Budaya

Adeg-Adeg Jeung Tangtungan Sunda

0
Salah sahiji tradisi tatanen nu biasa dijadikeun kagiatan sarta ugeran budaya masarakat nu dumuk di wewengkon Sunda di Jawa Barat (Foto:SundaNews/Gramedia)

Ku: Tatang Sumarsono

SundaNews (10/4/2025). Mun ngarujuk kana kamus Sunda, kecap adeg-adeg téh hartina (1) tanda mimiti nulis dina aksara Jawa (ha-na-ca-ra-ka); jeung (2) pananggeuy suhunan. Ari tangtungan nyaéta pamadegan (pendirian, Ind.). Adeg-adeg loyogna kana jenggléngan anu sipatna fisik, ari tangtungan nyokona kana hal-hal batiniah (psikis). Mun dipatalikeun jeung Sunda, boa-boa adeg-adeg jeung tangtungan Sunda téh bisa dirumuskeun leuwih ringkes jadi identitas Sunda.

Idéntitas téh nyaéta ciri atawa kaayaan husus nu dipiboga ku hiji jalma, boh nu sipatna fisik (lahir) boh psikis (jiwa/batin). Bisa dilegaan deui, tumerapna teu ngan ka saurang, tapi jalma jenuk—larapna mah bisa ka komunitas, saturunan atawa sakocoran karuhun, sabeungkeutan profési, sapadumukan di hiji wewengkon, sakayakinan, jeung sajabana.

Idéntitas Sunda tangtuna tumerapna ka urang Sunda. Idéntitas anu nyoko kana hal-hal nu sipatna psikis sok disebut jatidiri, anu éta téh bisa kagambar dina ucap jeung paripolah, katut sakur anu dihasilkeunana, rék nu dianggap hadé, rék nu dianggap goréng. Éta minangka indikator pikeun ngukur jatidiri téh. Jatidiri Sunda, éta téh ciri husus nu dipiboga ku urang Sunda, sok sanajan dina kanyataanana mah geus loba anu paselup atawa bias—naha ieu téh Sunda atawa lain. Mun nyaritakeun jatidiri Sunda, tangtu maksudna lain ka hiji jalma, tapi ka kum urang Sunda. Jatidiri nu sipatna batin nyampakna dina moral, karakter, jeung spiritualitas.

Remen kapireng, jatidiri Sunda téh keur ngarandapan krisis. Lamun enya keur dina kondisi kitu, naha naon nu jadi ukuranana? Henteu babari ngajawabna téh, sabab réa variabelna. Ngan nu jelas, kecap “krisis” téh ngandung harti négatif. Dina krisis téh nuduhkeun ayana prosés anu jugjuganana atawa pihasileunana matak pikasalempangeun tur teu dipiharep atawa teu luyu jeung cita-cita.

Urang bisa tumanya, naha iraha ari jatidiri Sunda keur teu krisis? Naha Sunda dina jaman Pajajaran, atawa waktu Sunda dipangaruhan ku Mataram, atawa Sunda “jaman normal”—jaman Roesdi jeung Misnem, atawa Sunda sanggeus jadi bagian ti Indonésia, atawa ayeuna dina jaman dipresidénan ku Bapa Jokowi? Tétéla ngajawabna téh teu gampang.

Ngan waé, lamun urang ngabandungan anu ngébréhkeun kasalempang, mindeng pisan kapireng yén urang Sunda keur ngarandapan krisis, jeung dina hal anu rupa-rupa deuih. Éta ungkara téh jol-jol pada ngaheueuhan wé, tepi ka jadi kacindekan: urang Sunda mémang keur ngarandapan krisis multi diménsional. Nya bisa waé aya anu teu engeuh kana éta krisis téh, lantaran teu mikir atawa teu wanoh ka Sunda jeung ka dirina sorangan.

Heup heula lebah dinyana mah. Urang ulah sok tambah ngalelewang diri sorangan.

Jatidiri Sunda kacida raketna jeung idéntitas manusa Sundana sorangan, anu antukna ku urang remen dirumuskeun jadi tipeu manusa Sunda. Mémang kaharti, sabab apan jatidiri téh jadi bagian tina “unsur jero” manusa (karsa), anu saterusna diébréhkeun dina paripolah atawa perilaku, sarta ahirna ngalahirkeun produk budaya. Nya ku sabab éta, mun aya nu maluruh jatidiri Sunda, bakal langsung ngarujuk kana tipeu manusana.

Naon jeung kumaha atawa anu kumaha manusa Sunda téh? Ieu gé tétéla teu babari ngarumuskeunana, sabab bakal ngawengku panjangna sajarah anu karandapan ku manusa Sunda dina welasan abad. Sulitna maluruh hal éta téh lantaran kurangna bukti tinulis anu bisa dijieun dadasar atawa tatapakanana. Pikeun nyebutkeun sumber heubeul anu ngadadarkeun informasi ngeunaan hal éta paling-paling urang ukur bisa nyebutkeun naskah Carita Parahiyangan jeung Siksa Kandang Karesian, upamana.

Enggoning ngaidéntifikasi manusa Sunda, utamana anu jumenengna dina mangsa baheula, paling-paling urang ngan ukur bisa nataan sajumlahing tokoh, anu mimindengna mah deuih ukur dumasar kana legénda anu terus dimitoskeun atawa dianggap mitos, hususna tokoh anu ngalakon dina jaman baheula (sebut waé upamana: Prabu Siliwangi anu geus sakitu napelna dina batin urang Sunda). Tapi sajarah ngabuktikeun deuih munculna rupa-rupa tokoh anu teu idéntik jeung tipeu Siliwangi. Éta hiji hal anu wajar, sabab apan sakur tokoh téh dilahirkeun dina jaman anu béda-béda.

Nya ku sabab éta pisan, lamun tipeu manusa Sunda sina ngarujuk  ka sajumlahing tokoh ti jaman baheula tepi ka ayeuna, tangtu bakal réa rupana—tur masing-masing boga kapunjul jeung kakuranganana. Upamana waé aya Dipati Ukur, Haji Hasan Mustapa, Oto Iskandar Dinata, Dewi Sartika, Iwa Koesoemasoemantri, Syafrudin Prawiranegara, Ema Bratakusuma, Juanda, Ema Puradiredja, Amirmachmud, Ali Sadikin, Solihin GP, Ajip Rosidi, Tjetje Padmadinata, Ginanjar Kartasasmita, Popong Kurniasih, Teten Masduki, Eep Saefulah Fatah, atawa Desy Ratnasari.

Tokoh mana waé anu réprésentatif dianggap ngawakilan manusa Sunda? Pastina ogé sulit mastikeunana, sok sanajan teu kaasup hal nu mustahil. Ari sababna mah, antara tipeu hiji tokoh jeung tokoh lianna henteu sarua, malah mungkin waé dina sawatara hal mah aya anu patukang tonggong. Apan élit Sunda baheula gé aya anu resep jajawaan, aya anu resep wawalandaan, upamana.

Sacara umum, ciri-cirina urang Sunda anu mindeng dicaritakeun téh nyaéta: soméah, amis budi, lemes paningkah, boga jiwa satria, basajan, harmonis, surti, bruk-brak, humoris, jeung ciri-ciri séjénna anu ngandung harti positif. Ngan lamun urang mikir kalawan kritis, anu bieu ditataan mah asupna kana ciri-ciri ideal manusa Sunda, da ari dina kanyataanana mah teu (sagemblengna) kitu. Sok sanajan bisa waé henteu loba, nya aya apanan urang Sunda anu kasebutna tokoh anu boga pasipatan borangan, sok ngahianat, teu boga pamadegan atawa luak-léok, resep ngunek-ngunek, murukusunu, delitan, mentingkeun dirina sorangan, korup, teu nyaah ka sarakan, jeung henteu bruk-brak ogé (boh anu hirup dina jaman baheula, boh anu ayeuna masih kénéh jumeneng).

Aya deuih anu ngarumuskeun tipeu urang Sunda téh ku cara ngabandingkeun antara dua tokoh legéndaris, nyaéta Sangkuriang jeung Si Kabayan. Sangkuriang téh pribadi anu “nanaon ku nanaon”, ari Si Kabayan mah sabalikna, jenggléngan tina pribadi anu “teu nanaon ku nanaon”. Tah, tipeu urang Sunda téh cenah aya di antara éta dua kutub anu ékstrim. Tapi, éta babandingan téh asa abstrak teuing, tur bakal sulit mun diidéntifikasikeun dina réalitas sapopoé.

Mun téa mah urang ayeuna rék nyoba-nyoba ngadéskripsikeun krisis jatidiri anu keur lumangsung, paling-paling urang bisa ngukurna téh  ku kondisi idéal anu cikeneh ditaan. Dumasar panitén sabéngbatan, bawirasa ku urang gé karasa yén dina kahirupan manusa Sunda kiwari téh mémang aya sawatara hal anu barobah, anu saterusna sok dicindekkeun jadi krisis téa. Ngan waé mun hasil ngukurna hayang akurat mah, urang perlu ngabuktikeun sacara analitis tur komprehénsif. Teu ngan saukur sawangan sabéngbatan. Panalungtikan ngeunaan hal éta, anu karasa téh kesanna masih kénéh parsial, tacan jadi hiji kegemblengan.

Éta parobahan anu ngalantarankeun krisis téh datangna henteu ngadadak jeung sakaligus, tapi nungtutan ku asupna rupa-rupa pangaruh ti luar kana kahirupan urang Sunda. Mémang kitu lumrahna, da nu ngarandapan kitu téh henteu ngan sélér Sunda waé. Parobahan anu kumaha waé ogé dina dina idéntitas manusa jeung budaya Sunda kiwari, ulah disawang sacara regional hungkul, tapi kudu dipatalikeun jeung kontéks nasional, malah global. Ari sababna, apan urang Sunda kiwari mah teu bisa dipisahkeun tina ka-Indonésiaan.

Jadi gegedéna krisis dina hal naon atuh anu patali jeung jatidiri anu ngalantarankeun urang Sunda nyirorot téh? Jawabanana: dina aspék kapamingpinan. Ari sababna, nya dina aspék kapamingpinan pisan loba tinggaleunana urang Sunda téh. Urang Sunda henteu (atawa teu pati) asup itungan. Peranan urang Sunda di nasional teu sabanding jeung jumlah cacah jiwana anu aya dina posisi kadua panglobana di Indonésia.

Bisa jadi aya anu tumanya, naon ukuranana mun aspék kapamingpinan urang Sunda ayeuna keur ngarandapan krisis? Naha kungsi kitu urang Sunda cumarita? Pikeun ngajawabna, urang bisa ngungkab data sajarah. Jaman ngadegna Karajaan Sunda (ilaharna urang sok nyebut Pajajaran), urang Sunda téh boga kadaolatan, sajajar jeung bangsa séjénna. Ti dinya terus pareum, mana komo sanggeus Sunda dikawasa ku Mataram mah, terus disambung ku jaman kolonial. Dina jaman Sunda dikawasa Mataram, kungsi muncul Dipati Ukur, tapi ngan sagebragan pisan, da kaburu ditumpes ku Mataram, bari lebah numpesna téh sawatara gegedén Sunda lianna milu mantuan.

Karék kacaritakeun deui dina awal abad ka-20, nyaéta ku munculna Oto Iskandar di Nata anu ludeung nyoara dina sidang Volksraad atawa Déwan Rayat, kalawan tujuan pikeun ngangkat harkat darajat bangsa Indonésia. Pa Oto ludeung nyoarakeun cita-cita kamerdékaan, waktu tokoh séjénna masih kénéh jarempé. Ngan nya kitu, ahirna Pa Oto ngarandapan nasib tragis, jadi tumbal révolusi, alatan dipateni ku bangsana sorangan anu teu tanggung jawab.

Sabada Pa Oto asa tacan aya deui urang Sunda anu muncul dina widang kapamingpinan, dumasar kana karepna pribadi sarta dikuatan ku karakter. Mémang ari urang Sunda nu boga préstasi mah aya, mun teu rék disebut loba ogé, tapi lain dina widang kapamingpinan kawas Pa Oto.

Gedé kamungkinan, ayana krisis kapamingpinan di Sunda téh utamana mah dimimitian ti sanggeusna Sunda dijajah Mataram. Aya parobahan méntalitas anu gedé atawa pohara, tina bébas merdéka jadi kumawula. Disambung deui dina jaman kolonial, anu beuki heureut waé lahan pikeun ngabréhkeun kapamingpinan anu mandiri téh.

Minimna urang Sunda nu tampil jadi pamingpin kalawan mampuh nyodorkeun konsép anu nyongcolang, dina kanyataanana mah terus waé tatalépa. Sanggeus Indonésia merdéka, terus jaman Ordeu Baru, disambung ku Ordeu Réformasi; urang Sunda tetep tacan (pati) cumarita. Nu sidik mah wewengkonna ogé kalah beuki dijejewét ku kakuatan modal asing. Kitu deui kadaolatan rayatna, dina émprona mah karék tepi ka dimangpaatkeun.

Mun téa mah urang rék ngarumuskeun deui (ré-interprétasi, ré-kréasi, jeung inovasi) jatidiri Sunda kiwari jeung pikeun ka hareupna, saenyana mah lain hiji hal anu sulit. Ngan masalahna, naha éta hasil rumusan téh bakal diparaké atawa diaplikasikeun ku urang Sunda, wabil husus ku anu baroga lolongkrang dina matéahkeun kahirupan balaréa. Matéahkeun di dieu bisa ku ngagunakeun kakawasaan, rajakaya, élmu pangaweruh katut pangaruh, atawa gabunganana. Da sok rajeun (atawa boa remen) kabuktian, dina keur nyekel kakawasaan mah, upamana, langka atawa tara inget ka Sunda (dina harti lega, kaasup jeung jatidirina). Karék hayang “jadi” deui Sunda téh sanggeusna lémor atawa geus téréh dirurub padung.

Pikeun ngarumuskeun konsép jatidiri Sunda kiwari, urang bisa mukaan deui titinggal heubeul minangka bagalna atawa bahanna. Ieu mah ukur sabagian leutik waé anu nyampak dina naskah Sanghiyang Siksa Kandang Karesian, anu disebut pangimbuh ning twah (pangjangkep sangkan hirup miboga pamor). Aya dua welas hal anu kudu jadi cecekelan pikeun ngawangun jatidiri, nyaéta: (1) emét; (2) imeut; (3) rajeun; (4) leukeun; (5) pakapradana; (6) morogol-rogol; (7) purusa ning sa; (8) widagda; (9) gapitan; (10) karawaléya; (11) cangcingan; dan (12) langsitan.

Éta bagal anu dua welas téh, dumasar kana tarjamah naskah dina basa Sunda ayeuna, ku urang bisa disurahan kieu:

Emét hartina saeutik, saemét téh sarua jeung saeutik. Diemét-emét maksudna diapik-apik atawa digunakeun kalawan hémat. Nya ari maksudna mah ulah dihahambur, ulah dimonyah-monyah—bisa tumerap kana kakayaan matéri, kakayaan alam, tanaga, atawa umur (waktu). Cindekna mah ulah konsumtif, atawa hirup kudu basajan.

Imeut hartina taya nu kaliwat, taya nu dituncalan. Cindekna, pagawéan téh dipigawé kalawan tartib, henteu gurunggusuh, sarta saméméh prak aya heula rarancang anu asak, henteu padu kitu waé. Nya ku sabab éta, hasil pagawéan téh jadi optimal, tur moal mikabutuh (lobana) koréksi.

Rajeun dina éta naskah téh dihartikeun rajin. Leuwih jauhna mah kréatif sarta inovatif. Cindekna dina hiji migawé hiji pagawéan téh bari dibarung ku tarékah anyar, henteu mandeg atawa ngajumbleng, atawa mageuhan pola heubeul.

Leukeun hartina tekun, henteu béngbatan, henteu (babari) peunggas sumanget atawa putus harepan, sangkan anu dipigawé téh henteu cacag nangkaeun.

Pakapradana maksudna henteu ngawagu dina waktuna kudu tandang, boga rasa percaya diri anu dirojong ku kamampuh, saluyu jeung kondisi anu keur disanghareupan. Sajaba ti éta, boga rasa tanggung jawab sarta ludeung nyanghareupan résiko tina sakur anu dipilampah.

Morogol-rogol hartina gedé sumangetna sarta sanggup nyanghareupan tangtangan kahirupan, henteu gampang boboléh atawa kuméok méméh dipacok. Kecap morogol-rogol dina basa Sunda heubeul teu sarua jeung murugul anu nyampak dina basa Sunda kiwari anu ngandung harti sikep jalma anu teu nyaho kana wates, hayang meunang sorangan, jeung tara daék diingetan atawa dipépélingan.

Purusa ning sa hartina miboga jiwa kapahlawanan, ludeung nanjeurkeun kaadilan jeung bebeneran. Ku ayana sumanget kapahlawanan téh nuduhkeun kana sikep tulung-tinulungan bari teu miharep balesan, anu ku urang ayeuna sok dirumuskeun jadi ramé ing gawé sepi ing pamrih téa.

Widagda hartina wijaksana, asak tinimbangan, henteu gurungsusuh enggoning nangtukeun putusan, sarta aya kasaimbangan antara rasio jeung émosi.

Gapitan, hartina tohtohan jeung ludeung nyanghareupan rupa-rupa résiko atawa balukar anu timbul enggoning ngawujudkeun kayakinan jeung cita-cita.

Karawaléya hartina béréhan, balabah, henteu korét dina babagi rejeki, sarta surti reujeung ngarti kana kasangsaraan anu tumiba ka nu lian.

Cangcingan hartina gesit, cekatan, tangginas, getapan, henteu kodomoyo, jeung henteu babari ngangluh, atawa leuwih jauhna henteu aral.

Langsitan hartina cingceung sarta tapis dina nyokot lolongkrang. Cindekna mah tara ngantep atawa ngamomorékeun kasempetan pikeun ngahontal kamajuan.

Anu dua welas hal bieu téh bisa diposisikeun jadi prinsip-prinsip dasar étika jeung moralitas pikeun ngawangun jatidiri Sunda. Mun téa mah dipatalikeun jeung kakiwarian, bawirasa masih kénéh merenah tur bisa diterapkeun dina kahirupan urang. Pangimbuh ning twah bieu sipatna universal jeung fungsional dina kontéks jaman ayeuna. Sok sanajan dirumuskeunana ku karuhun Sunda dina jaman pra Islam, tapi asa henteu papalingpang jeung ajaran Islam anu ayeuna umumna jadi ageman urang Sunda. Kitu deui masih kénéh aktual diterapkeun dina kahirupan urang Sunda anu ayeuna geus ngindonésia.

Éta pangimbuh ning twah téh bisa dipaké kakuatan moral. Hanas jolna ti urang-urang anu aya di handap (grass-root), nya keun waé. Da anu penting mah ku urang dinawaétuan-diparancahan- dibuktikeun dina kahirupan. Anu penting mah asal urangna ulah jiga haphap: rarasaan ngeundeuk-ngeundeuk tangkal kalapa, padahal awakna sorangan anu endag-endagan mah.*

      * H. Tatang Sumarsono, kolumnis, esais, carponis jeung novelis, sastrawan jeung budayawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Budaya