Kolom Sosial Politik

Jargon Persib “Sabubukna”

0

 

Ku: Ridhazia

PERSIB Bandung tetep kukuh di puncak klasemén Super League 2025/2026 sanggeus ngéléhkeun Malut United dina pertandingan Jumaah (6/2) peuting.

Pintonan di Stadion Gelora Bandung Lautan Api ieu ngabuktikeun yén skuad Maung Bandung maén “sabubukna” ti mimiti menit awal nepi ka menit ahir. Permainan agrésif jeung konsistén éta hasil ngarempak pertahanan Malut United sarta ngagulung Gustafo Franca Cs nepi ka bisa ngabobol gawang Tejakusuma.

Filosofi Sabubukna

Sacara harfiah, bubuk téh nyaéta bahan padet anu dilemeskeun nepi ka jadi partikel-partikel leutik, garing, jeung hasil tina prosés pangumpulan.

Sanajan wangunna lemes jeung leutik, bubuk bisa ngahiji jadi hiji massa anu leuwih gedé jeung padet. Ieu ngalambangkeun kumpulan partikel anu ngahiji, museur kana hiji wangun jeung tujuan nu sarua.

Dina basa Sunda, kecap “sabubukna” mangrupa ungkara idiomatik anu ngandung harti tarung, bajoang, atawa usaha kalayan sagala kakuatan, tanpa nyerah jeung tanpa wawuh ku capé.

Sacara makna, ungkara ieu nekenkeun kana intensitas jeung kaseriusan. Aya komitmen anu lengkep, tekad anu pageuh, sarta sumanget anu luar biasa pikeun ngahontal tujuan anu dipikahayang, jeung deuih  kagagalan teh lain hiji pilihan.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psiklogi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.