Ku: Tatang Suarsono
SundaNews (5/4/2025). Jaman keur usum keneh silih kirim dahareun mah, ari tos lebaran téh ceuyah ku deungeun sangu. Mimindengna mah tara kadahar. Deungeun sangu sésa téh brek waé dihijikeun, laju dihaneutkeun, tampolana mah sok aya anu kudu tepi ka garing. Dihaneutkeunana dina katél, seuneuna ogé tara gedé, da bisi tutung. Mun geus garing téh sok aya nu rada ngerekes didaharna. Kadaharan meunang ngahijikeun terus dihaneutkeun téh biasana mah dicocol ku ulén. Kitu minangka kostimna.
Ieu deungeun sangu sésa anu dihijikeun téh disebutna baléndrang. Kitu sesebutan anu ilahar mah. Ngan waé ampir di saban wewengkon sok aya istilah husus anu béda ti sesebutanana jeung di wewengkon séjén.
Dina basa Sunda, nya ieu barang anu paling loba variasi ngaran atawa istilahna téh. Anu geus kakumpulkeun 52 kecap atawa istilah atawa sesebutan.
Ari kana barangna mah jigana moal aya anu bireuk, nyaéta rupa-rupa tumis terus dihijikeun-dihaneutkeun. Malah teu ngan tumis wungkul sakapeung mah, da sisirihan opor gé sok kaasupkeun.
Geura waé anu geus kacatet téh disusun alfabétis. Bisa jadi bakal nambahan deui ieu téh.
Ngan anéhna, najan variasi kecapna sakitu lobana, dina kamus Satjadibrata jeung dina kamus LBSS, ieu kecap téh teu nyampak.
- aléndrang
- bacétrak
- bacétrok
- balakatineung
- balakutek
- balendrang
- bangkoyot
- bébécék
- bébéyé
- bebeyé,
- beleketek
- beleketepek
- bengkarak
- bereyut
- bibiyé
- blekecinéng
- bodo héos
- boléndrang
- bolokoték
- bolokotok
- bolondo
- cabrek
- caménong
- cimplo
- ciplo
- déblo
- dongdo
- godog
- goléndrang
- golétrak
- gurubug
- kakarén
- lodéh garing,
- oblo
- obrég
- obrog
- obrok
- oplok-oplok
- orég
- ranca kasih
- réncokan
- samakbrak
- samakbruk
- sanga
- serdan
- timblo
- tumis haseum
- tumis réstan
- tumis sarébu
- tumis sésa
- ulukutek
- wawarid
Ayeuna, ku geus (ampir) leungitna tradisi silih kirim dahareun, jigana baléndrang anu aya di saban imah gé bakal ngurangan, atawa boa euweuh pisan. Enya, apan euweuh nu rék dijieun baléndrangna ogé, ari lain asakan anu dijieun ku sorangan di saimah-imahna mah.
Geura waé, naha satutas lebaran ayeuna bakal baroga baléndrang? *
*Tatang Sumarsono,esais, carponis jeung novelis, sastrawan jeung budayawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Ranbcage, dumuk di Bandung.
Comments