Budaya

Diajak Ka Nu Rek Kariaan

0
Kuda renggong, salah sahiji tradisi kariaan nu masih aya di Tatar Sunda, utamana di Kabupaten Sumedang, Jawa Barat. (Foto: SundaNews/Kompasiana/Rifki Abdi Ramadan)

 

Ku: Ummi Annadzriel

SundaNews (2/4/2025). Teu kungsi niténan atawa ngahajakeun mapay natanyakeun naon sababna di ieu lembur nu jauh ka bedug anggang ka pasar téh, lamun pangeusi lembur boga gawé, dipigawéna sok babarengan alias gotong royong téa. Ari anu disebut éta gotong royong nyaéta migawé babarengan bari teu sonder buruh. Dina geprakna éstuning silih sumbang ku tanaga silih tumbu ku panemu silih pairan ku harta sakadugana.

Ku alatan kitu pangabisa pangeusi lembur ogé jadi ampir papak. Taya nu ngawagu dina migawé naon rupa hal ogé prah pada bisa. Ti mimiti élmu tatanén, nyieun bahan piimaheun katut genna nyieun imah. Harianeun ari nu ngan saukur  nyieun barang nyamu mah, awéwé lalaki ketab sacabakna-sacabakna.

Nutus kiray atawa ngawelit dahon pihateupeun, nganyamkeun haray pibobokoeun, piaseupaneun, pitolombongeun, atawa nganyam bilik, salelembur  taya nu bireuk.

Salah sahiji kabiasaan  anu sok babarengan migawéna salian ti ngahuma anu geus kungsi dipedar, nyaéta nyabak laku di nu arék kariaan.

Geura wé, ti sabarang gerenek aya niat hayang kariaan, naon waé kariaanana mah bisa hajat ngagusaran, nyunatan atawa ngawinkeun, geus ménta tulung ka kokolot pikeun pangnangtukeun poé nu hadé, sangkan anu boga niat aya dina huripna, salamet taya halangan-harungan. Siga nu geus jadi katangtuan deuih, ti mimiti nanyakeun waktu nepi ka prakna kariaan téh tara kurang ti genp bulan.

Geus puguh meunang panuduhan waktuna, béja téh tatalépa ti balé ka balé antukna salelembur pada apal. Nya satuluyna mah dikokolotan ku anu geus biasa nguruskeun anu kariaan dimimitian ku nurunkeun paré ti leuit. Paré ceré konéng atawa pélangan jeung paré ketan kawak nu sababaraha usum ditunda di leuit téh diludang, ditutu diajakkeun. Lamun sasarina sakali nutu téh dina undakna gé paling sasangga, harita mah deukeut ka sacaéng kabéhna téh.

Di saung lisung  jadi haneuteun. Nu sasarina ukur aya lisung hiji bari paling loba ogé salisung  téh nu nutuna ku tiluan, ku sabab ieu mah ngajak, jadi di saung téh lisungna gé aya opat atawa limana.

Ari lisung jeung tampir mah digarotong ku kaom bapa ti saung lisung tatangga nu kaitung rada deukeut sedengkeun parabot séjénna mah saperti halu, nyiru, said, pamélahan, dibarawa ku kaom ema jeung parawan ti imahna séwang-séwangan.

Dina prakna nutu antara paré ceré konéng atawa pelangan jeung paré ketan kudu misah tempat nutuna. Enya, pan ari béas ketan mah engkéna téh bahan jang piopakeun jeung piranginangeun anu kudu beresih ulah kacampuran béas paré ceré sangkan opakna mulus teu barial jeung ranginangna teu bantat.

Sabot kaom ibu narutu, kaom bapa ogé teu cicingeun,  samakta nyarorén bedog muru ka kebon awi pikeun ngala bahan pibalandonganeun.

Sabubuhan muru ka kebon awi bokol ngala bahan pitihangeun, nu sawaréh muru kebon awi tali ngala bahan piusukeun jeung pieréngeunana sakalian milihan awi nu tenggar pijalonaneun.

Ganti minggu pindah deui, rombongan bapa-bapa bagéan ngala kiray atawa dahon bahan pihateupeun. Peutingna  hémpak narutus/ngawelit hateup, patumbu jeung ibu-ibu anu nyieun ranginang di pawon.

Lamun hateup geus manjing kana kabutuh kakara awi anu geus ngabugbrug téh diperenahkeun sakumaha mistina.

Awi bokol diteukteukan dimeujeuhnakeun ukuranana saukuran tihang. Piusukeunana dibeulahan diduakeun, pieréngeun dijeun opat pasi. Atuh pon kitu deui anu bahan pijalonaneun diteukteukan kira-kira sadeupaan, dibeulahan dijieun sababaraha hiji saukuran indung leungeun sabada dirautan téh.

Nangtungkeun balandongan nepi ka tamat ngahateupan téh sakapeung mah tara tamat sapoé dua poé kawantu kapan sok nya panjang nya rubak. Acan deui tempat barangasakan mah di pipir imah béda deui misah ti balandongan.

Aya anu has di jero balandongan téh nyaéta anu disebut galar. Sakuriling balandongan lebah tihang sisi dicabolan laju ditumpangan ku awi tilu leunjeur dibeungkeut ditalian.

Engkéna téh sok dipaké dariuk ku barudak nu ngadon lalajo.

Geus nangtung balandongan mah ampir unggal peuting nu kaajak téh maju nyieunan  karinjang jeung tingkem anu bahanna tina awi nu geus dihuaan. Karinjang pikeun ngawadahan pamulang sambung nu eusina sangu satimbel, lolodéh/tumis sapincuk, opak sanga, tumpi, ranginang, cau jeung jawadah sing sarwa hiji. Sedengkeun tingkem mah sok diancakeun jang ngawadahan panyorog ka tua kampung, kokolot lembur, jeung ajengan.

Beuki deukeut ka waktu prakna kariaan beuki kerep nu kaajak. Ibu-ibu ngagoréng ranginang, ngagoréng opak sanga, nyieun tumpi jeung saroja, ngagoréng aron téngténgeun, ari bapa-bapa mah ngagundukeun cau disikatan dituuskeun laju dipeuyeum. Saméméhna nyieun heula lombang jangeun tempat meuyeumna.

Cara meuyeumna, lombang nu geus disadiakeun téh ditundaan heula kalaras laju diduruk anu maksudna sangkan sabudeureun éta kombang téh haneut. Sanggeus kitu, ti handap ditilaman maké daun cau ponggolan ditumbu ku daun wangkal diamparkeun sing rada kandel, kakara cauna diasupkeun disusun. Anu sok rada bandel samodél cau nangka, cau geulis tiis jeung cau raja bulu ditundana dihandap, luhureunana cau ambon jeung cau bodas. Geus kitu mah dituruban deui ku daun wangkal jeung daun cau tepi ka buni. Urugan wé ku taneuh.

Kaajak nu panungtung anu pangdeukeutna kana poéan kariaan mah nyaéta pikeun ibu-ibu kaajak nipung béas bahan pijawadaheun. Ibu-ibu ngabring maranggul halu, di antarana aya ogé nu ngélék nyiru.

Nu mekel halu bagéan nutuan béas pitipungeun ari nu mekel nyiru mah kabagéan nyikcrik nyaéta misahkeun béas nu geus lembut jeung nu badag kénéh. Lamun geus misah nu lembutna diwadahan kana tampir, anu badag ditutuan deui. Kitu jeung kitu wé nepi ka tamat lembut kabéh.

Ari bapa-bapana poéan ibu-ibu nipung téh aya anu nuar tangkal cau alias gedebong alias gebog bahan pitungkueun, aya ogé anu nyiar injeumeun wadah nyieun jawadah nyaéta géréngséng, aya ogé nu manggul suluh  mauran. Palebah suluh mah anu boga niatna ogé geus sayaga babahan ku sorangan ti anggalna kénéh.

Ngeunaan waktuna ngajawadah persiapanana sok tipeuting mula. Soré kénéh hémpak ngareureutan kalaras pibahaneun bungkus jawadah, bari sakalian ngaludang peuyeum cau, maju ka janari bapa-bapa aya nu ngukur kalapa, nu mirun seuneu, aya ogé nu ngadonan pijawadaheun digangsor sangkan cakial hasilna.

Sabada adonan digangsor laju ditagenkeun kana tungku bari dikocékan téh adonan dihancéran maké cipati. Geus kitu mah jongjon wé dikocékan tepi ka asakna.

Geus asak, dijaitan nungtut, ditunda dina nyiru nu ditilaman ku daun cau meunang ngaleumpeuh diulasan ku minyak kelentik. Bagéan ibu-ibu nu marungkusan ku kalaras téa, sanggeus dibuleud-buleud heula dijeun jangél sagedé-gedé muncang.

Isukna tinggal prung. Dina poéanana mah anu kaajak téh geus dihususkeun teu sambarang jalma. Dibabagi tugasna ku nu dikolotkeun. * (Pasisian Pangandaran, November 2023)

        *Ummi Annadztiel, mikaresep sastra, kasenian jeung kabudayaan Sunda, dumuk di Kabupaten Pangandaran, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Budaya