SONO uplek tur nyogok. Meureun kitu loyogna sanggeusna SundaNews tepung lawung jeung pangarang tur sastrawan Sunda kahot di salah sahiji rumah makan di kuloneun kampus UIN Cibiru, Kota Bandung, Salasa 12 November 2024.
Saha?Taya lian ti Drs Tatang Sumarsono. Boroning kolot nu aya patula-patalina jeung Sunda, dalah barudak satepak oge ka Kang Tatang Sumarsono mah geus arapaleun. Apan salian ti jadi jurnalis, cerpenis, novelis, sastrawan jeung budayawan, Tatang Sumarsono oge jadi dosen bahasa jeung sastra Sunda di sabaraha paguron luhur di Bandung.
Eta we geura korehan media sosial, asa clom giriwil manggihan sabaraha rubrik bahasan ngeunaan bahasa, budaya, jeung sastra Sunda nu diluluguan diparajian ku Tatang Sumarsono teh. Sakabeh rubik eta medar rupa-rupa perkara kabahasaan jeung kasundaan. Matak pogot macana oge. Heueuh apan ditulis ku jurnalis sakaligus sastrawan kahot tea.
Naha bet disebut sono? Enya dumeh geus lila teu patepung. Dina tepungna oge ngan dina chat WA. Kitu we utamana mah mairan sakecap dua kecap saupamana SundaNews geus maca tulisan atau pedaran Tatang di face book.
Ari disebut uplek tur nyogok? Hih ieu mah lain nyogok sabangsaning nu dipahing samodel suap atawa gratifikasi. Nyogok nu dimaksud di dieu mah nyaeta obrolan teh kajaba ti uplek, oge loba nyubat-nyabit perkara media, jurnalistik, karya sastra barangsaning puisi, carpon, novel. Apan Tatang Sumarsono mibanda ratusan karya sastra nyongcolang di imahna. Lolobana mah geus diapungkeun dina media, boh koran jeung majalah, boh buku atawa kabehdieunakeun mah dina media sosial.
Antukna, sanggeus diperedih, Kang Tatang teh leah. Yen anjeunna siap ngabantu tur ngadeudeul SundaNews, utamana dina nyiapkeun rupa-rupa naskah nu baris dijadikan kokojo atawa minangka jontrotna dina SundaNews. Salah sahijina carita nyambung. Apan dua-tilu dekade ka tukang mah, carita nyambung teh estuning jadi jontrot pamikat koran jeung majalah.
Ku kituna, ayeuna baris dipidangkeun deui ku SundaNews. Sugan we jadi viral, dikaresep didago-dago ku pamaca di sakuliah dunya. Malah pangarang siap nyitak ulang dijadikeun buku deui saupama eta carita nyambung teh dipikaresep ku balarea. Iraha midangna? Dagoan we. Insya Allah saelatna dua minggu deui.
Comments