Kolom Mahasiswa

Kabeh Kudu Jadi Sory?

0

Ku: FitriYanti Puspita Dewi

HUDANG  saré, muka Instagram. Keur dahar, poto heula. Keur ulin, unggah story. Malah, nalika keur sedih atawa keur boga masalah jeung batur, média sosial sok jadi tempat pangheulana pikeun curhat.

Rasana, aya waé hal anu hayang dibagikeun ka batur. Ieu kabiasaan geus raket jeung kahirupan barudak ngora kiwari. Tapi, kungsi teu urang mikir yén teu sakabéh hal dina kahirupan kudu dipikanyaho ku balaréa?

Média sosial mémang méré rohangan ka saha waé pikeun ngébréhkeun diri. Urang bisa ngabagikeun pangalaman, némbongkeun karya, nepi ka manggihan jalma-jalma anu miboga pangalaman sarupa. Masalahna timbul nalika kahayang pikeun ngabagikeun carita robah jadi kabiasaan muka teuing loba hal pribadi.

Ti mimiti masalah kulawarga, hubungan asmara, lokasi urang ayeuna, nepi ka screenshot paguneman pribadi, kabéh bisa diunggah tanpa dipikir panjang. Ieu anu sok disebut oversharing, nyaéta ngabagikeun informasi pribadi sacara kaleuleuwihi di rohangan publik.

Sabagian jalma bisa waé nganggap kabiasaan éta téh hal biasa. Da, éta akun média sosial milik sorangan jeung unggal jalma bébas ngunggah naon waé. Tapi, kabébasan pikeun ngébréhkeun diri lain hartina urang meunang mopohokeun résiko.

Sakali informasi sumebar dina internét, urang teu salawasna bisa ngadalikeun saha waé anu nyimpen, nyalin, atawa nyebarkeun deui éta informasi. Unggahan anu tadina ditujukeun pikeun babaturan deukeut ogé bisa nepi ka leungeun batur sarta nimbulkeun masalah anu teu kungsi kabayang saméméhna.

Masalah ieu lain ngan saukur ngeunaan ngajaga rusiah diri sorangan. Nalika hiji jalma ngunggah paguneman pribadi, poto babaturan, atawa masalah kulawarga, privasi batur ogé milu dipertaruhkeun. Hartina, étika digital lain ngan ukur perkara kumaha urang nyarita dina internét, tapi ogé kumaha urang ngahargaan wates pribadi batur.

Terus, naha urang kudu eureun nyaritakeun pangalaman dina média sosial? Tangtu henteu. Ngabagikeun pangalaman téh lain hal anu salah, salila urang ngarti kana watesna. Urang bisa ngabiasakeun diri pikeun nanya ka diri sorangan saméméh unggah hiji hal: naha informasi ieu aman pikeun dibagikeun? Naha aya batur anu bakal dirugikeun? Jeung naha kuring bakal tetep ngarasa nyaman lamun ieu unggahan dibaca ku jalma anu teu dipikawanoh? Patarosan basajan saperti kitu bisa mantuan urang sangkan leuwih wijaksana dina ngagunakeun média sosial.

Pamustunganana, média sosial sakuduna jadi rohangan pikeun ngébréhkeun diri, lain tempat pikeun nyerahkeun sakabéh kahirupan pribadi ka balaréa. Urang teu kudu ngabagikeun sagala hal supaya dianggap matak pikaresepeun, deukeut jeung babaturan, atawa meunang perhatian.

Aya carita anu mémang pantes dibagikeun, tapi aya ogé carita anu leuwih hadé disimpen pikeun diri sorangan atawa dicaritakeun ka jalma anu bener-bener dipercaya. Sabab, teu sakabéh hal anu bisa diunggah kudu diunggah, jeung teu sakabéh hal anu sipatna pribadi kudu jadi konsumsi balaréa.*

  *FitriYanti Puspita Dewi, mahasiswa semester 7 Prodi Jurnalistik Fidkom UIN Sunan Gunung Djati  nu keur tatahar panalungtikan skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat. 

You may also like

Comments

Comments are closed.