Ku: Ridhazia
JAM malam biasana mah pakait jeung kaayaan darurat militer dina mangsa konflik pakarang.
Tapi keur Gubernur Jawa Barat KDM, jam malam téh darurat pelajar. Ieu aturan ditetepkeun husus pikeun ngurangan pelajar tina kacapean fisik jeung méntal. Oge pikeun nyingkahan tina pergaulan nu goréng.
Gagasan jam malam sabenerna mah lain hal anyar. Hal nu sarupa kungsi diterapkeun ku Wali Kota Yogyakarta ti saprak taun 2022. Diterapkeun unggal poé ti jam 22.00 WIB nepi ka jam 04.00 WIB.
Asal-Usul
Jam malam asalna tina tradisi jaman Pertengahan. Asal-usul kecapna tina basa Prancis Kuno ‘covrefeu’ nu hartina ‘ngendalikeun seuneu’.
Tradisi ieu dimaknaan minangka larangan pikeun warga ngahirupkeun obor pikeun nyegah kajadian seuneu (karuksakan).
Jam Malam Militer
Dina mangsa saenggeusna, jam malam jadi kawajiban atawa larangan ti otoritas militer dina jam-jam tangtu nalika aya konflik jeung karusuhan.
Tapi dina praktékna, jam malam téh lain ngan ukur larangan waktu, tapi ogé salah sahiji cara pikeun ngadalikeun rupa-rupa konteks sosial, politik, jeung militer di sakuliah dunya.
Kajadian di Indonesia
Dina sajarah Indonesia, jam malam kungsi diterapkeun sanggeus kajadian karusuhan di Batavia dina taun 1740, salila Perang Pasifik, jeung dina kajadian pulitik Gerakan 30 September 1965. *
* Rudhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments