Budaya

Jerit Wiwitan

0
Suasana pakampungan di wewengko Baduy Jero, Banten. Foto: SundaNews/Kementerian Pariwisata.

Ku : Rohéndi Pandéglang

SundaNews (10/1/2025). Aya pakampungan anu nyingkur jasa. Di tengah gunung, sakurilingna leuweung geledegan, jauh ka pilemburan séjénna. Di dinya ngan aya sababaraha imah baé di unggal kampungna. Ceuk cenah, wargana ukur opat puluh urang. Nempat di tilu kampung, anu unggal kampungna kahalangan kebon, walungan, jeung leuweung tutupan.

Unggal kampung éta rada pajauh, disambungkeun ku jalan satapak anu lalening beresih. Unggal kampung dipingpin ku kokolot kampung, anu disebut Jaro Tangtu. Ari nu nangtukeun kawijakan jeung putusan unggal pasualan disebutna Puun. Jaro Tangtu purah mingpin dina ngalaksanakeun  paréntah Puun, dibantuan ku kokolot séjénna anu disebut Barés Kolot, jumlahna salapan, disebut Barésan Salapan.

Mun dideuleu tina luhurna lemah pangancikan wewengkon mah, nya ngajajar ti kidul pangtonggohna, ka béh  elor panglandeuhna. Wewengkonna jinek nuturkeun walungan, atawa bumén-buménna gigireun teu pati jauh ka walungan. Demi walungan éta,  sungapanana aya di kampung pangtonggohna.

Nya di sungapan éta walungan pisan, ceuk cénah, maranéhana nangtukeun tempat ngayakeun pamujaan atawa ritual pangwajibna unggal réngsé panén, mangsa leuit kaeusian deui hasil pepelakan, pangpangna paré. Tempat-tempat upacara ritual séjénna mah aya di mamana, nu ku maranéhna dianggap tempat suci pikeun babakti ka bumi, nu disebut Buana Pancatengah.

Kampung pangtonggohna disebut Kampung Karesian. Ti Kampung ieu, jolna putusan-putusan adat nu pakait jeung upacara ritual. Kampung landeuheunana katelah Kampung Rama. Puun di éta kampung nangtukeun tatanén ogé kabutuh hirup sapopoé warga. Manéhna pisan anu nangtukeun waktu ngamimitian ngolah huma, ti nyacar tepi ka dibuatna, ngurus pangeusi leuit, ngurus kasakit wargana jeung hal séjénna anu pakait raga badag jeung kabutuhanana.

Ari kampung panglandeuhna, nya katelah Kampung Karatuan. Mun aya jelema ti paluaran nu rék nyaba ka éta wewengkon, nya kampung éta bakal pangheulana kasaba. Matak Puun di kampung ieu mah urusanana jeung urusan narima tamu, ti urusan panalékan pamaksudan tamu, tepi urusan hal-hal séjén nu pakait  jeung urusan jalma luar.

Waktu terus terus baganti, robah ti jaman ka jaman. Pangeusi tilu kampung beuki rendey, kabutuh beuki nambahan, atuh tangtu pasualan ogé beuki ngalimpudan kahirupanana. Sedengkeun tetempatan kapanan angger sakitu-sakitu baé. Nya tungtungna mah katilu Puun méré kawijakan pikeun ngababakan nyieun kampung anyar, disebut Kampung Panamping, pangeusina disebut urang Panamping. Ari kampung anu tilu disebut Kampung Tangtu.

Di Kampung Panamping mah teu nunjuk deui Puun atawa Jaro, cukup baé dipingpin ku ku Kokolot Lembur, anu teu bisa nangtukan wawaktuan pikeun ngayakeun ritual upacara atawa kagiatan adat séjénna.

Demi urang Panamping mah dina aturan laku hirupna teu pati matok doang urang Tangtu, da leuleumpangan ka luar kampung iraha baé géh meunang. Malah bisa jual meuli, doang padagang di paluaran. Saenggeus aya Kampung Panamping mah, urang Kampung Tangtu leuwih jojong dina ngalakukeun jeung netepkeun kahirupan adatna.

Mungguh urang Kampung Tangtu mah boga kayakinan, hirup di dunya pikeun tatapa, napaan buana titipan para luluhur, supaya dijaga kaaslianana. Makana cecekelan hirupna éta, ngajaga gunung teu beunang dilebur, lebak teu beunang diruksak, atuh sasaka nu jadi buyut kapamalian, teu beunang pikeun dirobah.

Nilas kudu saplasna, ngadék kudu sacékna, mun ngomong ulah saomong-omongna, teu meunang linyok teu meunang bohong, kudu hirup saayana, sakumaha nu geus dikudukeun jeung diulahkeun ku Hyang Maha Keresa.

Urang Kampung Panamping boga pancén pikeun ngajagaan nu tatapa. Sarupaning nyiar bekel tatapana. Kayaning sasaratan muja, dahareunana, pakéeunana, ogé kabutuh-kabutuh anu euweuh di éta kampung, nya kudu disiar ku urang Panamping ti paluaran. Kapanan uyah, asin, délan jeung sabangsaning hasil ti laut, anu dipibutuh pikeun nyaimbangkeun kabutuh awak, kapanan euweuh di pagunungan mah. Nya éta pisan pancén urang Panamping.

Demi heuseus ngatur kahirupan urang Panamping, pangpangna mah nu aya pakuat-pakait jeung urang paluaran, ogé sual pamarétahan anu sah, nya ditunjuk Jaro Pamarétah. Mibanda pancén nepikeun amanat adat ka pamarétahan, atawa urusan naon baé nu euweuh dina pikukuh urang Wiwitan. Ngan, tetep kawijakan tur kaputusanna mah kudu badami jeung widi heulan ti Barés Kolot.

Ka dieunakeun, ku dibéré kabebasan hirup téa, urang Panamping beuki ngalegaan baé aweuhan patali margana jeung urang paluaran. Tina urusan nyiar kabutuh urang Tangtu nu tatapa téa, lajuna mah tepi kaurusan kahirupan bébas doang urang paluaran. Tina ukur seubeuh ku hasil pepelakan sorangan, laju beuki kana dahareun, papakéan paluaran, samalah gaya hirup urang paluaran anu beuki modérn, teu katadah. Tungtungna mah ditarurutan ku urang Panamping. Atuh beuki dieu beuki jauh méngpar tina tetekon kakuduan urang Kampung Wiwitan.

Tapi saméngpar-meéngparna urang Panamping dina ngalakonan hirup, tetep baé maranéhna masih manut kana kakuduan ngalaksanakeun aturan atawa pikukuh adat mah. Maranéhna masih manut kana kabiasaan-kabiasaan hirup wiwitan, teu gedag kaanginan kabawakeun ku kabébasan hirup urang paluaran.

Ti basa ukur tilu kampung, laju kuari jadi genep puluh tujuh kampung, kajadian demi kajadian beuki mahabu, nu ceuk ukuran kahirupan adat mah beuki jauh méngpar tina tetekon Wiwitan. Puun jeung réngréngan pangurus adat, beuki kawalahan ngaraksa, ngariksa kahirupan turunanana anu beuki loba.

Kampung nu baheula ukur dijugjug ku jalma nu bisa kaitung ku ramo unggal poéna, kuari ngajanggélék jadi panonoban jelema réa. Ti mamana dararatang, ku hayang neuleu kaayaan kampung, hayang apal kana cara hirup jelema anu ngamulyakeun alam. Laju nyoksrok jero ku hayang nyaho kana enas-enasna hirup urang Wiwitan. Sagala ditatanyakeun, sagala ditalungtik, sagala dirayu supaya dibuka harti-hartina unggal laku jeung kekecapan, ogé kabiasaan hirup di dinya, anu horénganan geus kacida bédana jeung kagaliban hirup urang paluaran anu geus sarwa bébas, manut kanu prinsip demokrasi kabébasan cacahan, kabébasan nyaho kana urusan batur, ogé manut kana hukum hak asasi manusa téa geun.

Ari kanyaho urang paluaran kana sual-sual wiwitan éta, aya nu widi heulan ti para kokolot, tapi ogé loba nu  nurustunjung kapanggih ku susulumputan, ngintip kana laku hirup jeung kayakinan urang Wiwitan. Tungtungna, loba buyut nu teu matuh, loba pamali nu teu matih, papagah anu camal, loba karma nu teu nyata, loba pantrang nu dilanggar. Demi nu ngalanggarna, geuningan lain wungkul urang Paluaran, aya ogé anu dijalanan atawa mémang urang dinyana ogé, anu geus kapangaruhan. Aya nu dianggap mimiti cangcaya kana karma, teu panuju ka puguh, teu manut kana pikukuh, kurang yakin kana omongan piwuruk para Puun, papatah para Barés Kolot, minculak kana kabiasaan hirup ti baheula mula. Nya loba nu kalaluar ti Wiwitan.

Laju saha atuh nu kudu disalahkeun? Ja kamajuan geus kaniscayaan, ja puguh jelema mah boga sipat panasaran. Dibéré napsu hayang nyaho jeung hayang nyobaan.  Geus kapastian sacara hukum alam, mun papada jalma geus nyarambung silih muka obrolan, pabéja-béja, silih béré silih pénta, silih asaan silih cobaan, ka dituna geus kapastian bakal silih pangaruhan.

Nu kuat bakal mangaruhan nu leuleus, nu boga bakal mangaruhan ka nu teu boga, nu pinter bakal mangaruhan ku nu bodo, nu nyaho bakal ngabéjaan ka nu teu nyaho, dipénta atawa henteu ogé. Kapanan urang Wiwitan gé boga cecekelan hirup silih asah, silih asih jeung silih asuh téa geun. Nya ieu pisan kanyataan tina éta prinsip hirup éta. Urang kota nu minangkana mah nyaahan, deudeuhan, béréhan, hayang mantuan urang Kampung Wiwitan.

Bakat ku asih ka urang kampung, nya manéhna némbongkeun pamanggih modérnna ka nu tradisi. Nu di kota ramé-ramé méré nyaho ka urang kampung sual kabiasaan kahirupanana. Tangtuna mah maké ukuran kabiasaan urang kota, nu béda jeung kabiasaan kampung, samalah pagedrug jeung kagaliban kabiasaan urang Wiwitan.

Kamajuan di paluaran diébréh-ébréhkeun méh unggal wanci ku urang Wiwitan. Saha nu teu kabita? Ja puguh sipating manusa nu osok waé hayang nyaho kana hal-hal anyar, sok komo dirarasakeun jeung dibayangkeun ku urang Wiwitan “Hirup di kota leuwih ngeunah batan di kampung, pangrasana aturan di kota leuwih bébas batan pikukuh adat maranéhanana.”

Tah mun geus kieu kajadianana, saha atuh nu kudu tanggung jawab kana sakabéh kajadian doang kuari?

Genep paragrap ieu tulisan di luhur, doangna gati kasaba deui di mangsa kuari.

Jaga mah, boa buyut urang, incu urang, meureunan mah boa anak urang, bakal moal apal kana ayana kampung luhur gunung anu manut kana pikukuh adat hirup, ngalakonan kahirupan adat anu ngamulyakeun alam, anu kayakinan hirupna tatapa di buana, napaan alam, nyalametkeun bumi, tempat hirup pangeusi dunya, nu ceuk manéhna mah neguhkeun agama sakabéh agama,  netepkeun nagara sakabéh nagara.

Geuning ceuk sabagéan pikukuhna géh: “Buyut Nu Dititipkeun Ka Puun, Nagara Satelung Puluh Telu, Bangawan Sawidak Lima, Pancén Salawé Nagara.”

Mulya pisan, urang gunung téh geuningan, mikiran pangeusi bumi sagemblengna.

Heup.. ti semet ieu mah, ulah ngabibita ku kahirupan modérn ka urang Wiwitan. Ulah ngajak komo ngarayu kana hal-hal anu méngpar tina pikukuh adatna, sanajan alesan kamanusaan. Maké alesan ngabéjaan hak yén urang Wiwitan géh mibanda hak anu sarua papada manusa. Komo maké dalih méré bonus, mantuan, nulungan, nyaahan, deudeuhan jeung hal-hal kamanusaan séjénna. Kacuali mun maranéna nu ménta, tangtu urang kudu ngabuktikeun kanyaah, kadeudeuh, kaasih urang-urang ka maranéhna.

Tep antep, maranéhna hirup ku cara maranéhna, urang lumaku ku cara hirup urang. Ulah dikaitkeun maké ukuran nu sarua, ja béda tujuan jeung udagan hirupna. Inget “etika” hirup maranéhna, béda jeung “etika” hirup urang-urang di paluaran. Cag.*

           *Rohendi Pandeglang, lulusan Juru Tari Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung, kiwari matuhna di Pandeglang, Banten, ngokolakeun Lingkung Seni Ciwasiat. Sapopoena mancen gawe di Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Pemprov Jabar. Sajaba ti aktif dina seni pagelaran atawa seni panggung, Rohendi rajin nyieun  tulisan dina basa Sunda, boh fiksi boh artikel. Tulisanana dina wangun fiksi remen ngagunakeun  basa Sunda wewengkon Banten nu beda ti basa Sunda Priangan.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Budaya