Kolom Sosial Politik

Lawan Ku Medsos!

0

 

Ku: Rudhazia
Média sosial geus jadi bagian tina gerakan sipil di Indonesia pikeun ngalawan kasewenang-wenangan panguasa ka rahayat. Média sosial  kiwari ngawujud jadi kakuatan  pikeun ngalawan élit politik nu korup.

Platform digital sapertos Google, Facebook, Tiktok, FB, WA, Instagram, jeung X kiwari leuwih kuat tibatan ngadu ngadonghok ka DPR.

Média sosial ngamungkinkeun rahayat ngontrol rézim nu keur nyekel kakawasaan. Ogé, média sosial jadi modél politik praktis anu leuwih gancang pikeun ngalawan pajabat pamaréntah jeung aparat penegak hukum nu nyimpang, tibatan kudu mobilisasi massa di jalanan.

Jalan Anyar Dina Politik

Baheula, aksi turun ka jalan atawa pidato panjang di kampus-kampus bisa épéktif mangaruhan kawijakan panguasa. Tapi kiwari éta téh geus dianggap henteu efektif. jeung geus katinggaleun jaman. Utamana saprak mahabu media digital jeung media sosial. Cara nu konvensional kiwari diganti ku cara modern nu sarwa digital.

Cukup ku video jeung poto ti HP genggam atawa kaméra rusiah nu dipasang dina kandaraan, hiji jalma bisa ngarekam jeung nyebarkeun éta informasi di média sosial pikeun nyuarakeun haté nuranina.

Sakumaha nu kungsi ditepikeun ku Ronald Deibert, yén média sosial leuwih épéktif pikeun nyebarkeun eusi anu ekstrim, bermuatan émosi, jeung bisa mecahkeun persatuan, tibatan pidato nu kompleks jeung lemes.

Sarua jeung ceuk Ethan Zuckerman, yén média sosial bisa mere  kasempetan ka saha waé pikeun nyuarakeun ketidakadilan politik, sanggeus média mainstream  (arus utama) leungiteun kakawasaanana minangka “pilar kaopat” démokrasi.

Ieu ogé saluyu jeung pamikiran Chadwick jeung Howard (2009), yén média sosial geus mekar jadi sistem komunikasi politik pikeun masarakat umum.

Aktivisme digital ngamungkinkeun saha waé, ti kelas sosial mana waé, iraha waé, di mana waé, jeung tanpa aya wates ruang jeung waktu pikeun berpolitik praktis. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *