SundaNews (29/12/2024). TKQ At Taqwa RW 12 Kelurahan Antapani Kidul Kecamatan Antapani Kidul, ngadongdon obyek wisata Kampung Batu Malakasari, Banjaran Kabupaten Bandung, Rebo 18 Desember 2024. Kagiatan dina raraga mungkas semester ganjil 2024 nu diiluan ku 95 santri katut kolotna amsing-masing nu dieusi ku acara bagi raport jeung out-bound itu teh, oge dipasieup ku silatuirahim guru-guru jeung para kolot (orang tua) santri. Dina acara ieu para guru ngalaporkeun evaluasi jeung progres capaain belajar-mengajar murid (santri). (Foto: SundaNews/Susy Adianingsih).
Comments