SundaNews (11-8-2026). Kiwari urang keur nyanghareupan usum katiga, halodo ereng-erengan, tatangkalan pepelakan ngarangrangan, solokan walungan nyaatan ngorotan nepi ka ngoletrakna. Kaberitakeun loba leuwung jeung gunung nu kahuruan.
Samalah di luar nagri mah leuweung katut gunung nu kahuruan teh nepi ka rebuan hektar. Balukarna loba jalma sarta sasatoan nu perlaya deuih. Pamarentah sataker kebek tihothat mareuman amparan seuneu nu ngabebela unggal usik.
Naha usum halodo, teu aya turun hujan mangbulan-bulan tur kahuruan teh, saukur aya dina alam pasawahan, leuweung jeung pagunungan? Naha nu werit cai gagal panen teh saukur disanghareupan ku para patani di desa-desa pilemburan nu awalna ngemploh hejo cur-cor caina?
Sihoreng henteu. Widang sejen oge loba nu ngalaman paceklik. Boh widang ekonomi sosial boh widang politik jeung demokrasi. Kitu deui, nu aya patalina jeung kasundaan oge, sarua kiwari keur werit paceklik.
Buktina, apan jumlah media nu midang dina basa Sunda teu pernah nambahan. Malah media Sunda nu aya oge, horeng mingkin ngurangan boh periode terbitna, boh jumlah sirkulasina. Atuh jumlah pamaca jeung palanggan oge nyirorot pisan. Panerbitan media Sunda nyanghareupan mangsa gering nantung.
Naha loba nu nulungan? Nyaeta, tojaiah pisan jeung jumlah penduduk seler Sunda nu jumlahnya di Jawa Barat kiwari geus ngahontal angka 45 juta jiwa. Ironis, matak ngangres. Sabab babakuna teu aya hiji-hiji acan koran Sunda nu medal unggal poe.
Boroning unggal poe, nu medal unggal minggu oge, apan kiwari tinggal Galura ti Grup Pikiran Rakyat. Pikeun majalah, samemehna mah aya Mangle, majalah panglipur mingguan basa Sunda nu medal unggal poe Kemis. Kiwari Mangle medal sabulan sakali, dirorok dikokolakeun ku Pusat Budaya Sunda Unpad. Padahal samemehna, 100 taun ka tukang dina jaman kolonial, koran Sunda Sipatuhan geus mayeng medal jadi tuturus bangsa.
Basa Sunda masih diajarkeun di bangku SMP jeung SMA, boh di sakola nagri boh di swasta di sakuliah Jawa Barat. Pangajaran basa Sunda kaasup muatan lokal (mulok). Kitu deui program studi basa jeung sastra Sunda masih rentul di paguron luhur. Jumlah mahasiswa lain ngorotan, tapi mingkin nambahan unggal taun. Tapi naha atuh, jumlah media Sunda mingkin nyirorot, jumlah pamaca media Sunda mingkin ngarangrangan, jeung deuih paminat jadi calon jurnalis media Sunda, mingkin kawas balong nu caina nyaatan nepi ka dasar?
Ka marana lulusan program studi basa Sunda ti paguron luhur? Ku angkeuhan mah, sahenteuna 7-8 persen kudu aya nu mengpar icikibung neuleuman profesi widang media. Kudu aya nu kamotivasi hayang jadi jurnalis, wartawan, atawa penerbit media Sunda. Tapi paktana, dumasar kana pangalaman SundaNews.id. dina dua taun ayeuna, teu aya hiji-hiji acan nu ngontak, sok komo ngajukeun lamaran hayang jadi reporter atawa editor SundaNews.
Apan SundaNews teh, hiji-hijina media massa daring di sakuliah dunya nu medal unggal poe dina basa Sunda. Kuduna pamacana ngarontal artusan rewu malah nepi ka jutaan. Kuduna loba barudak nonoman Sunda nu kataji hayang ilubiung jadi ais pangampih SundaNews.
Nyatana jauh tanah ka langit. Horeng kawerit jurnalis Sunda teh lain kaalaman ku SundaNews wae. Media Sunda sejen, kaasup Mangle mangsa dipupuhuan ku Uu Rukmana keneh (alm), salawasna humandeuar kakurangan jurnalis Sunda. Dina ayana nu ngadon magang oge, geuning teu lana. Duka kunaon.
Ceuk sakaol, jaman geus robah. Urang kudu narimakeun, yen media citak tradisional sabangsaning koran, tabloid jeung majalah, geus teu diambeuan. Geus euweuh nu maca. Kajaba harga kertas mikin ngajaul teu kahontal ku para penerbit media, oge apan ayeuna mah urang keur diperekpek ku teknologi informasi global tur mahabuna media digital. Utamana ku pating trojolna rupa-rupa aplikasi jeung akun media sosial. Jumlah pamakena ngahontal nepi ka puluhan malah ratusan juta jalma. ti mimiti barudak balita jeung rumaja, nepi ka dewasa jeung lansia.
Jadi mun kitu, cindekna, media Sunda teh geus teu diperlukeun deui?* (AS Haris Sumadiria)




































Comments