SundaNews (19-11-2024). Naha bet disebut barakatak birikitik? Apan bahasa Sunda mah leubeut pisan ku kecap panganteur, upamana wae: barakatak seuri, jrut turun, kalacat naek, bral miang, bras meuntas, nging ceurik, clom giriwil. Basa Indonesia mah teu bogaeun nu kararitu teh. Teu miboga kecap panganteur.
Basa Sunda direumbeuy ku kecap panganteur, cek para ahli mah lain wae sangkan murwakanti, tapi oge supaya nyecep kana hate. Geuning sok remen dipadungdengkeun dina rupa-rupa sawala, yen basa Sunda mah basa rasa. Jadi, kajaba kaharti maksud jeung hartina tina unggal kecap nu diberelekeun, oge matak merenah tur tumaninah pikeun singsaha wae nu maca atawa nu ngadengena.
Dapon barakatak birikitik? Reka ka mana cenah ngaleorna? Teu matak balungleng nyusudna, da nyocok nyoko pisan kana kecap barakatak seuri. Cek para inohong, urang Sunda di mana wae jeung ka sasaha wae, teu weleh seuri atawa ngajak seuri. Urang Sunda kauger ku budayana nu dina sagala paripolah teu weleh dipasieup atawa disuluran ku seuri jeung heureuy. Cenah can kaasup urang Sunda lamun tara heureuy, lamun teu beuki heureuy, atawa lamun teu kaopan diheureuyan.
Ambeh nyurup kana eta babasan jeung deuih sangkan jadi ciren yen ieu teh rubrik nu ngaran resmina mah carita humor, atuh SundaNews ngahaja marodikeun jadi barakatak birikitik. Ku cara itu, sugan we para pamaca gancang kapincut ku judul rubrikna, neumbag kana hatena, tur geuwat muka macaan nitenan eusi caritana. Tah lamun pamaca tuluy ngabarakatak, eta teh ciren kahayang pangarang geus kacumponan. Hartina, pangarang geus bisa ngajak pamaca seuri ngabarakatak, atawa seuri nyenghel ngabirikitik. Sukses.
Ceuk para ahli, humor teh kacida perluna pikeun kasehatan mental urang. Saupama urang remen seuri alatan ngadenge atawa aya nu cumarita dibeuweung ku homor, eta teh tanwande urang kaasup jelema nu sehat sacara mental. Malah ceuk sakaol mah humor nunjukeun tingkat kacerdasan urang.
Sok we bandungan, apan loba inohong, tokoh, kekentong, nu cumarita atawa biantarana teu weleh direumbeuy kekecapan atawa rupa-rupa carita humor. Mun dipesek luwih lero, humor oge cenah bisa nunjukeun kapribadian urang, Nu judes, nu jutek, nu baketut haseum wae paromanana, apan teu kaasup jalma nu dipikaresep ku balarea. Malah mah sabalikna pada ngajauhan.
Sabage media massa digital munggaran di dunya dina basa Sunda, SundaNews mibanda kahayang pikeun nyehatkeun mental jeung intelektual pamaca, ku cara midangkeun carita humor bakarakatak birikitik. Sugan wae pamaca kahibur. Tangtuna oge hiburan nu sehat jeung teu ngalabrak etika sosial nu aya di tatar Sunda. Tah, iraha atuh rubrik barakatak birikitik ieu teh midang di SundaNews? Dagoan we, da moal kungsi lila deui. Malah ceuk harewos bojong mah poe ieu keneh. Cag. *
Comments