SundaNews (22/12/2024). Aya babasan can ka Bandung lamun can nyimpang atawa ngahaja ngalanto ka Jalan Braga, hiji tempat wisata nu geus kawentar ti jaman Walanda keneh. Apan di tempat ieu pisan noni-noni jeung para gegeden Walanda karongkow kongkowna teh utamana poe Saptu jeung MInggu. Matak di tempt ieu mah loba kafe jeung toko roti has Walanda. Atuh ti mimiti belasan taun katukang, di jalan ieu oge pangunjung bisa meuli oleh-oleh lukisan kalayan harga murah. Malah pangunjung menta dilukis harita di tempat oge diladenan ku para pelukis potret (Foto: SundaNews/Tina Zahra Amalya)
Comments