Kecap Dapur

Bagea SundaNews, Sataun Medal Ka Alam Dunya Digital

0

Ku: AS Haris Sumadiria

SundaNews (11-11-2025). Asa loba kasedih. Tapi asa loba oge kabungah dina poe ieu teh.  Geuning sihoreng SundaNews geus nincak sataun umurna, saprak diborojolkeun ka alam dunya digital  dina 10 November 2024. Salila sataun SundaNews ngeureuyeuh medal unggal poe, kaasup poe libur. Boh libur poe Minggu boh libur kalender nasional. Beda jeung koran atawa majalah edisi cetak nu sok ngilu pere  mun aya libur nasional teh.

Saha atuh SundaNews teh? SundaNews minangka media massa digital hiji-hijina sadunya dina basa Sunda nu medal unggal poe. Sangkan leuwih dipikawanoh di sakuliah dunya, dina tepas ngahaja dibere tulisan promosi: The local journalism from West Java Indonesia. Atuh sangkan leuwih ajeg meungkeut jeung mageuhan identitasna satuluyna  dibere tetengger: midangkeun dunya ku basa Sunda.

 Kumaha cenah salila sataun  teh, SundaNews geus bisa ngahontal ratusan rebu pamacana (views) dina unggal poe atawa unggal mingguna? Balaka wae. Tah perkara ieu pisan nu matak jadi cukang kasedih kahoncewang teh. Ongkoh urang Sunda teh ceuk statistik jumlahna leuwih ti 40 juta jiwa. Ongkoh ti saratus taun ka tukang urang Sunda mah geus miboga media koran Sunda Sipatahunan nu medal unggal poe.

Tapi geuning, kiwari geus euweuh hiji-hiji acan media koran atawa majalah basa Sunda nu medal unggal poe atawa unggal minggu boh di Jawa Barat boh di Indonesia.  Munasabah lamun artis panyanyi kahot Doel Sumbang humandeuar: ka marana ari urang Sunda  kiwari? Doel bener. Enya kituna mah. Naha urang Sunda geus teu barutuheun  bacaan koran, majalah edisi cetak, atawa media massa digital nu dipidangkeun dina basa Sunda?

Ceuk teori, mun koran jeung majalah basa Sunda geus leungit ti kios-kios atawa ti jongko koran  di sisi atawa di unggal pengkolan jalan atawaning gang-gang komplek pamukiman, apan sawadina mah urang Sunda teh baredol desa, pindah ngalabring maraca ka media digital nu aya dina hape sewang-sewangan. Apan bisa disebut haratis. Teu kudu meuli atawa langganan satungtung hape jinisna boga paket kuota pulsa. Tapi hasil panalungtikan kuring  sorangan nandeskeun, geuning tayohna mah media massa digital oge teu dipalire, diapilainkeun ku urang Sunda sorangan.  Urang Sunda ubyag mahabu kaparincut ku media sosial sabangsaning instagram, tiktok, facebook jeung youtube.

Tah ieu teh fakta, lain hoaks.  Jadi, ceuk teori, kitu deui ceuk sawangan kuring, media Sunda teh kiwari geus kabuktikeun teu laku, teu payu, teu aya nu malire, teu aya nu mirosea, teu aya nu mikadeudeuh, teu aya nu mikanyaah, teu aya nu ngamumule. Apan Mangle oge, hiji-hijina majalah mingguan basa Sunda sadunya nu umurna geus 78 taun saprak medal munggaran 1957 di Bogor, Jawa Barat, dina Mei 2025  kamari geus serah bongkokan.  Antukna dirorok ku Pusat Budaya Sunda Unpad gawe bareng  jeung PT Sybas Energi alpukahna Syarif Bastaman, jugala Sunda nu nganjrek di Jakarta.

Ngan hanjakal, kiwari Mangle medalna lain mingguan deui unggal poe Kemis, tapi salin jinis jadi medal bulanan unggal tanggal 15. Kitu ge dua edisi katompernakeun mah, geus teu panceg medal tanggal 15. Malah ngangsrod nepi ka tungtung bulan. Duka kunaon.

Jadi, munasabah mun kuring hayang ceurik kokosodan mun budak balita tea mah. Asa diteungteuinganan. Asa ditaringgalkeun. Asa sina hirup teu neut paeh teu hos sorangan.  Padahal apan sakitu ngaleuyana kekentong jeung para jugala teureuh Sunda teh.  Upamana, naha aya torojol nu marere iklan atawa sponsor naon wae nu kaci dipidangkeun, apan kabuktian suwung.

Tapi ketang ceuk teori oge, di mana wae di alam dunya, pionir atawa inisiator mah teu kaci epes meer, teu kaci belikan, teu kudu loba humandeuar. Keureuyeuh wae, kokolakeun wae,  najan ngos-ngosan oge, najan awak begang pakean rangsak oge. Apan sagala rupa butuh pangorbanan nu rohaka. Apan para pahlawan oge  geuning teu kapincut kunu kararitu. Nu penting mah bisa bajoang sataker kebek pikeun  kapentingan bangsa jeung nagara. Teu aya pamrih nanaon. Teu aya pamaredih nanaon. Rek disebut pahlawan pek, rek teu disebut nanaon oge heug. Kumaha nu dibarendo wae. Sabodo teuing.

Meureun SundaNews oge kudu kitu. Padahal ceuk teori mah, SundaNews bisa ngajomantara dumeh hirup dina ekosistem digital. Nu macana bisa ti sakuliah dunya, jumlahna bisa ngahontal ratusan rebu  atawa beh dituna nepi ka jutaan,  sabab apan cukup ku muka hape. Teu kudu meuli ka jongko, atawa langganan bulanan ka pamedalna. Apan di Indonesia oge, nu baroga hape teh jumlahna teu kurang ti 200 juta, 40 juta di antarana dipiboga ku urang Sunda.

Kusabab kitu, SundaNews baris tuluy  ngeureuyeuh medal unggal poe sakadugana. Da geuning neangan calon reporter jeung editor nu dipiharep bisa tapis nyarita jeung  nulis jadi jurnalis media Sunda oge, nepi ka kiwari can meunang wae. Dina ayana oge, kabeh menta honor atawa menta digajih rutin bulanan sacara profesional. Da meureun sawadina kitu ilubiung dina media profesional kiwari mah.

Hampura bisi aya nu kasigeung, da ieu mah seja balaka nyarita saujradna. Moal disumput-sumput disidem dibunian. Geus mangsana urang Sunda wani jeung biasa ngalakukeun otokritik kalayan dibarengan ku hate nu jembar. Sugan we loba nu kageuing, minimal unggal poe  jadi remen daek maca SundaNews.id jeung media basa Sunda sejenna nu susuganan baris maredal isuk pageto.

Rumasa, SundaNews oge can bisa midangkeun rupa-rupa konten warta atawa tulisan nu baris dipikaresep ku para pamaca. Can bisa nyugemakeun. Da apan can boga ais pangampihna sakumaha nu dipikahayang ti anggalna.  Tekad mikanyaah  jeung ngamumule budaya,  basa,  sastra jeung media Sunda mah ieu oge teu weleh ngagedur. Clik putih clak herang. Piduana jeung pangdeudeulan wae ti sakumna pamaca jeung  urang Sunda di sakuliah dunya. Cag! *

* AS Haris Sumadiria, panaratas jeung pupuhu SundaNews.id jeung SundaNewsFarm Bandung,  sapopoe ngadosenan di Prodi Ilmu Komunikasi jeung Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Kecap Dapur