarakat Sunda. Upama basa mangrupa sora budaya, aksara téh mangrupa rupa tulisanana. Ku sabab kitu, ngamumulé basa Sunda sabenerna teu cukup ku cara nyarita wungkul. Aksarana ogé kudu dikenalkeun, dipikaharti, jeung dipaké. Lamun henteu, aya kamungkinan aksara Sunda ngan jadi barang pajangan anu geulis ditempo tapi teu aya anu bisa maca.

Di jaman digital, tangtangan éta beuki karasa. Sabagéan ageung generasi ngora leuwih biasa nulis maké aksara Latin dina telepon sélulér, kaasup nalika nulis pesen, caption, jeung komentar. Aksara Sunda sering dianggap hésé, kurang praktis, atawa ngan perlu dipelajari di kelas. Padahal, téknologi digital sabenerna bisa mantuan.

Kiwari aya sababaraha aplikasi, kibor, jeung pakakas konvérsi anu bisa dipaké pikeun diajar jeung nulis aksara Sunda. Ieu hal nunjukkeun yén kamekaran téknologi lain mangrupa musuh budaya, tapi bisa jadi sarana pikeun ngawanohkeunana deui.

Sanajan kitu, tarékah ngamumulé aksara Sunda teu bisa ngan ngandelkeun papan ngaran jeung program ti pamaréntah. Éta pantes dihargaan, tapi pamakéanana kudu hirup dina kahirupan sapopoé. Contona ku cara nulis nami sorangan maké aksara Sunda, nyieun desain poster, atawa ngagunakeunana dina eusi média sosial anu pondok jeung méré inspirasi. Lamun dibiasakeun ti hal-hal leutik, aksara Sunda moal karasa asing deui.

Dina hal ieu, mahasiswa jurnalistik jeung para pagawé média miboga kasempetan anu lega. Média bisa nyieun rubrik pondok anu ngajarkeun hiji aksara dina unggal édisi, nyieun video penjelasan anu basajan, atawa nyambungkeun aksara Sunda jeung gaya visual anu dipikaresep ku nu ngora. Tapi tetep kudu dijaga: pamakéan aksara kudu bener jeung teu ngan pikeun kaéndahan. Salah nulis dina papan ngaran atawa judul média tiasa nyababkeun kasalahpahaman, malah ngaruksak pamahaman masarakat ngeunaan aksarana sorangan.

Pamustunganana, ngamumulé aksara Sunda téh hartina méré rohangan pikeun budaya ngalaman kamekaran, lain ngan ukur disimpen dina musium. Aksara anu geulis kudu bisa dibaca, ditulis, jeung dipaké ku generasi ayeuna. Salila aya anu daék diajar jeung ngagunakeunana, boh dina kertas, boh dina layar télépon, salila éta ogé aksara Sunda masih bisa hirup jeung dipikawanoh ku generasi anu bakal datang.*

*Bilqis Shofia Rahma, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik UIN Sunan Gunung Djati nu keur attahar nyanghareupan panalungtikan skripsi, nganjrek di Karawang, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.