Digurit ku: Tatang Sumarsono)
Basa titinggal karuhun,
lawas geus ratusan taun,
basa Sunda basa indung,
kanyaahna taya tungtung.
Ti jaman baheula pisan,
nyampak dina pakumbuhan,
keur ngedalkeun caritaan,
basa lisan jeung tulisan.
Ditulis dina prasasti,
pikeun ngébréhkeun wawarti,
kangjeng raja nyakrawati,
émbaran keur eusi nagri.
Nyampak dina kasusastran,
dongéng katut jangjawokan,
carita pantun wawacan,
sarta dina guguritan.
Ngageureuleung kawih tembang,
padalisan keur nadoman,
genahna ninggang pedotan,
ungkara meunang milihan.
Wangun puisi jeung prosa,
unsur nu poko mah basa,
disusun éntép seureuhna,
genah éndah dibacana.
Diajarkeun di sakola,
puguh métodeu élmuna,
dicangkem ku sakum siswa,
pikeun nanjeurkeun budaya.
Dina majalah jeung koran,
basa Sunda makalangan,
malah ku majuna jaman,
kana internét gé jalan.
Atuh sawadina pisan,
tong suda nya narékahan,
basa Sunda tetep tandang,
éta kawajiban urang.
Basa téh cirining bangsa,
muga mulya basa Sunda,
manjangna tepi ka jaga,
kabeungharan Nusantara.
* Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, kolumnis, carponis, sastrawan jeung budayawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
Comments