Ku: Ridhazia
Ego téh diperlukeun supaya percaya kana diri jeung ngawangun kayakinan kana kamampuh sorangan. Tapi ulah jadi egois!
Ieu nu disebut ku ungkara “ego is enemy” nyaéta sipat anu kacida mementingkeun diri sorangan. Karasa leuwih ti batur nu matak jadi arogan nepi ka teu ngahargaan ka batur.Jalma nu miboga pasipatan jeung kalakuan kieu ialahrna disebut asa aing uyah kidul, asa aing pang pinterna, asa aing pangkawasana, asa aing sagalana.
Egois lain Percaya Diri
Egois mah lain tandana percaya diri. Lamun dibiarkeun, bisa jadi ancaman keur diri sorangan nu sok teu karasa.
Salah sahijina, manéhna jadi hésé narima kritik atawa masukan ti batur sabab sok ngarasa bener sorangan.
Handap Asor
Solusi pikeun ngungkulan egoisme téh nya éta ku diajar terus-menerus jeung evaluasi diri anu teu eureun-eureun, utamana ngeunaan handap asor.
Handap asor téh mangrupa hiji sikap teu sombong atawa teu gumede pikeun nyadar kana kawatesan jeung kakurangan diri.
Sagalana ogé kudu diawalan ku ngahargaan batur, sangkan ulah karasa leuwih ti sasama. Ulah ngahijikeun cita-cita mulya jeung ambisi pribadi anu bisa ngabutakan haté. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments