SundaNews (6-12-2024). Naon rubrik dina wanda koran, tablod, jeung majalah basa Sunda nu dipikasono didago-dago saban medal ku para pamaca? Pasti urang sapuk, taya lian salah sahijina mah carita pondok. Nenehna disebut carpon. Enya carita fiksi nu ditulis sapanjang 4-5 kaca komputer atawa laptop. Carita nu ngandelkeun kreativitas pangarang dina ngareka imajinasi, fantasi, intusi, jeung kognisi, dina wangun hiji carita nu ajeg.
Disebut ajeg, apan carpon teh kudu jentre naon temana, saha tokoh palakuna, kumaha wawatekan karakterna, di mana lokasi kajadian caritana, kumaha entep seureuh alur jalan carita atawa plotna, nu kumaha gaya basa nu dipilih disodorkeunana. Atuh kitu deui kumaha pangarang ngawangun logika, sistematika, jeung konflik nu diebrehkeun sangkan carita nu diwangun matak pogot pikeun para pamaca. Jeung deuih carpon teh kudu mawa pesan jeung niley-niley moral nu baris ditepikeun ku pangarang ka urang.
Palebah tujuan pidangan carpon mah, utamana tangtu nyoko ka fungsi buhun media massa sarta kahayang para pamaca, nyaeta hiburan: panglipur.Beh dituna bakal diselipkeun oge niley-niley atikan nu ngahaja ditepikeun ku pangarang dina wangun carita nu lantip. Digalokeun dina adonan runtuyan kalimah nu ngaberele, lir cai pancuran wanci subuh nu nyurulung matak nyecep ka sakujur awak.
Carita pondok atawa carpon teh ngawengku sababaraha kategori. Lamun diwincik, upamana wae kategori carpon barudak, carpon rumaja, carpon dewasa, carpon sagala umur. Atuh genrena, aya carpon horor samodel puriding puringkak. Aya carpon laga (action) nu madungdungkeun katangkasan bela diri silat, kungfu atawa karate. Aya carpon musikal nu ngadumaniskeun lagu, tari, jeung musik sapuratina. Aya oge carpon genre kriminal atawa spionase.
Tapi lolobana atawa guyubna mah nu dipidangkeun teh carpon genre kahirupan individu atawa kulawarga. Tah palebah dieu, tema cinta, kaasih, katresna, kakeuheul kageuleuh, kanyenyerian, timburu, hianat, panineungan, remen pisan dipintonkeun. Favorit pisan. Didago-dago meh sosonggeteun ku para pamaca. Sabab pasualan nu dicaritakeun dina carpon geuning tayohna mah sering pakuat-pakait jeung pangalaman, pikiran, sarta gerentes hate urang sorangan salaku pamacana.
Tah ku kituna, urang ngarasa kahibur, asa kawakilan, asa dibelaan, asa cop sahate pisan. Nu kieu nu disebut carpon populer teh. Maksudna lain carpon kategori sastra, nu biasana mah sok beurat macana, hese dicerna. Tapi teu sakabeh carpon atawa novel sastra kawas kitu. Tempo jeung deres we geura sababaraha novel nu kapeto meunang Hadiah Sastra Rancage.
Pikeun pamaca nu jorojoy hayang midangkeun carpon karya kreatifna dina rubrik carpon SundaNews.id, sok kirim we via WA ka nomor 0895-2744-7017. Panjangna 5 kaca komputer atawa laptop, diketik 1,5 spasi, jenis pont hurufna times new roman, ditulis ngan dina rata kenca hungkul (teu kaci rata kenca-katuhu kawas makalah).
Naskah carpon dikirim dina format word document, ulah versi PDF. Tong poho berelekeun biografi singkat jeung alamat padumukan pangarang sarta no HP nu aktif. Panjangna cukup saparagraf, pleus foto pangarang format close up (ngan kaciri beungeut). Panungtung, tulis nomor rekening bank. Carpon nu kapilih dipidangkeung, tinangtu baris narima honorarium. Gede leutikna mah, rusiah redaksi. Satutasna aya nu ngencring kana rekening, engke oge kauninga sabarahana. Mangga, diantos nya. Cag! *
Comments