Kolom Sosial Politik

Kurud Balanja Sacara Selektip!

0

 

Ku: Ridhazia

KITU ceuk ékonom Chatib Basri anu ahir-ahir ieu ngaranna mindeng disebut-sebut minangka calon Menteri Keuangan.

Alumni Australian National University ieu kalawan nada hampang ogé negeskeun yén pikeun nyanghareupan tekanan fiskal, Indonesia ngan boga tilu pilihan, nyaéta ningkatkeun pajeg, memangkas belanja, jeung nambahan hutang.

“Lamun anjeun teu bisa naékkeun, mangka anjeun kudu motong. Lamun teu bisa motong, anjeun kudu nginjeum (ngutang). Sasederhana éta,” ceuk urut Menteri Keuangan (2013-2014) dina mangsa pamaréntahan Susilo Bambang Yudhoyono.

Cut!

Tina tilu pilihan éta, pikeun ngaréngsékeun pasualan ékonomi Indonesia kiwari, nu pangmungkinna dilaksanakeun nyaéta: “Cut the spending selectively!”

Hartina, ngurud  sagala rupa belanja anu henteu penting. Kaluarkeun duit sacara selektif, tapi tetep méré prioritas kana waragad pikeun program-program rahayat anu sifatna ngadesek.

Program rahayat anu dimaksud nyaéta widang pendidikan, kaséhatan, jeung bantuan sosial. Tilu program éta kudu tetep dijaga, malah lamun perlu dipaliré jeung dipalindungan sangkan henteu ngaganggu stabilitas perekonomian.

Nambahan Utang?

Pilihan pikeun nambahan pinjaman ti nagara séjén atawa lembaga kauangan internasional lain solusi anu idéal. Dina kaayaan ékonomi anu teu pati hadé, moal gampang pikeun hiji nagara atawa lembaga kauangan mana waé méré pinjaman.

Leuwih ti éta, biaya pinjaman ayeuna keur mahal lantaran suku bunga global masih luhur. Ditambah deui résiko kapercayaan (confidence risk) ti dunya internasional keur turun sabab rohangan fiskal di nagara ieu beuki kawates.

Pajeg Naék?

Naekkeun  pajeg dina kaayaan perekonomian anu keur teu séhat ogé lain kawijakan anu réalistis. Risikona gedé, boh tina sisi ékonomi boh pulitik. Nu aya mah ngan ukur nambahan beban jeung kasangsaraan rahayat.

Tah duka can kairong, kumaha pamadegan sang ékonom ngeunaan naékna tarif BBM non-subsidi?*

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati,kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.