Kolom Sosial Politik

Logika Buzzer

0

 

Ku: Ridhazia

MEDIA  sosial saenyana téh mangrupa panggung pikeun olah nalar atawa logika. Tapi henteu kitu, sahenteuna keur para buzzer mah.

Dina nulis, teu salawasna nepikeun gagasan kalayan bener jeung jentre. Maranéhna leuwih nganut kana rétorika anu tohaga  tibatan argumén anu logis.

Teu Penting Bener

Pikeun buzzer, kasalahan logika kadang dipaké kalawan dihaja minangka téhnik manipulatif pikeun mangaruhan publik. Teu penting bener mah.  Sanajan salah ogé teu nanaon asal ekspektasi kapentingan sumebar ka mamana.

Ad Hominem

Ad hominem téh salasahiji kasalahan logika (fallacy) anu mana aya jalma nu nyerang kana karakter, motif, atawa sipat pribadi lawan jeung musuhna.

Tibatan ngajukeun argumén, buzzer leuwih milih klaim anu maksa. Ngalawan  mah geus pasti pilihan. Malah nepi ka ngadiskreditkeun minangka hiji kawajiban.

Teu diperlukeun argumén anu valid. Teu penting dianggap lemah atawa teu boga kualitas. Apamanaeun pamikiran logis jeung patali jeung bener atawa salahna hiji argumén.

Logika buzzer dina strategi rétorika sok dipaké dina debat publik minangka taktik pikeun ngalihkeun perhatian. Malah pikeun nyingkahan bahasan kana isu inti.

Ngajieun serangan pribadi saperti ngejejeleh,  hinaan, atawa nyerang kana kapribadian, latar tukang, atawa lampah batur jadi hiji kajawiban.

Perundungan

Ku kituna, pasualan jeung buzzer téh jadi teu aya patalina. Tibatan ngajawab masalah, malah robah jadi perundungan.

Média sosial keur buzzer jadi médium anu nguasaan dirina sabab bisa dipaké pikeun ngaruksak reputasi lawan politik sacara harita keneh. *

* Ridhazia, disen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.