Ku: Ridhazia
LAPANG Gasibu anu perenahna pas nyanghareupan Gedong Sate diperkirakeun sataun ka hareup bakal geus ngahiji dina hiji kawasan anu terpadu.
Duanana, minangka warisan jaman kolonial Walanda, bakal dijadikeun kawasan rohangan publik héjo kabuka anu lega. Engkéna, dua tempat sajarah éta moal deui dipisahkeun ku Jalan Diponegoro.
Night Run
Salila ieu, lapang anu legana 25.956 méter pasagi téh masih jadi pilihan paporit masarakat. Utamana pikeun anu resep kana night run, nyaéta olahraga lumpat dina waktu peuting.
Lintasan lumpat (jogging track) di Gasibu kaasup méwah, maké bahan sintétik standar internasional kalayan panjang 400 méter.
Ti Jaman Kolonial
Dina mangsa kolonial Walanda, Lapang Gasibu dipikawanoh ku ngaran Wilhelmina Plein atawa Lapang Wilhelmina.
Mimitina, tempat ieu diwangun minangka fasilitas rohangan kabuka pikeun ngarojong Gedong Sate anu waktu harita dijadikeun kantor pusat Departemen Pausahaan Pamaréntah (Department van Gouvernementsbedrijven).
Salian dipaké pikeun kagiatan jeung upacara militér, lapang ieu ogé jadi tempat kumpulna warga Éropa di tengah hawa peuting Kota Bandung anu tiris jeung khas.
Gedong Sate mimiti diwangun dina 27 Juli 1920 sarta réngsé dina taun 1924. Gedong ikonik ieu dirancang ku arsiték Walanda, Ir. J. Gerber, kalayan dibantuan ku V.L. Slors jeung Eh. De Roo.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments