Kolom Mahasiswa

Substack Jeung Tulisan Dina Media Sosial

0

Ku: Lutfi Nabillah Mutaqin

MANGTAUN-TAUN, média sosial dianggap tempat anu panggampangna pikeun nyuarakeun pamadegan. Saha waé bisa nulis, ngaunggah, jeung dibaca ku rébuan jalma. Tapi kagampangan  éta teh aya hargana: algoritma anu nangtukeun naon anu katingali, tulisan kudu pondok sangkan sempet dibaca, jeung panulis ngan saukur numpang di tempat milik platform. Di satengahing kacapé éta, hiji médium anu kadéngé kuno ngadadak deui dilirik, nya éta surat éléktronik.

Substack, anu diluncurkeun taun 2017, nawarkeun cara anu basajan. Platform ieu gratis, boh pikeun panulis boh pikeun nu maca: panulis nulis, nu maca langganan, jeung tulisan langsung asup ka kotak surat tanpa disaring ku algoritma. Pikeun panulis anu hayang, aya ogé pilihan pikeun narik bayaran ti palanggan, boh pikeun sakabéh tulisan atawa ngan sabagian. Ku kituna, panghasilan teu kudu gumantung kana iklan jeung jumlah klik, tapi bisa ditumpukeun kana kapercayaan sakeupeul nu maca satia. Gagasan “sarébu panggemar sajati” anu kungsi ditulis ku Kevin Kelly manggihan wadah prakisna di dieu.

Sabab kitu Substack pantes disebut média anyar. Hubungan antara panulis jeung nu maca jadi langsung, daptar palanggan jadi milik panulis, jeung format tulisan teu diwatesan ku jumlah karakter. Éséy panjang, laporan lapangan, catetan pribadi, nepi ka kurasi bacaan sarua boga tempat. Newsletter saperti Letters from an American karya Heather Cox Richardson, contona, nuduhkeun yén tulisan anu panjang tur tengtrem masih boga nu maca satia dina jaman anu sagala gancang.

Salah sahiji wangun anu pikaresepeun nyaéta newsletter kurasi, anu eusina rekomendasi bacaan. Di satengahing banjir informasi, jalma daék mayar pikeun saringan anu dipercaya. Kurator anu alus teu ngan saukur nempelkeun tautan, tapi ngajelaskeun naha hiji bacaan penting jeung kumaha kaitanna jeung bacaan séjén. Ieu sabenerna pagawéan rédaksi klasik anu ayeuna dilakonan ku hiji jalma, kalayan rasa jeung reputasina jadi taruhan.

Sanajan kitu, médium ieu teu bébas tina masalah. Nu maca anu milih sorangan naon anu dibaca gampang kajebak dina rohangan gema. Jalma ogé moal mungkin langganan belasan newsletter berbayar, sahingga pasar condong ngerucut ka sababaraha ngaran badag. Tanpa panyunting jeung prosés vérifikasi, tanggung jawab akurasi sakabéhna aya dina taktak panulis. Pikeun panulis Indonésia, urusan pamayaran antarnagara ogé masih jadi halangan sorangan.

Tungtungna, Substack moal ngagantikeun média arus utama, jeung memang éta lain tujuanana. Leuwih pas dipikaharti salaku lapisan anyar dina ékosistem informasi, tempat sora individu jeung kurasi pribadi meunang panggung. Pikeun anu hayang leuwih jero ngulik, Amusing Ourselves to Death karya Neil Postman jeung The Attention Merchants karya Tim Wu bisa jadi bacaan awal pikeun ngarti kumaha médium ngabentuk cara urang mikir jeung ngarebutkeun perhatian urang.*

* Lutfi Nabillah Mutaqin,  mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik UIN Sunan Gunung Djati. Kiwari keur tatahar nyanghareupan panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat. 

You may also like

Comments

Comments are closed.