Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (2/2/2026). Saninten buah saninten/saninten di parapatan/Hapunten abdi hapunten/hapunten kalelepatan. Asa geus rada béh dieu mimiti mireng éta sisindiran anu sok dikawihkeun téh. Mun lain dina calung, biasana dina réog, taun 1960-an. Atawa mun teu kitu asana mah dina gondang. Nu sidik mah dina pintonan kasenian Sunda. Teuing dina panggung Agustusan, teuing di nu hajat.
Ari kuring mah, batan kana éta sisindiran, leuwih ti heula nyaho kana nu disebut buah saninten. Nyaho rupana, nyaho rasana. Ngan ukur harita kitu gé, leuwih ti sawidak taun ka tukang. Da ayeuna mah tacan kaparengkeun deui ngadahar saninten.
Inget kénéh, mimiti ngasaan kulub saninten téh saméméh asup SD. Keur jaman ramé pager bitis, rahayat dikeprak ngepung gunung, pikeun ningker gorombolan. Harita, kolot sorangan gé kabagian giliran kudu milu ka gunung. Kaasup tatangga deuih, anu kasebutna lalaki déwasa mah, teu diiwalkeun. Duka sabaraha poé séwang ngalaksanakeun pancén di gunungna mah. Ngan nu sidik aplusan.
Anu pager bitis ti wewengkon kuring mah, cenah, kabagian tugasna di Gunung Galunggung. Nyaho sotéh ukur tina dédéngé saliwat, lamun diparengkeun kolot keur ngobrol. Bari béja nu kadéngéna ogé ukur ku ceuli budak umur lima taunan.
Najan saukur nu kapireng ku budak, ngadéngé kecap pager bitis téh jiga rék nyanghareupan perang. Rombongan anu rék pager bitis téh ngumpul di sisi jalan atawa di lapang, terus disampeur ku treuk, diakut ka gunung, pasusubuh. Taya nu léngoh, sakurang-kurangna ari bedog mah mawa. Geus karuhan ari béas jeung deungeun sangu atahan mah, katut kastrolna. Nyaksian ari lebah arinditna mah, dibarengkeun jeung tentara. Teuing dikawal, kétah. Pokona mah tentarana ogé samakta. Teuing saregu, teuing sabaraha urang, dina saban treukna téh.
Tah, dina waktu balikna sok pada moro-moro téh. Lain waé moro dongéngna ngeunaan lumangsungna ngepung gorombolan di gunung, tapi deuih oléh-oléhna. Da geuning sok aya nu tara léngoh ari balik pager bitis téh. Anu nyaho téh sok aya nu mawa honjé. Cenah meunang ngala ti gunung. Lian ti éta, anu dianggap anéh téh nyaéta saninten. Éta minangka oléh-oléh ti gunung anu dianggap istiméwa mah. Kaasup bungbuahan langka, da asa tacan kungsi kawénéhan aya nu dagangna, sanajan di pasar.
Buah saninten téh sok dikulub, teu béda ti ngulub suuk atawa siki nangka, rasana pulen. Asa ngeunah pisan da waktu ngadahar kulub saninten harita téh. Teuing pédah ku langka téa meureun, jadi dianggap anéh.
Kuring teu nyaho, jiga kumaha ari tangkal saninten. Cenah mah jangkung, anu geus kolot umurna mah kaina ogé leuwih ti satangkeup, komo anu umurna geus ratusan taun. Éta gé kungsi ngadéngé, kai saninten sok dipaké bahan nyieun imah. Kasup kai boga kelas, cénah. Ngan henteu wé ari disaruakeun jeung jati mah. Kasawangna mah dijieun kusén, atawa rahab suhunan, boh pikeun pananggeuy, pangeret, atawa kuda-kudana.*
Sanggeus kagiatan pager bitis réngsé mah, ti saprak gorombolan serah bongkokan terus tarurun gunung, geus waé teu kungsi manggihan deui buah saninten. Ngan kari nineungna lalakon ngadahar kulub saninten jaman baheula téh.
Jigana barudak ayeuna mah moal apaleun, naon ari saninten. Apan tangkalna gé jadina di leuweung, jeung lain ngahaja pelak jalma deuih. Éta mah jaradi sorangan wé. Jeung apan ayeuna mah leuweungna ogé geus méh béak, tatangkalanana ditaluaran, laju lahanna loba anu robah fungsi jadi kebon.
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadoah sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments