Kecap Dapur

Fiksi Mini: Nyumponan Kahayang Warganet Gen Z?

0

SundaNews (15-11-2024). BISA jadi, SundaNews bakal disebut gehgeran kulantaran  ngamimitian ngamparkeun fiksi mini oge.  Disebut oge, dumeh apan dina media sosial mah rubrik fiksi mini teh teu sirikna geus pabalatak. Palebah deui mah, sihoreng kacida lobana pangarang anyar nu rerencepan mintonkeun karyana sewang-sewangan. Nu dipilih lain media massa cetak sabangsaning koran tur majalah. Tapi geuning ubyagna mah dina  media sosial utamana  facebook.

Media sosial, saperti ceuk teori new media, kiwari geus mampuh ngabalapan media konvesional koran jeung majalah. Meureun kabehditunakeun mah, koran tur majalah teh geus kadeseh. Saperti nu teu walakaya yanghareupan media sosial. Sabab apan media sosial mah milik sorangan, dieusian ku sorangan, diposting ku sorangan. Sagala rupana estuning kumaha sorangan. Cindekna, rek dieusian ku bulu kelek heheotan oge moal aya nu nyaram. Pek teh teuing. Sabodo. Kuma karep.

Tah, antukna kaharti lamun kaum rumaja, pamuda, kaum bujangan,  kaum warganet generasi Z umur 17-24 taun,  malah beh dituna mah  ibu-ibu nu ngaarora umur 25-40 taun, nyaroba uplek tulas-tulis samampuhna. Pajarkeun teh tibatan nyabutan bulu tuur. Brasna mah geuning jaradi karya fiksi. Utamana ngawujud fiksi mini. Tapi naon atuh disebut fiksi mini teh?

Salila ieu, urang miwanoh naon nu disebut carita pondok. Dilandian carpon. Panjangna rata-rata 4-5 kaca format A4 dina layar komputer.  Mun sanggeusna dicitak dina majalah bisa nembrak jadi 2-3 kaca. Sabalikna, fiksi mini mah, cek ugeran nu dicekel ku admin grup-grup komunitas  fiksi media sosial, panjangnya teu meunang leuwih ti 150-200 kecap. Lamun leuwih, nya kapaksa kudu dipotong, diringkes  deui. Da apan, konten naon wae, dina media sial mah teu kaci panjang, komo ngayayay mah. Eta teh dipahing pisan.

Fiksi mini kudu nyumponan sakurangna salapan unsur: ide dasara tawa tema, judul, ngaran pangarang, intro atawa bubuka, tokoh, karakter tokoh, jalan carita nu disebut alur atawa plot, jeung ajen, niley, atawa ceuk bahasa komunikasi mah, pesan nu baris disdorkan ka pamaca.

Saleuwihna, nya tong poho pilihan teknik panyajian nu model kumaha. Tapi fiksi mini mah, lolobana mintonkeun teknik kejutan (surprising).  Cohagna, panutup carita atawa klimaksna teh, sok teu diduga-diduga, disumputkeun, matak helok atawa matak neumbag  kanu maca. Jadi lain cumarita saberelena kawas milang kacang. Lain malapah gedang, deuih.  Fiksi mini ditulis taya lain pikeun ngahibur pamaca. *

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *