KLIK

Basisir Sancang, Tempat Wisata Ikonik di Pakidulan Garut

0

SundaNews (13/01/2025). Baisir (pantai) Sancang nyaéta salah sahiji tempat wisata nu nyuguhkeun kaéndahan alam nu ikonik Pantai ieu kawentar minangka surga nu katutup alatan kaéndahanna nu masih kénéh murni, jauh ti riweuhna kahirupan kota. Perenahna di basisir pakidulan Kabupaten Garut, Jawa Barat. Sancang  miboga ciri khas pasir bodas anu upluk-aplak lega, cai laut anu bulao jeung hérang, sarta ombak anu cukup gedé, cocog pikeun nu resep salancar. Di sabudeureun pantai, aya leuweung mangrove nu jadi bumi pikeun rupa-rupa manuk jeung sato langka. Salian ti éta, wewengkon Pantai Sancang nyimpen kabeungharan alam anu masih kacida dijaga. Leuweung lindung di sabudeureun pantai ieu jadi habitat pikeun flora jeung fauna has Indonesia, kaasup tangkal-tangkal gedé anu dipercaya geus umurna ratusan taun. (Foto:SundaNews/Taupik Ihsan)

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in KLIK