Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (13/10/2023). Akar dina terminologi Sunda ngandung rupa-rupa harti, tur kabéhanana ogé dianggap positif. Dina dunya tutuwuhan, upamana, akar nyekel peran anu kacida pentingna. Tanpa akar, moal aya tutuwuhan anu bisa hirup. Akar lain waé ukur jadi sumber kahirupan, tapi deuih pikeun pamageuh, sangkan éta tangkal henteu rungkad.
Dina kahirupan budaya ogé sarua waé kitu, istilah akar anu geus ngagésér kana harti injeuman téh salawasna disurahan alus, sarta posisina strategis. Paribasa “ka handap teu akaran, ka luhur teu sirungan”, misalna, geus ilahar dilarapkeun pikeun nuduhkeun jalma anu dianggap goréng. Kitu deui istilah pamingpin atawa organisasi “anu teu ngakar”, éta téh sarua jeung pamingpin atawa organisasi anu ukur kasebutna wungkul, lantaran teu boga basis (dukungan) massa.
Istilah ngakar dina kahirupan manusa ngandung harti napak pageuh dina tangtungan jeung budaya sorangan. Atuh ayeuna anu remen jadi kacapangan téh istilah balik deui ka akar, anu maksudna balik deui kana (identitas) budaya sorangan.
Bisa jadi ari maksudna mah minangka tarékah pikeun balik deui ka akar Sunda, ku urang sok remen (atawa rajeun) kabandungan sawatara gegedén maké papakéan, anu cenah, nyunda. Mana komo dina kagiatan anu patali jeung Sunda mah, geus prah maraké kostim nyunda téh. Mana komo deui mun nu ngayakeunana organisasi kasundaan.
Kitu deui di lingkungan balaréa, malah barudak ngora kétang, ayeuna asa geus remen manggihan anu sok maraké iket. Samalah ayeuna iket téh mimiti jadi bagian tina bisnis busana, anu cenah hadé prospékna. Padagang kaki lima gé loba nu ngajualan iket.
Tampil maké busana Sunda, karasa pisan héabna mun rék usum pemilu atawa pilkada. Heueuh apan foto dina baligo atawa poster téh, kandidat sok loba anu maraké busana Sunda. Enya, kaharti lah maksudna mah, ngarah ku balaréa dianggap nyunda, sangkan ngahudang rasa simpati ti balaréa, anu brasna kana ngumpulkeun sora téa.
Dina jaman ayeuna, anu remen disebut globalisasi téa, tarékah balik deui kana akar tradisi téh remen kabandungan dina rupa-rupa widang kahirupan jeung tingkatan sosial. Hal éta mémang geus disawang ku John Naisbitt, anu buah pikiranana remen dirujuk ku anu medar ngeunaan globalisasi. Anu jadi cukang lantaranana mah bisa jadi aya kasadar anu tumuwuh dina diri urang; yén sok sanajan dunya geus ngaglobal, sarta urang geus betah disebut jalma modéren, tapi urang mah tetep waé urang, moal jadi batur. Atawa bisa jadi deuih, pangna inget kana tradisi sorangan, terus hayang balik deui ka dinya téh lantaran dina kahirupan dunya nu geus ngaglobal, tétéla urang téh teu boga peranan nanaon. Atawa, ukur nyekel peran minimal atuh. Urang mah ukur anu purah tuturut munding, ukur jadi konsumén bari jeung dialas batur, sarta teu mampuh ngawarnaan dunya (tong waka ngigelkeun, dalah ngigelan jaman gé tacan sagemblengna bisa). Ku sabab bersaing dina dunya global teu mampuh, nya ahirna balik deui kana akar tradisi sorangan.
Manusa modéren anu baralik deui kana tradisi téh, di antarana Sunda, tur bakal leuwih katémbong dina rupa-rupa kagiatan anu patali jeung kadaérahan. Anu paling ébréh upamana waé dina lebah papakéan. Lian ti éta, ogé dina lebah basa anu digunakeun, anu dianggap jadi ciri komunitas. Kitu deui asésoris-asésoris lianna, ku urang ditarékahan sina balik deui kana akar tradisi jeung budaya. Kanyataan kawas kitu téh mimindengna mah kapanggih dina upacara kawinan. Pék waé geura bandungan lumangsungna acara kawinan anu maké tradisi Sunda; asa enya urang teh dibawa kana alam anu nyunda.
Ngan pasualanana, dina balikna deui kana akar tradisi téh sakapeung urang sok kajiret ku hiji kondisi, yén anu ku urang dicokot tina tradisi téh geuning dina kabuktianana mah ukur luarna atawa cangkangna wungkul. Ari enas-enasna, atawa anu jadi inti (sumber) dina éta tradisi mah lapur teu beunang. Sunda téh ukur beunang luarna atawa cangkangna wungkul.
Dina balikna deui kana akar tradisi jeung budaya téh, anu ditonjolkeun ukur semet papakéan katut asésoris-asésorisna. Dibendo atawa ditotopong, naha rék jas tutup atawa salontréng, calana komprang atawa samping dilamban, milih selop atawa tarumpah. Ukur di dinya muihna ulekan téh. Conto anu paling deukeut upamana dina kagiatan milih mojang jeung jajaka, boh tingkat kabupatén/kota, boh tingkat provinsi. Bisa jadi enya ari papakéanana mah dianggap geus nyunda, tapi ana dititénan dina cara nyarita, upamana, kesanna téh asa patukang tonggong jeung kostimna. Cohagna, Sundana téh saukur témpélan, ukur anu katénjo lahiriahna wungkul, henteu dalit jeung jiwana.
Kitu deui tarékah balik kana akar tradisi anu dipilampah ku para gegedén Sunda, kesanna téh karék semet papakéan jeung asésoris-asésorisna. Tapi ari lebah ajén-inajén katut erohna mah bet luput, atawa tiba kalamot. Malah di hiji sisi mah, Sunda téh kesanna ukur dijieun komoditas.
Balik kana akar tradisi téh, tétéla henteu terus beunang jeung jiwana, da anu digugulung ukur luarna. Conto anu paling déét, dina jiwa Sunda téh euyeub ku sikep silih agéhan, ngaragangan anu lian, surti, basajan. Teu kudu jauh-jauh teuing mulak-malik naskah Sunda kuno mun urang hayang nyaho kana hal éta, upamana anu diébréhkeun dina Carita Parahyangan atawa Siksa Kandang Karesian. Jiwa, sikep, jeung ajén-inajén, ku urang bisa kapanggih dina tulisan béh dieu, upamana anu dikumpulkeun dina buku Di Lembur Kuring karya Sjarif Amin. Dina éta buku digambarkeun kumaha ari sikep jeung tangtungan urang Sunda dina nyanghareupan kahirupan. Tangtu waé ari dina prak-prakan sapopoéna mah teu kudu persis kawas suasana awal abad 20, da pastina ogé geus loba anu robahna. Tapi, ari lebah jiwana atawa enas-enasna mah bakal angger.
Mun ayeuna para gegedén, kaasup urang deuih, loba nu hayang balik deui kana akar tradisi, jigana ulah ngan semet cangkangna wungkul, tapi kudu kana jiwana. Mun enya ajan-inajén Sunda téh nempatkeun sikep basajan, silih agéhan, ngaragangan bari surti ka anu lian, jigana éta anu kudu diheulakeun téh, lebah dinyana, lain ukur ngagugulung asésoris papakéan. Naon hartina gegedén maraké kostim (anu dianggap) nyunda, tapi dina pamolah sapopoéna henteu némbongkeun sikep basajan, jujur, silih agéhan, ngaragangan sarta surti ka anu lian (baca: rahayat anu aya dina tanggung jawabna), anu éta téh ciri Sunda? Naon hartina papakéan anu dianggap nyunda, tapi angger milampah korupsi bari macikeuh ka rahayatna? Da ari keur balaréa mah, keun waé papakéan gegedén henteu dipulangkeun deui ka anu nyunda ogé, nu penting mah jiwana mulang deui kana akar Sunda, anu di antarana ditémbongkeun dina sikep jujur, ngalaksanakeun pancén dibarung ku tanggung jawab, henteu ngarugal-rigel anggaran pikeun kapentingan dirina alias korupsi anu ayeuna keur kacida mahabuna.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments