Ku: Ridhazia
PRESIDEN bisa dipastikeun keur aya dina kaayaan panik. Sahenteuna kajebak dina dilema antara nunda program MBG atawa naékkeun harga BBM non-subsidi.
Sabab, naékna harga BBM tétéla teu sagemblengna mampuh nurunkeun tegangan kaayaan darurat ékonomi.
Malah sacara signifikan micu tekanan ékonomi anyar. Salian ti éta, ogé teu sanggup nahan terus melemahnya ajén tukeur rupiah.
Eureunkeun MBG!
Numutkeun para ékonom, nunda komo nepi ka ngeureunkeun program MBG mangrupa kaputusan pulitik anu leuwih saluyu jeung tiori ékonomi pikeun nyalametkeun kas nagara.
Léngkah ieu ogé dianggap leuwih rasional batan kudu nambahan deui utang anyar.
Sajaba ti éta, bisa méré sinyal positif ka pasar valuta asing jeung pasar saham.
Ngaleungitkeun program MBG ogé bisa méré kapastian ka para palaku pasar, sarta lalaunan tapi pasti bisa ngabantu mulangkeun deui gerak Indéks Harga Saham Gabungan (IHSG) jeung ajén tukeur rupiah.
Demi Citra Pulitik
Katingalina, saran para ékonom teu sagemblengna “kadéngé” ku présidén. Bisa jadi demi ngajaga citra jeung jangji pulitik, pihak karaton nagara milih neruskeun MBG.
Malah, program Koperasi Merah Putih (KMP) ogé terus dijalankeun sanajan dua program prioritas présidén ieu nguras APBN dina jumlah anu kacida gedéna.*
* Ridhazia, doen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments