Ku: Ridhazia
TETELA anggapan yén kaum Adam leuwih kuat tibatan Hawa téh ngan ukur prasangka wungkul.
Ieu fakta nurutkeun élmu pangaweruh. Kaum Hawa leuwih unggul dina daya tahan otot lantaran hormon éstrogén anu miboga peran minangka hormon pelindung sarta ngajaga kakuatan fisik awéwé.
Salian ti éta, sistim imun kaum Hawa ogé leuwih hadé batan Adam. Ieu sadayana lantaran kurnia Gusti, nyaéta kromosom XX dina awéwé anu méré panyalindungan leuwih alus tina rupa-rupa panyakit.
Ku kituna, harepan hirup jeung daya tahan kana stres ogé leuwih kuat. Ieu patalina jeung ketahanan émosional anu luar biasa dina jangka panjang boh dina kaayaan ekstrim.
Para élmuwan ogé manggihan kanyataan yén kaum Hawa sacara alamiah dibéré kakuatan anu istiméwa, nyaéta miboga lapisan gajih kulit anu leuwih kandel, nu kacida mantuanana dina ngajaga kahaneutan awak.
Upama aya anggapan yén Hawa katémbong leuwih gancang kolot batan Adam, nurutkeun élmu pangaweruh hal éta disababkeun ku turunna hormon éstrogén sacara drastis nalika ménopos, anu nyababkeun leungitna kolagén.
Kolagén nyaéta protéin serabut anu panglobana aya dina awak manusa, anu fungsina pikeun ngajaga kakenyalan jeung élastisitas awak.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikolog jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments